Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Korintus 5 >> 

1Saenyana sim kuring meunang laporan yen di aranjeun aya anu boga kalakuan kabina-bina aebna, urang kapir oge moal kitu-kitu teuing, jinah jeung indung tere!

2Ari aranjeun malah jadi laluhur hate. Kuduna mah melenguk, prihatin, jeung kaluarkeun jelema kitu teh ti aranjeun.

3(5:3-4) Sanajan raga sim kuring pajauh, ari lelembutan mah aya di aranjeun; jadi ayeuna oge moal beda ti upama jonghok di aranjeun, sim kuring kalawan nyebut jenengan Gusti Yesus rek ngaragragkeun hukuman ka jelema anu nyieun kalakuan sakitu aebna. Lamun aranjeun geus kumpul sarta dibarengan ku lelembutan sim kuring, kalawan kakawasaan Yesus Gusti urang,

4(5:3)

5serenkeun eta jelema ka Iblis, kajeun ragana sina binasa, dapon rohna salamet engke dina Poean Gusti sumping.

6Salah aranjeun garumede teh! Aranjeun tangtu terang hartina papatah, "Ku ragi saeutik saadonan beukah kabeh."

7Piceun ragi dosa anu bulukan teh, supaya aranjeun mulus beresih lir adonan anyar anu bebas ragi. Sabab Pesta Paska urang geus mimiti: Kristus anu diibaratkeun domba Paska geus dikurbankeun.

8Hayu Paska teh urang pestakeun ku roti anu bebas ragi, anu ngalambangkeun kamulusan hirup anu kamanah ku Allah, ulah dipestakeun ku roti anu make ragi bulukan, ragi dosa jeung kadorakaan.

9Dina surat nu ti heula sim kuring geus ngomat-ngomatan ulah campur jeung jelema anu teu boga susila.

10Ieu lain hartina ulah campur jeung umat brahala, atawa jeung jelema hawek, atawa jeung anu tuna susila, atawa jeung bangsat, atawa jeung jelema nu nyarembah arca-arca. Teu meunang campur jeung nu karitu mah sarua jeung ulah cicing di dunya.

11Nu dimaksud teh ulah campur jeung jelema anu ngaku saiman tapi kalakuanana nirca, ingkar tina susila, atawa hawek, atawa nyembah ka arca, atawa tukang mitenah, atawa resep mabok, atawa bangsat. Diuk bareng dahar oge jeung jelema kitu mah ulah!

12(5:12-13) Ngahukum jelema-jelema anu lain umat Kristus lain urusan sim kuring, Allah ku manten anu wenang. Tapi para anggota jamaah, lain kudu ku anggota jamaah deui diuruskeun hukumanana? Kapan ceuk Kitab Suci oge, "Singkirkeun jelema doraka ti maraneh."

13(5:12)


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Korintus 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel