Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Petrus 3 >> 

1Ari aranjeun, istri-istri, kudu ngesto ka salaki. Malakmandar lamun salaki tacan percaya ka Gusti bisa kabawa percaya, ari aranjeun ngesto mah. Teu kudu diajak-ajak deui,

2da geus katarik ku kasujudan aranjeun.

3Tembong geulis teh ulah ngan ku dangdanan lahir bae saperti upamana ku model buuk, ku emas-emasan, ku papakean.

4Lemes budi, titih rintih, lemah lembut, eta kageulisan sajati, anu moal luntur ku umur, tur kageulisan anu eta anu dipandang utama ku Allah teh.

5Istri-istri jaman baheula anu aribadah sumerah ka Allah, ngageulisna teh ku ngesto ka salakina.

6Contona Sarah; anjeunna kacida ngestona ka Ibrahim, ngabasakeunana oge ka carogena teh dunungan. Ayeuna aranjeun jadi putra-putra Sarah, lamun alus hate jeung henteu jejerih.

7Sabalikna deui aranjeun nu jadi salaki, kudu bageur ka pamajikan, kudu daek ngaraskeun, kawantu awewe teh kaom lemah. Ajenan, da pamajikan jeung aranjeun teh samilik reujeung, bakal dipaparin kanugrahaan hirup anu sajati ti Allah. Tah kudu kitu, supaya ari aranjeun neneda ka Allah ulah aya anu matak jadi halangan.

8Cindekna: Aranjeun kabeh sing sapaham saperasaan, silih pikaheman cara jeung dulur, silih hadean, silih elehan.

9Jahat ulah dibales ku jahat, ambek ulah dibales ku ambek, anggur pangmentakeun berkah, da aranjeun oge disaur ku Allah teh supaya mareunang berkah-Na.

10Ceuk Kitab Suci: "Nu hayang senang hirupna jeung hayang lulus jamuga, ulah bijil ucap jahat atawa linyok jeung bohong.

11Nu goreng singkahkeun, nu hade lampahkeun, pirapiheun usahakeun.

12Karana Pangeran ngajaga ka anu hade lampahna, ngamakbul ka panedana. Anu jahat lampahna mah ku Pangeran dilawan."

13Saha anu rek goreng ka aranjeun lamun aranjeun resep kana kahadean?

14Tapi sanajan nepi ka nyandang lara ge ari ku karana nyieun kahadean mah kacida untungna! Teu kudu rempan atawa risi ku itu ku ieu.

15Anggur masing sumujud ka Kristus, Gusti teh pikaajrih! Lamun aya anu menta katerangan perkara nu jadi pangharepan aranjeun, iraha-iraha ge jawab sing bener,

16sing hade basana, sing hade tatana. Lamun aranjeun aya anu mitenah pedah jadi panganut Kristus, tiiskeun hate, cecep perasaan, nepi ka jelema anu mitenah teh malik era ku omonganana sorangan.

17Ari geus kersaning Allah mah yen kudu lara ku karana migawe hade, mending keneh kitu ti batan lara ku karana migawe kajahatan mah.

18Kristus oge nepi ka pupus teh lantaran dosa manusa kabeh. Anjeunna nu tanpa dosa nalangan nu daroraka, malar iasa ngadeuheuskeun manusa ka Allah. Anjeunna mungguhing badaniah ditelasan, tapi dihirupkeun deui dina kaayaan roh. Anjeunna nu tanpa dosa teh, cukup ngan ku sakali bae pikeun salalawasna, nalangan pati nu daroraka.

19Dina kaayaan roh, Anjeunna angkat ngawartaan ka sukma-sukma anu keur dikungkung,

20nya eta sukmana jelema-jelema jaman Enoh anu henteu narurut ka Allah, anu ku Mantenna dibere tempo salila Enoh ngadamel kapal tea. Anu arasup ka kapal nepi ka saralamet tina caah sadunya ngan saeutik, ngan dalapan urang.

21Eta caah teh jadi perlambangna baptisan, anu ngalantarankeun aranjeun ayeuna salamet. Baptisan lain pikeun miceun daki meresihan awak, tapi mangrupa jangji, ikrar budi rasa urang nu hade ka Allah. Eta teh nyalametkeun aranjeun ku gugahna Yesus Kristus ti nu maraot,

22terus munggah ka sawarga, linggih di tengeneun Allah, kawasa ka sakabeh malaikat, kitu deui ka sakabeh roh anu murba jeung kawasa.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Petrus 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel