Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Ibrani 4 >> 

1Widi Allah pikeun manjing ka tempat pangreureuhan Mantenna, saenyana laku keneh tepi ka kiwari. Tinggal urangna anu kudu ati-ati, sangkan ulah aya anu nepi ka tinggaleun cara maranehna.

2Padahal maranehna oge kawas urang ngadarenge uaranana. Tapi tetela, eta uaran anu sakitu pentingna teh, pikeun maranehna mah teu aya berkahna lantaran ngadarenge ge embung percaya.

3Tapi urang, anu percaya saestu-estuna, tangtu widi ka tempat pangreureuhan Mantenna, tempat anu ku Mantenna ditimbalkeun: “Bawaning amarah, Kami nepi ka sumpah: Maranehna hamo asup ka tempat pangreureuhan Kami.” Kitu ditimbalkeunana, sanajan saniskara padamelana-Na geus rengse ti barang dunya dijadikeun.

4Tumali jeung poe anu katujuh, aya timbalan anu kieu: “Dina poe nu katujuh, Allah reureuh tina sagala damel-Na.”

5Parandene, bet aya timbalana-Na, anu ungelna: “Maranehna hamo manjing ka tempat pangreureuhan Kami.” Naha?

6Jadi, tetela aya hiji tempat reureuh, anu bisa kajugjug ku sabagian manusa. Tapi jelema-jelema anu pangheulana ngadarenge uaran anu sakitu pentingna, malah teu barisa nepi ka dinya lantaran arembung nurut.

7Ku sabab eta, sakumaha urang terang, Allah teh nyayagian keneh hiji poe anu disebut “Poe ieu,” anu enggeus mangpirang-pirang alam ku Mantenna ditimbalkeun ku parantaraan Daud, ungelna: “Upama maraneh, poe ieu, ngadenge timbalana-Na, poma ulah mengpet hate.”

8Upama jaman harita Yosua bisa mingpin rayatna ka tempat pangreureuhan Allah tea, Allah teh moal kantos nyayagian poe sejen.

9Jadi, umat Allah teh masih keneh kudu nunggu datangna hiji Sabat (poe kareureuhan) nu sajatina.

10Sabab sing saha anu manjing ka tempat pangreureuhan Allah, baris reureuh tina sagala kawajibanana; sakumaha Allah oge anu geus reureuh tina sagala damel-Na.

11Ku sabab eta, urang kudu ihtiar sing junun malar bisa asup ka eta tempat; ulah nepi ka tikosewad lantaran wangkelang cara anu daroraka tea.

12Pangandika Allah teh, saestu hirup tur kawasa; leuwih seukeut alah batan ti pedang anu dua pangadekna, bisa parat kana puseurna nyawa jeung roh, sanggup tembus kana sungsum reujeung tulang, sanggup maca kalayang taliti sagala angen-angen jeung pipikiran manusa.

13Taya hiji mahluk anu bisa nyingkuran Mantenna, kabeh ge nembrak nonggerak di hadirat-Na. Nya ka Mantenna urang kudu tanggung jawab teh.

14Sing pageuh ngagem iman kapercayaan teh. Sabab urang boga Imam Agung anu geus nyungsi sawarga, nya eta Isa, Putra Allah.

15Imam Agung urang teh kalintang mihawatirna kana kahengkeran urang, da puguh Anjeunna oge geus sami-sami ngarandapan cocoba kawas urang. Bedana teh, Anjeunna mah teu kagungan dosa.

16Ku hal eta, urang teh bisa ngarasa reugreug nya hate nyolondo ka payuneun singgasana Allah anu maha welas asih. Tanwande, urang, ku Mantenna diangken, ditampi kalayan asih sarta dipaparin rahmat dina danget urang butuh.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Ibrani 4):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Ibrani 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel