Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Zakharia 13 >> 

1"Lamun geus cunduk waktuna," timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa, "bakal aya cinyusu ngaburial, anu bakal nyucikeun turunan Daud jeung urang Yerusalem tina dosa-dosana, jeung tina nyembahna ka brahala.

2Harita, ngaran brahala-brahala teh ku Kami bakal dipupus ti jero nagri, moal aya nu nginget-nginget deui. Sing saha anu ngaku-ngaku nabi bakal diusir, sarta Kami bakal ngaleungitkeun kahayang jalma kana ngabakti ka brahala.

3Upama aya anu keukeuh ngawejang, indung bapana sorangan bakal ngomong ka manehna, nyebutkeun yen manehna kudu dipaehan, lantaran anu majar ngucapkeun sabda PANGERAN teh saenyana mah bohong. Lamun keukeuh sok ngawejang keneh, ku indung bapana bakal ditubles nepi ka paeh.

4Mun eta waktu geus cunduk, moal aya nabi anu agul-agul majar meunang tetenjoan, moal aya anu nyeta-nyeta nabi atawa make pakean nabi pikeun nipu jalma-jalma.

5Malah carekna teh, ‘Kuring lain nabi. Kuring mah tukang tani, saumur-umur digawe teh di kebon.’

6Upama aya nu nanya, ‘Ari eta tatu-tatu dina dada ku naon?’ bakal ngajawab, ‘Ieu mah raheut waktu keur di imah babaturan.’"

7Kieu timbalan PANGERAN, "He, pedang, geura tandang. Tarajang itu pangangon anu digawe pikeun Kami! Paehan, dombana pabalencarkeun. Kami arek narajang ka umat Kami sorangan!

8Dua per tilu pangeusi nagri bakal paraeh.

9Anu sapertilu deui anu harirup keneh, ku Kami baris diuji, sarta rek diberesihan saperti perak dibesot ku seuneu. Arek diuji cara nguji emas. Geus kitu maranehna bakal sasambat ka Kami, tangtu ku Kami oge didangu. Rek diomongkeun ka maranehna yen maranehna teh umat Kami, sarta maranehna ge bakal ngaraku yen Kami teh Allah maranehna."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Zakharia 13 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel