Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Zakharia 6 >> 

1Aya deui titingalan sejen. Ayeuna anu katingal teh opat kareta perang, datang ti sela-sela dua gunung tambaga.

2Anu kahiji ditarik ku kuda beureum, anu kadua ku kuda hideung,

3anu katilu ku kuda bodas, anu kaopat ku kuda belang.

4"Naon hartosna eta kareta-kareta perang teh, Juragan?" kaula nanyakeun ka eta malaikat.

5Anjeunna ngawaler, "Eta nuduhkeun opat rupa angin, anu asalna ti payuneun PANGERAN, Gustina sakubeng alam."

6Kareta perang anu ditarik ku kuda hideung, majuna ka kaler, ka nagri Babul; anu ditarik ku kuda bodas majuna ka kulon; anu ditarik ku kuda belang majuna ka nagri-nagri di pakidulan.

7Ari kuda nu belang, barang bijil bangun geus teu sabar hayang buru-buru nyemprung ngaronda jagat! Timbalan malaikat teh, "Jig, geura mariksa jagat!" Brul bae nyemprung.

8Geus kitu malaikat teh ngagero ka kaula, lahiranana, "Kuda anu ka kaler, ka nagri Babul, geus ngalelerkeun bebendu PANGERAN."

9PANGERAN ngembankeun ieu sabda ka kaula.

10Dawuhana-Na, "Cokot pangbakti anu disumbangkeun ku Heldai, Tobia, jeung Yedaya, nya eta jelema-jelema anu kakara daratang ti pangbuangan di Babul. Buru-buru bawa ka imah Yosia bin Sepanya.

11Perak jeung emas tea jieun makuta, tuluy terapkeun kana sirah Imam Agung Yosua bin Yosadak.

12Bejakeun ka manehna, kieu kituh timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa: ‘Jelema anu disebut Sirung tea bakal ngarandakah di tempatna, sarta bakal ngadegkeun deui Bait PANGERAN.

13Eta pisan jelemana anu bakal ngadegkeun deui Bait Kami teh, sarta bakal meunang kahormatan saperti raja, sarta bakal nyangking rahayatna. Di gigireun korsi karajaanana aya hiji imam, anu bakal digawe babarengan jeung manehna kalawan mulus rahayu.’

14Ari makuta tea bakal jadi tanda pangeling-eling di Bait Kami, geusan tanda ngahormat ka Heldai, Tobia, Yedaya jeung Yosia."

15Jalma-jalma ti nu jarauh bakal daratang, ngabantuan ngadegkeun deui Bait PANGERAN. Di mana eta geus bukti, bakal kanyahoan yen PANGERAN Nu Maha Kawasa anu ngutus kaula ka aranjeun teh. Eta kabeh pinasti bukti, saupama aranjeun enya-enya narurut kana parentah-parentah PANGERAN, Allah aranjeun.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Zakharia 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel