Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Samuel 15 >> 

1Hiji mangsa Samuel ngalahir ka Saul, "Bapa bareto ku PANGERAN dipiwarang ngangkat hidep jadi raja nyangking umat-Na, bangsa Israil. Ayeuna dangukeun ieu timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa.

2Mantenna seja merangan bangsa Amalek. Karuhun eta bangsa bareto megatan urang Israil basa nembe budal ti Mesir.

3Ayeuna tumpes eta urang Amalek teh, harta bandana tumpurkeun ulah aya anu kari. Jelemana, lalaki, awewe, barudak, orok, sapina, dombana, ontana, kaldena, paehan sadayana."

4Saul mepek balad, tuluy diloris di Telem. Ti Israil aya 200.000 perjurit, ti Yuda aya 10.000 perjurit.

5Bral Saul sabaladna angkat ngabujeng ka kota Amalek, megat ngabongohan di hiji walungan saat.

6Ti lebah dinya anjeunna ngintun heula warta ka urang Keni, hiji bangsa anu karuhunna baheula nyieun kahadean ka urang Israil basa kakara budal ti Mesir. Saurna, "Maraneh kudu nyalingkir ti Amalek, supaya henteu milu kabasmi." Seug urang Keni nyalingkir.

7Urang Amalek ku Saul beunang dielehkeun, digempur sapanjang jalan ti Hawila nepi ka Sur wetaneun Mesir.

8Raja Agag ti Amalek ditangkep hirup-hirup. Rahayatna kabeh ditumpurkeun,

9ari rajana mah dihirupan. Ingon-ingon anu aralus, domba, anakna, sapi, anakna, jeung barang-barang anu aralus henteu ditumpes. Anu dibeakkeun teh anu bangsa kokodenna, anu taya pihargaeunana.

10PANGERAN nimbalan ka Samuel,

11"Hanjakal Saul dijieun raja. Henteu nurut, geus ngalanggar timbalan Kami." Samuel ngentab manahna ka Saul, sarta sapeupeuting anjeunna sasambat ka PANGERAN.

12Isukna isuk-isuk keneh bral angkat seja ka Saul. Aya anu nguningaan yen Saul geus angkat ka kota Karmel ngadegkeun tugu keur salirana, ti Karmel kebat ka Gilgal.

13Ku Samuel dibujeng ka ditu. Saul mapagkeun, sarta saurna, "Mugi Bapa mendak berkah ti PANGERAN. Sagala timbalan PANGERAN ku putra parantos dilampahkeun."

14Saur Samuel, "Ari eta naon atuh anu beberelean sareng emoh-emohan?"

15Waler Saul, "Euh leres, sapi sareng domba kenging balad ngabantun ti urang Amalek. Sararae pisan, bade dikurbankeun ka PANGERAN, Allah panutan Bapa. Anu sanes-sanesna sadayana ge dipaehan."

16Saur Samuel, "Ke heula! Bapa arek mopoyankeun timbalan PANGERAN anu katarima ku Bapa tadi peuting." "Mangga saurkeun," waler Saul.

17Saur Samuel, "Hidep teh disanes-sanes oge pamingpin sadaya kaom Israil, ku PANGERAN parantos diangkat jadi raja Israil.

18Timbalana-Na hidep kedah ngabasmi bangsa Amalek, bangsa anu doraka, kedah ditumpes sama sakali.

19Ku naon teu ditumutkeun? Ku naon dijarah, sanes diparaehan? Eta lampah hidep teh ngajaheutan manah PANGERAN."

20Saur Saul, "Timbalan PANGERAN ku putra parantos ditumutkeun. Dipiwarang mios, mios. Raja Agag dibantun ka dieu, anu sanes-sanesna sadayana dipaehan.

21Domba sareng sapi anu sarae ku balad-balad henteu dibasmi, dibantun ka dieu bade dikurbankeun ka PANGERAN, Allah panutan Bapa."

22Waler Samuel, "Na PANGERAN teh langkung gegel kana kurban sareng sasajen ti batan kana kagumatian? Tumut kana timbalana-Na langkung utami ti batan ngahaturkeun domba anu sae.

23Baha ka Mantenna sami sareng nyieun sihir. Ngalawan ka Mantenna sami awonna sareng nyembah ka brahala. Ku sabab hidep baha kana timbalana-Na, hidep ku Mantenna digulingkeun tina jadi raja."

24Saur Saul, "Putra rumaos dosa, parantos ngarempak timbalan PANGERAN sareng mungpang kana parentah Bapa. Putra teh sieun ku balad, nu mawi kalakuan maranehna ku putra dikajeunkeun.

25Mugi kalepatan putra dihapunten, lajeng urang sareng ka Gilgal, putra di ditu sumeja ngabakti ka PANGERAN."

26Samuel ngawaler, "Hamo, Bapa hamo bareng. Hidep parantos ngalanggar timbalan PANGERAN. Ku Mantenna parantos dipiceun, digulingkeun tina jadi raja Israil."

27Geus kitu Samuel mungkur rek terus jengkar. Ku Saul dipuntangan jubahna datang ka soeh.

28Samuel ngalahir, "Poe ieu karajaan Israil ku PANGERAN parantos disoehkeun ti hidep, diserenkeun ka hiji jelema anu langkung utama ti batan hidep.

29Anu mulya Allah Israil tara sumingkir, tara barobah. Sabab Mantenna lain manusa, tara gumingsir."

30Waler Saul, "Abdi rumaos dosa. Mung nyuhunkeun piwelas Bapa, ulah dugi ka abdi ilang kahormatan dina pandangan para pamingpin rahayat sareng bangsa Israil. Mugi abdi dicandak sareng ka Gilgal, sumeja ngabakti ka PANGERAN Allah panutan Bapa."

31Pamundutna ku Samuel dikabul. Saul dicandak bareng ka Gilgal, sarta di ditu Saul ngabakti ka PANGERAN.

32Ti dinya Samuel marentah, saurna, "Raja Agag bawa ka dieu!" Agag datang ka Samuel bari ngadegdeg sieun, ceuk pamikirna, "Tada teuing nyerina aing paeh!"

33Samuel ngalahir, "Pedang maneh geus ngalantarankeun para indung kaleungitan anak. Ayeuna indung maneh anu bakal kaleungitan anak." Agag ku anjeunna dipaehan deukeut altar, awakna tuluy dicacag.

34Geus kitu Samuel mulih ka Ramah, ari Raja Saul mulih ka bumina di Gibea.

35Ti harita nepi ka pupusna Samuel henteu tepang-tepang deui jeung raja, manahna teu petot nalangsa ku lampah Saul. PANGERAN oge ngaraos kaduhung parantos ngangkat Saul jadi raja Israil.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Samuel 15 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel