Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Zefanya 1 >> 

1Ieu pesen Allah ka Nabi Sepanya, putra Raja Hiskia anak Amarya anak Gedalya anak Kusi. Dipaparinkeunana keur jaman Yosia anak Amon jadi raja Yuda.

2PANGERAN ngandika, "Sakeudeung deui Kami rek ngabasmi sagala rupa nu aya di bumi,

3jelema, sato, manuk, lauk. Kami rek numpes anu jarahat. Arek ngabasmi manusa, hamo nyesakeun nu hirup. Kitu pangandika Kami, PANGERAN.

4Kami rek ngahukum urang Yerusalem jeung urang Yuda. Rek ngabasmi sesa adat ibadah ka Baal anu aya keneh di dinya, sangkan ulah aya deui anu inget ka imam-imam brahala anu ngaladenan Baal.

5Kami rek ngabasmi sakur nu sok naraek ka loteng ngadon nyarembah ka panonpoe, ka bulan jeung ka bentang-bentang. Jeung rek ngabasmi jelema-jelema anu ngabakti ka Kami sarta geus ikrar arek satia, tapi osok sumpah nyebut ngaran Dewa Milkom.

6Kami rek ngabasmi jelema-jelema anu naringgalkeun sarta teu aranut deui ka Kami, jeung tara daratang menta tungtunan Kami."

7Poena PANGERAN muka pangadilan tereh datang. Ku sabab eta masing rarepeh di payuneuna-Na. PANGERAN geus sadia meuncitan umat-Na saperti sato kurban, sarta geus ngondang musuh-musuh Yuda sina ngaranjah.

8Timbalan PANGERAN, "Dina poean meuncitan, Kami rek ngahukum para gegeden, anak-anak raja, jeung sakabeh anu make adat bangsa lian.

9Kami rek ngahukum ka nu ngabarakti make tata cara umat brahala, jeung ka nu sok maling jeung maehan, anu ngabeungharkeun dununganana ku barang-barang gedoran."

10"Dina poe eta," timbalan PANGERAN, "maneh bakal ngadenge nu tingjarerit di Gapura Lauk di Yerusalem. Ti pakampungan anyar bakal kadenge ku maneh sora anu sasambat, jeung ti pasir-pasir sora runtuh ngagulugur.

11Maraneh, anu maratuh di kota handap, lamun geus ngadenge eta sora kudu careurik, midangdam, sabab padagang-padagang kabeh geus paraeh!

12Waktu eta Kami arek mawa obor, rek ngagaradah Yerusalem. Kami rek ngahukum jelema-jelema anu ngarasa sugema jeung megah ku dirina, jeung boga pamikir: PANGERAN moal midamel kitu, moal midamel kieu.

13Harta bandana bakal dirampas, imah-imahna bakal diburak-barik. Pamohalan maranehna bakal bisa nyaricingan imah sorangan, atawa ngarinum anggur pelakna sorangan."

14Poe agung PANGERAN geus deukeut, deukeut naker, bakal gancang datang. Poe anu pohara pait getirna, nepikeun ka prajurit anu pangwanianana oge ngagerung pegat harepan.

15Eta poe pinuh ku hawa amarah, poe sangsara, poe tunggara, poe ngalebur, poe ngaruksak, poe poek, poe cilaka, poe mendung, poe kasaput ku mega,

16poe anu saheng ku sora tarompet perang, ku haok perang serdadu-serdadu anu ngagempur kota-kota benteng jeung munara-munara anu laluhur.

17PANGERAN ngadawuh, "Kami rek ngadatangkeun kacilakaan-kacilakaan gede ka umat manusa, nepi ka maranehna ting rarampa kawas nu lolong. Maranehanana geus dosa ka Kami. Ayeuna getihna rek dikocorkeun saperti cai, sarta bangke-bangkena sina baruruk dina taneuh."

18Sanajan barogaeun perak jeung emas ge, dina poean PANGERAN ngumbar bendu mah emas perakna moal bisa nyalametkeun maranehna. Sakuliah jagat baris kahuru ku seuneu wera-Na. Sagala anu kumelip di bumi, umurna ku Mantenna baris dicabut ngadadak.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Zefanya 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel