Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Korintus 16 >> 

1Hal aranjeun rek ngumpulkeun duit sumbangkeuneun ka umat Allah di Yudea, pake cara anu ku sim kuring dipituahkeun ka Jamaah di Galata.

2Unggal poe Minggu aranjeun masing-masing kudu nyengcelengan sakadugana, nurutkeun pangala. Duitna kumpulkeun, supaya ari sim kuring datang duitna geus aya.

3Engke ari sim kuring geus di dieu eta sumbangan kari nganteurkeun ka Yerusalem, anu ngalanteurkeunana rek dibahanan surat.

4Bisi diperlukeun mah sim kuring oge daek ngabarengan indit.

5Pidatangeun sim kuring ka aranjeun teh sanggeusna ti Makedoni, sabab sim kuring arek make jalan ka Makedoni.

6Di aranjeun tangtu ngendek heula sawatara waktu, kawasna salila usum tiris.

7Jadi sim kuring lain ngan sakadar rek nyimpang, tapi hayang rada lila. Mugia Allah marengkeun.

8Tapi nepi ka poe Pentakosta mah rek di Epesus bae heula,

9sabab loba kasempetan pikeun ngajalankeun hal-hal anu parenting, sanajan loba anu bakal ngahalang-halang.

10Lamun Timoteus datang aku sing bener supaya betaheun, sabab manehna oge digawe pikeun Gusti cara sim kuring.

11Ku aranjeun ulah dimomorekeun. Dina waktu rek mulangna deui ka sim kuring ku aranjeun kudu dibantu. Ku sim kuring jeung ku dulur-dulur sejenna keur kacida diarep-arepna.

12Apolos geus sababaraha kali dijujurung manggihan aranjeun bareng jeung nu sejenna, tapi bingbangeun keneh. Ari geus rineh mah tangtu anjeunna ka dieu.

13Didoakeun aranjeun sing waspada jeung tetep percaya.

14Sakur anu dilampahkeun ulah tinggal ti kanyaah.

15Aranjeun tangtu warawuh ka Stepanus sakulawarga, urang Ahaya anu pangheulana jaradi Kristen, sarta geus ngabaktikeun dirina pikeun ngalalayanan umat Allah.

16Sing narurut ka anjeunna. Jelema nu kawas anjeunna, kitu deui anu ngabarantu ka anjeunna, memang pantes lamun diturut.

17Sukur aranjeunna, Stepanus, Portunatus, jeung Akaikus, geus araya di aranjeun. Sim kuring kacida bungahna lantaran asa kawakilan sabot sim kuring can datang.

18Aranjeunna lir panghurip pikeun sim kuring, kitu deui pikeun aranjeun. Jelema-jelema saperti aranjeunna pantes diajenan.

19Aya salam ti jamaah-jamaah di propinsi Asia. Salam ti Akwila jeung Priskila kitu deui ti anggota-anggota jamaah anu nyieun kumpulan di imahna.

20Salam ti sakabeh dulur-dulur sejenna. Sing silih bageakeun, silih pikasono, silih pidulur.

21Panambahna salam anu ditulisna ku sim kuring sorangan: Salam ti sim kuring, Paulus.

22Saha-saha anu teu nyaaheun ka Gusti, mugia sing meunang hukuman ti Allah! Maranata — Gusti, geura sumping!

23Mugi-mugi aranjeun dirahmat ku Gusti Yesus.

24Sakieu surat sim kuring, anu nyaah ka aranjeun ku karana Kristus Yesus. Wassalam, Paulus


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Korintus 16 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel