Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Samuel 29 >> 

1Urang Pelisti mawa baladna ka Apek. Urang Israil kumpulna di deukeut hiji cinyusu di Lebak Yisrel.

2Raja-raja Pelisti anu lima, baris jeung pasukanana masing-masing, unggal pasukan prajuritna aya anu saratus, aya anu sarebu. Ari Daud sabaladna barisna pangtukangna jeung Raja Akis.

3Ku para panglima urang Pelisti katarenjoeun, tuluy maranehna naranyakeun ka Akis, "Eta urang Ibrani rek naraon araya di urang?" Saur Akis, "Ieu teh Daud, urut gegeden Raja Saul ti Israil. Geus lila aya di kaula. Ti barang datang nepi ka ayeuna, ku kaula tacan kapanggih aya codekana."

4Tapi para panglima teh arambekeun ka Akis, pokna, "Sina baralik deui bae ka ditu, ka tempat paparin ti sampean, tong dibawa perang. Bisi sabot urang tarung seug malikan. Jalan naon deui geura anu pangalusna sangkan kaaku deui ku rajana, salian ti ngabasmi balad urang?

5Jeung deui kapan eta teh Daud anu diparuji ku awewe-awewe, dipapag ku igel jeung kawih anu pokpokanana, ‘Saul maehan mangrebu-rebu, Daud maehan manglaksa-laksa.’"

6Ngalahir Akis ka Daud, "Demi PANGERAN anu jumeneng, kaula sumpah yen kaula yakin saderek henteu bengkok sembah. Ti barang sumping ka kaula, saderek tacan kapendak codeka. Kaula bungah saderek kersa mantuan perang. Nanging raja-raja sanes henteu panujueun.

7Mana langkung sae mulih deui bae masing raos-raos, sangkan henteu ngabarubahkeun ka aranjeunna."

8Waler Daud, "Naon kalepatan sim kuring? Upami leres sakumaha pilahir Sang Raja yen sim kuring ti saprak kumureb teu acan kapendak codeka, ku naon teu kenging ngiring merangan ka musuh Sang Raja, Gusti sim kuring?"

9Saur Akis, "Kaula panuju. Saderek teh estu satia lir malaikat Allah bae. Mung raja-raja anu sanesna henteu panujueun saderek ngiring perang.

10Saderek katut sakumna anu naringgalkeun Saul sarta darongkap ka kaula, enjing barang bray isuk kedah parantos arangkat ti dieu, marulih."

11Poe isukna Daud sabaladna mulih ka Pelisti, ari urang Pelisti kebat muru ka Yisrel.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Samuel 29 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel