Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kejadian 13 >> 

1Ti Mesir Abram angkatna ngaler ka pakidulan tanah Kanaan, geureuhana jeung sagala kagunganana dicandak, kitu deui Elut.

2Abram kacida beungharna, loba dombana, embena, sapina, kitu deui emas jeung perakna.

3Ti dinya majeng deui, majeng deui, ngajugjug ka Betel. Geus kitu sumping ka hiji tempat antara Betel jeung Ai urut anjeunna bareto ngadegkeun kemah

4jeung altar tea. Seug anjeunna di dinya ngabakti ka PANGERAN.

5Elut oge kagungan domba, embe jeung sapi, sarta kagungan baraya-baraya ku anjeun, jeung badega-badega.

6Ku sabab kitu, ari dipake ku duaan mah tanah pangangonan di dinya teh moal cukup, kawantu ingon-ingon masing-masing sakitu reana.

7Kajadianana, jelema-jelema anu ngurus ingon-ingon Abram jeung ingon-ingon Elut sok garelut bae. (Harita teh tanah masih dicicingan ku bangsa Kanaan jeung bangsa Pares.)

8Saur Abram ka Elut, "Urang teh jeung dulur. Jelema-jelema anu ngurus ingon-ingon hidep jeung anu ngurus ingon-ingon Uwa ulah nepi ka cekcok.

9Leuwih hade urang misah. Pek hidep rek milih tanah nu mana, terus misah ti Uwa. Mun hidep ngenca, Uwa ngatuhu, mun hidep ngatuhu, Uwa ngenca."

10Elut rarat-reret ka sakurilingna, breh katingalieun sakuliah Walungan Yordan ngembat manjang ka Soar, daerah sugih ku cai lir taman Allah atawa lir tanah Mesir. (Harita mah nagara Sadumu jeung Gomora acan diduruk ku PANGERAN.)

11Seug Elut milih eta lebak Walungan Yordan, geus kitu bral ngalih ka beulah wetan, misah ti uwana.

12Abram mah tetep di tanah Kanaan. Ari Elut ngababakan di antara kota-kota di lebak nepi ka deukeut nagara Sadumu,

13anu jelema-jelemana jarahat, doraka ka PANGERAN.

14Sadikantunna ku Elut, PANGERAN ngadawuh ka Abram, "Cik, lieukan ti lebah maneh nangtung ka sakurilingna.

15Eta tanah sakurilingna ku Kami rek dibikeun ka maneh salalawasna, turun-tumurun.

16Turunan maneh ku Kami rek pohara dijembarkeunana, nepi ka lobana moal bisa kaitung, sarua jeung lobana kekebul taneuh moal bisa kabilang.

17Geura sadia, ideran eta tanah teh sakurilingna, sabab ku Kami rek diserenkeun kabeh ka maneh."

18Sanggeus kitu Abram mindahkeun pakemahanana tuluy matuh di deukeut tatangkalan karamat tempat ibadah di Mamre deukeut Hebron, didinya anjeunna ngadegkeun altar haturan PANGERAN.



 <<  Kejadian 13 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel