Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Raja-raja 13 >> 

1Aya hiji nabi ti Yuda, kenging timbalan PANGERAN kudu angkat ka Betel. Gancangna geus sumping, waktu Raja Yarobam keur ngadeg deukeut altar seja ngurban.

2Pok nabi teh ngalahir ka eta altar, ngedalkeun timbalan PANGERAN, "Altar! Altar! Dengekeun ieu timbalan PANGERAN: Engke bakal aya budak medal ti bangsa Daud, ngaranna Yosia. Maneh ku eta bakal dijieun tempat meuncitan imam-imam anu ngalalayanan altar-altar brahala, tukang-tukang natakeun kurban luhureun maneh. Maneh ku eta bakal dipake tempat ngaduruk tulang-tulang jelema!"

3Sasauranana terus, "Kanyahokeun! Ieu altar bakal bencar, lebuna awur-awuran. Lamun geus kitu bakal tetela ka maraneh yen ieu omongan kami sategesna timbalan PANGERAN!"

4Raja Yarobam ngahaok bari nunjuk ka eta nabi, timbalanana, "Tangkep ieu manusa!" Tapi dak dumadak panangan raja jadi jeger teu bisa balik deui.

5Sarta harita keneh altar teh ujug-ujug bencar, lebuna awur-awuran. Kasauran eta nabi kalawan timbalan PANGERAN tinekanan.

6Raja Yarobam ngalahir ka eta nabi, "Kaula pangnedakeun ka PANGERAN Allah andika, mugi ieu leungeun kaula ku anjeunna dicageurkeun deui!" Seug nabi teh neneda ka PANGERAN. Geus kitu panangan raja pulih deui sabiasa.

7Raja sasauran ka nabi, "Linggih heula ka kaula urang tuang. Kaula rek mulang tarima."

8Nabi ngawaler, "Najan dipaparin saparo kabeungharan Sang Raja, paliyas kaula dahar atanapi nginum sareng Sang Raja.

9Margi timbalan PANGERAN, kaula teu meunang barang teda, ulah nginum-nginum acan. Wangsul oge teu kenging ka jalan urut tadi."

10Ti dinya nabi tuluy mulih nganggo jalan sejen, henteu nyorang urut tadi.

11Harita di Betel aya hiji nabi sepuh. Ku putra-putrana diwartosan yen poe eta aya nabi ti Yuda, geus kitu-kitu sarta kitu-kitu pilahirna ka Raja Yarobam.

12"Ka jalan mana mulihna?" saur nabi sepuh.

13Sanggeus dituduhkeun, nabi sepuh mundut dipangnyelaankeun kalde, bral angkat,

14terus mudun nyusul nabi anu ti Yuda tea. Gancangna kasusul, keur ngaso handapeun tangkal kiara. Nabi sepuh mariksa, "Punten, leres kitu Ajengan teh nabi ti Yuda?" "Leres" waler anu dipariksa.

15"Sindang heula ka rorompok, urang tuang," saur nabi sepuh.

16Waler nabi ti Yuda, "Hatur nuhun kana pangangken dugi ka ngangkir dahar leueut. Mung hapunten teu tiasa ngiringan.

17Margi timbalan PANGERAN sim kuring teu kenging barang teda, teu kenging nginum-nginum acan. Wangsul oge teu kenging ka jalan urut tadi."

18"Bapa oge nabi sapertos Ajengan," saur nabi sepuh bari terus ngabohong, saurna, "Aya malaikat piwarangan PANGERAN ngalahir ka Bapa, miwarang nyindangkeun sareng ngangken ka Ajengan."

19Tungtungna nabi ti Yuda teh ngiring ka nabi sepuh, tuluy dituangkeun.

20Sabot ngariung keneh meja, aya timbalan PANGERAN ka nabi sepuh.

21Ngong nabi sepuh teh ngalahir tarik, "Timbalan PANGERAN, ‘Maneh henteu ngesto ka Kami, ngalanggar timbalan Kami.

22Maneh balik deui jeung dahar di tempat anu ku Kami dilarang. Ku sabab kitu maneh kudu paeh. Sarta mayit maneh moal dikuburkeun di makam kulawarga sorangan.’"

23Beres taruang nabi ti Yuda ku nabi sepuh dipangrarangkenankeun kalde,

24ti dinya bral angkat neruskeun perjalanan. Tapi tiwas, di tengah jalan pupus dirontok singa. Layonna ngajoprak di tengah jalan, ari kaldena kitu deui singana caricing bae di dinya ngabanding gigireunana.

25Katenjo ku anu ngaraliwat eta layon keur dibanding ku kalde jeung singa, tuluy dibejakeun ka urang Betel.

26Barang nabi sepuh ngadangu warta seug sasauran, "Moal salah tangtu eta teh nabi anu ngalanggar timbalan PANGERAN tea! Ku PANGERAN disina tiwas ku singa. Timbalan PANGERAN tinekanan."

27Geus kitu anjeunna ngalahir ka putra-putrana, "Ama pangrarangkenankeun kalde!" Sanggeus tarapti,

28bral angkat. Gancangna layon teh kapendak keur ngajolopong di tengah jalan dibanding ku kalde jeung singa. Eta singa henteu ngaganggu kana eta layon kitu deui kana kaldena.

29Layon ku anjeunna diangkat kana tonggong kalde, dicandak ka Betel pikeun ditangisan jeung dimakamkeun.

30Ku nabi sepuh tuluy dikurebkeun di makam kulawargina bari ditangisan, "Duh Ki Sanak, Ki Sanak!"

31Beres ngurebkeun, nabi sepuh wewekas ka pala putra, saurna, "Lamun Ama geus maot, kuburkeun di ieu makam, rendengkeun jeung anjeunna.

32Sagala kasauran anjeunna anu kedal ku timbalan PANGERAN perkara altar di Betel, kitu deui perkara tempat-tempat pangibadahan di kota-kota wewengkon Samaria tinangtu bakal tinekanan."

33Ari lampah Yarobam raja Israil jongjon teu aya saena. Malah anjeunna ngangkat imam-imam ti kaom-kaom anu ilahar, sina manghuluan di altar-altar kengingna ngadegkeun. Saha bae anu hayang jadi imam ku anjeunna terus diangkat.

34Dosa anjeunna kitu baris malindes ka salirana, matak tumpur bebeakan ka turunanana.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Raja-raja 13 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel