Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ezra 9 >> 

1Sabada beres hal eta, sim kuring dibejaan ku sawatara kapala urang Israil, yen bangsa urang, kaasup imam-imam jeung kaom Lewi, geus teu marisahkeun maneh deui ti jelema-jelema anu caricing di kota-kota tatangga nya eta urang Amon, urang Moab, urang Mesir, atawa jeung urang Kanaan, urang Het, urang Pares, urang Yebus jeung urang Emor. Malah marigawe kalakuan anu dipigawe ku eta jelema-jelema, kalakuan anu pikagirukeun.

2Urang Yahudi ngararawin awewe-awewe bangsa eta. Ku sabab kitu, umat anu disucikeun ku Allah teh katepaan kotor ku bangsa lian. Komo kapala-kapala jeung pamingpin-pamingpinna mah pangheulana ngalanggar cegahan.

3Sim kuring liwat saking mentegegna nepi ka nyosoeh pakean jeung ngaramesan buuk jeung janggot. Brek andiprek, nalangsa beak karep,

4ngaheruk nepi ka wanci nyanggakeun kurban sore, digimbung ku dulur-dulur anu ngarasa sieun ku timbalan Allah Israil perkara dosana jelema-jelema anu marulang ti pangbuangan.

5Sanggeus wanci kurban sore, sim kuring cengkat ti enggon andiprek, brek sideku bari nadahkeun leungeun duanana, neneda ka PANGERAN Allah panutan, masih keneh make pakean anu tadi disosoeh.

6Paneda sim kuring, "Nun Allah, jisim abdi isin langkung-langkung ka payuneun Gusti, dugi ka henteu werat tanggah, gaduh dosa dugi ka ngurugan sirah, malah nyaruaan luhurna langit.

7Dosa abdi sadaya umat Gusti, ti jaman karuhun dugi ka danget ieu pisan kalintang ageungna. Ku dosa sorangan keneh, abdi sadaya kitu deui raja-raja sareng imam-imam, ragrag kana leungeun raja-raja bangsa lian, ditumpes, diranjah, diboyong jaradi tawanan jadi bangsa anu hina sakumaha anu karandapan ayeuna.

8Nun PANGERAN Allah abdi sadaya, abdi-abdi nembe pisan nampi sih kurnia Gusti, dijait sapalih ti tempat tawanan, dicandak ka ieu tempat anu suci kalayan reugreugna. Asal tina jadi kuli paksa bangsa batur, ayeuna dipaparin alam hirup anu anyar.

9Waktos keur jadi bujang batur, abdi sadaya ku Gusti henteu dikantun. Gusti ngagerakkeun manah raja-raja Persia dugi ka mikawelas ka abdi-abdi, maparin kalaluasaan ngadegkeun deui Bait Gusti anu parantos burak-barik, kalayan pinanggih sareng kasantosaan di dieu, di Yuda sareng Yerusalem.

10Tina perkawis kadorakaan anu ayeuna, kedah kumaha abdi nyanggemkeunana? Abdi-abdi parantos ngarempak deui timbalan-timbalan

11anu ku Gusti ditimbalkeun ku perantaraan nabi-nabi utusan Gusti. Padahal abdi-abdi teh parantos diwawadian, yen tanah anu bade dicicingan teh tempat najis, margi jalmi-jalmi anu caricing di dinya, ti tungtung dugi ka tungtungna deui kalotor kalakuanana, doraka.

12Parantos diwawadian ku nabi-nabi, yen abdi-abdi teu kenging gaduh bojo ka urang nagara ieu. Parantos diwawadian, yen upami hayang gaduh ieu tanah turun-tumurun salalamina, abdi-abdi teu kenging ngabantu atanapi mangusahakeun maranehanana sangkan sarenang hirupna.

13Kadorakaan abdi-abdi parantos kenging hukumanana. Sanaos kitu nun Allah abdi sadaya, abdi-abdi terang yen upami dibanding sareng ageungna dosa sarawuh kadorakaanana mah, sayaktosna hukumanana teh teu sabaraha, tur abdi-abdi diwidian keneh hirup.

14Jadi kedahna mah asa kacida teuing upami abdi-abdi dugi ka ngalalaworakeun kana timbalan-timbalan, tur dugi ka garaduh bojo ka jalma-jalma anu jarahat kitu! Margi upami dugi ka kitu teh tangtos Gusti bendu, tangtos abdi-abdi ku Gusti dibasmi, moal aya anu diwidian hirup.

15Nun GUSTI, Allah Israil, Gusti sakalangkung leres, margi kersa keneh ngahirupan ka abdi sadaya. Ayeuna abdi-abdi nyanggakeun samudaya kadorakaan ka payuneun Gusti, rumaos henteu layak ngadeuheus ka payuneun Gusti."



 <<  Ezra 9 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel