Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Raja-raja 11 >> 

1Suleman kagungan kakasih loba pisan, wanita-wanita bangsa sejen. Kajaba ti prameswarina putra raja Mesir tea, garwana teh loba deui, urang Het, urang Moab, urang Amon, urang Edom, jeung urang Sidon.

2Padahal geus aya timbalan PANGERAN, urang Israil teu meunang ngawin awewe bangsa-bangsa eta, bisi kabawa muja ka allah-allahna. Tapi Suleman teu burung migarwa wanita-wanita bangsa sejen.

3Garwa Suleman aya tujuh ratus, putra-putra raja, jaba parekan tilu ratus, ngalantarankeun anjeunna jadi mungkir ti Allah.

4Dina waktu kasepuhnakeun anjeunna kabilukkeun ku garwa-garwana, nyembah ngabakti ka allah-allah bangsa lian. Jadi anjeunna mah ka PANGERAN Allahna teh henteu satia cara Daud ramana.

5Anjeunna mupuja Dewi Astoret batari urang Sidon, jeung ka Molek batara urang Amon anu pikagirukeun.

6Jadi anjeunna midamel dosa, henteu sujud tumutur ka PANGERAN kawas Daud ramana.

7Di hiji gunung wetaneun Yerusalem anjeunna ngadamel tempat babakti ka Kamos batara urang Moab, dewa anu matak giruk, jeung tempat ngabakti ka Dewa Molek anu matak sebel tea.

8Garwa-garwana, urang asing tea, kabeh oge dipangdamelkeun tempat babakti paranti ngukus jeung ngurban ka batarana masing-masing.

9(11:9-10) Sangkilang PANGERAN Allah Israil geus dua kali nembongan ka anjeunna, jeung nimbalan ulah ngabakti ka allah-allah bangsa lian, Suleman henteu ngestokeun, tonggoy mungkir ti Mantenna. Mana PANGERAN bendu,

10(11:9)

11timbalana-Na, "Maneh ngahajakeun ingkar tina jangji ka Kami, ngalanggar parentah. Mana ieu karajaan ku Kami rek dicandak, rek dibikeun ka salah sahiji abdi maneh.

12Tapi sapanjang maneh hirup keneh mah moal waka, sabab Kami inget ka bapa maneh. Dicokotna engke ti anak maneh.

13Jeung moal dicokot kabeh, ditinggalkeun sakaom, demi Daud bapa maneh abdi Kami, jeung demi Yerusalem, kota milik kagungan Kami."

14Aya hiji wargi raja Edom, jenenganana Hadad, ku PANGERAN disina ngalawan ka Suleman.

15(11:15-16) Lila samemeh eta, sanggeus Daud nalukkeun Edom, panglima perang anjeunna, nya eta Yoab, indit ka Edom rek nguburkeun jalma-jalmana anu tiwas. Geus kitu Yoab sabaladna tuluy matuh heula di dinya meunang genep bulan, sarta salila eta waktu, maranehna maehan sakur lalaki urang Edom.

16(11:15)

17Tapi aya saurang anu luput teu katumpes, nya eta Hadad, kabur ka Mesir jeung sababaraha urang gandek ramana, urang Edom. (Hadad harita mah murangkalih keneh.)

18Kaburna ti Midian terus ka Paran. Di Paran mendak batur sababaraha urang, tuluy bareng ka Mesir, ngadeuheus ka raja Mesir. Hadad ku raja Mesir dipaparin lahan sababaraha luwuk jeung imah, dahareunana dicukup.

19Hadad bisa narik manah raja Mesir nepi ka dipisobat. Ku raja Mesir ditikahkeun ka saderek Tahpanes, prameswarina.

20Istrina ngowokeun putra pameget, ngaranna Genubat, anu dirorokna ku prameswari di karaton, bareng jeung putra-putra raja nu pameget.

21Barang Hadad ngarungu warta yen Daud geus pupus kitu deui Panglima Yoab, Hadad unjukan ka raja Mesir, "Jisim abdi neda widi seja mulang ka lemah cai."

22Pilahir raja, "Naha? Kurang naon awak di dieu? Meureun aya kakurang mana hayang mulang teh, nya?" "Cekap pisan sumuhun! Mung parantos sono ka lembur." Ti dinya Hadad mulang ka lemah caina, tuluy jadi raja Edom sarta jadi musuh Israil anu kacida jahatna jeung ngagalaksakna.

23Saurang deui anu ku PANGERAN disina ngamusuh ka Suleman, nya eta Reson bin Elyada, anu bareto kabur ti Raja Hadad Eser gustina, Raja Soba,

24terus jadi kapala rampog. (Kajadianana sanggeus Daud ngelehkeun Hadad Eser jeung maehan jalma-jalma urang Siria babaturan eta raja). Reson jeung jalma-jalmana ngaradon matuh di Damsik, sarta ku jalma-jalmana Reson dijadikeun Raja Siria.

25Sapanjang pamarentahan Suleman, Reson ngamusuhan terus.

26Musuh Suleman anu saurang deui mah salah saurang abdina keneh, nya eta Yarobam bin Nebat urang Sereda wewengkon Epraim, anak randa ngaran Serua.

27Kieu asalna: Basa Suleman minuhan kota Yerusalem beulah wetan tea jeung ngomean kuta, Yarobam oge digawekeun.

28Harita Yarobam teh nonoman keneh, kana gawe bisa jeung wekel. Sanggeus kauninga kawekelanana, ku Suleman diangkat sina ngapalaan anu digarawe di wewengkon kaom Menase jeung Epraim.

29Dina hiji poe waktu eukeur jalan-jalan ka luareun Yerusalem, di tengah jalan Yarobam amprok paduduaan jeung Nabi Abia ti Silo.

30Nabi teh ujug-ujug muka jubahna anu weuteuh keneh pisan tuluy disosoeh jadi dua belas sosoehan.

31Geus kitu ngalahir ka Yarobam, saurna, "Candak ieu sosoehan sapuluh lambar. Kieu timbalan PANGERAN Allah Israil ka hidep, ‘Ieu karajaan ku Kami rek dicokot sapuluh kaom ti Suleman, rek dibikeun ka maneh.

32Suleman ngan rek dibere sakaom bae, eta oge bawaning Kami inget ka abdi Kami Daud, jeung ngingetkeun Yerusalem, kota milik kagungan Kami ti sakuliah tanah Israil.

33Kami rek midamel kieu teh lantaran Suleman geus mungkir ti Kami, ngabakti ka allah-allah sejen, ka Astoret batari urang Sidon, ka Kamos batara urang Moab, jeung ka Molek batara urang Amon. Suleman geus henteu nurut ka Kami, nyieun kasalahan, teu pengkuh kana papakon jeung timbalan Kami, teu cara Daud bapana.

34Tapi Kami nyokot eta karajaan ti Suleman teh sagemblengna, sarta manehna ku Kami baris tetep disina kawasa sapanjang hirupna. Kami nyieun kitu teh demi Daud abdi Kami anu kapilih, anu sakitu nurutna kana hukum-hukum jeung parentah-parentah Kami.

35Dicokotna engke ti anakna, sapuluh kaom keur maneh.

36Anak Suleman tetep ku Kami dibagianan, sakaom. Sabab Yerusalem mah kudu dicekel terus ku salah sahiji turunan abdi Kami Daud, lantaran eta kota ku Kami geus ditetepkeun jadi tempat paranti ngabakti ka Kami.

37Maneh, Yarobam, ku Kami rek dijadikeun raja nyangking sakuliah wewengkon Israil, kahayang maneh.

38Upama maneh enya-enya nurut ka Kami, nurut kana hukum-hukum Kami, ngalampahkeun timbalan Kami cara abdi Kami Daud, tangtu ku Kami kaanggo sarta bakal disarengan sapapanjangna, bisa terus nyangking karajaan Israil turun-tumurun, sakumaha anu ku Kami geus dipidamel ka Daud.

39Ku sabab Suleman geus nyieun dosa, turunan Daud ku Kami bakal dihukum. Tapi papadaning kitu ge dihukumna moal sapapanjangna.’"

40Sanggeus kitu Suleman milari jalan rek maehan Yarobam, nepi ka Yarobam kabur ka Mesir ka Raja Sisak, mukim di Mesir nepi ka Suleman pupus.

41Sagala rupa padamelan Suleman, lalakon katut kapinteranana, aya dina kitab Babad Suleman.

42Ari ngarajaanana di sakuliah Israil opat puluh taun.

43Tuluy pupus, dikurebkeunana di Kota Daud. Karajaanana diteruskeun ku Rehabam putrana.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Raja-raja 11 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel