Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Tawarikh 15 >> 

1Keur anggoeunana Daud ngadamel gedong-gedong di Kota Daud. Tempat keur Peti Perjangjian Allah oge ngadamel, katut jeung kemahna.

2Sanggeus kitu saurna, "Peti Perjangjian teh digotongna ngan kudu ku urang Lewi, sabab ngan maranehna anu ku PANGERAN geus dipilih purah ngagotongna jeung purah ngalalayananana teh, sapapanjangna."

3Seug Daud marentah ngumpulkeun sakumna bangsa Israil ka Yerusalem, rek mindahkeun Peti Perjangjian ka tempat anu geus disadiakeun ku anjeunna.

4Jalma-jalma turunan Harun jeung urang Lewi ku anjeunna diondang.

5Urang Lewi anu datang ti golongan Kahat 120 urang, pamingpinna Uriel;

6ti golongan Merari 220 urang, pamingpinna Asaya;

7ti golongan Gerson 130 urang, pamingpinna Yoel;

8ti golongan Elisapan 200 urang, pamingpinna Semaya;

9ti golongan Hebron 80 urang, pamingpinna Eliel;

10ti golongan Usiel 112 urang, pamingpinna Aminadab.

11Daud nyaur Imam Sadok, Imam Abyatar, jeung pamingpin urang Lewi anu genepan tadi, nya eta Uriel, Asaya, Yoél, Semaya, Eliel, jeung Aminadab,

12saurna ka maranehna, "Sarampean pamingpin golongan-golongan Lewi geura susuci jeung sakumna urang Lewi, pikeun mawa Peti Perjangjian GUSTI Allah Israil ka dieu, ka tempat beunang kaula nyadiakeun.

13Bareto eta Peti digarotongna lain ku sarampean, nepi ka urang dihukum ku Gusti PANGERAN, lantaran ngabakti ka Mantenna teh henteu make tatakrama samistina."

14Prak eta imam-imam jeung urang Lewi susuci, supaya meunang mindahkeun Peti Perjangjian GUSTI Allah Israil.

15Sanggeus kitu Peti teh digotong ku urang Lewi make rancatan, prakprakanana sakumaha katangtuan ti PANGERAN anu diandikakeun ka Musa tea.

16Para pamingpin urang Lewi ku Daud dipiwarang ngumpulkeun biduan-biduan urang Lewi, pikeun ngawihkeun lagu-lagu gumbira jeung pikeun narabeuh kacapi jeung kecrek.

17(15:17-21) Seug jalma-jalmana ku maranehna dipilih ti warga-warga anu baroga biduan, pikeun narabeuh kecrek tambaga. Nu kapilih: Heman bin Yoel jeung dulurna, Asap bin Berekya, jeung Etan bin Kusaya ti kaom Merari, dibantu ku urang Lewi sejenna anu kudu narabeuh kacapi sora luhur nya eta: Jakaria, Yaasiel, Semiramot, Yehiel, Uni, Eliab, Maaseya jeung Benaya. Pikeun narabeuh kacapi sora gede, urang Lewi anu kapilih: Matica, Elipelehu, Mikneya, Asasia, jeung duaan deui: Obed Edom jeung Yehiel tukang ngajaraga Bait Allah.

18(15:17)

19(15:17)

20(15:17)

21(15:17)

22Kenanya ahli lalaguan, diangkat kudu mingpin tukang nabeuh.

23(15:23-24) Berekya, Elkana, Obed Edom jeung Yehia dipilih kudu ngajaraga Peti Perjangjian. Imam-imam Sebanya, Yosapat jeung Elieser kapilih kudu nariup tarompet heulaeun Peti Perjangjian.

24(15:23)

25Bral Daud angkat ka imah Obed Edom diiring ku para pamingpin jeung para panglima, arek nyandak Peti Perjangjian. Kabeh kacida galumbirana.

26Sangkan pasti aya pitulung PANGERAN ka urang Lewi anu kudu ngagotong Peti tea, maranehna ngurbankeun tujuh sapi jalu jeung tujuh domba.

27Daud, tukang-tukang nabeuh jeung Kenanya pamingpinna sarta urang Lewi anu ngagotong Peti Perjangjian, kabeh dijarubah lenen lemes. Daud mah nganggo epod ongkoh.

28Peti Perjangjian digotong ka Yerusalem, diiring ku sakumna bangsa Israil dipirig ku surak ayeuh-ayeuhan pabaur jeung sora tatabeuhan, tarompet, tarompet tanduk, kecrek jeung kacapi anu ngalagu.

29Barang gotongan Peti geus aya di dayeuh, Mikal binti Saul nempo tina jandela, ret ningali Raja Daud keur rerengkenekan jeung ajrug-ajrugan nembongkeun kagumbiraan, rey bae jadi asa cua ka anjeunna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Tawarikh 15 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel