Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Tawarikh 23 >> 

1Daud geus kacida sepuhna. Seug anjeunna ngajenengkeun Suleman, putrana, jadi raja Israil.

2Sanggeus kitu Raja Daud ngumpulkeun para pamingpin Israil, para imam jeung sakabeh urang Lewi.

3Urang Lewi ku anjeunna diitung lalakina ti semet umur tilu puluh taun ka luhur, kabehna aya tilu puluh dalapan rebu jelema.

4Dua puluh opat rebu urang ku raja dijieun purah nyabak pagawean di Bait Allah, genep rebu urang dijieun purah nyatet jeung mutus sual pacengkadan,

5opat rebu urang purah jaga, jeung opat rebu urang deui purah nyanggakeun lagu pupujian ka PANGERAN make tatabeuhan parantina, beunang nyadiakeun raja pikeun kaperluan kitu.

6Nurutkeun golonganana masing-masing, urang Lewi ku Daud dibagi tilu: Golongan Gerson, golongan Kahat jeung golongan Merari.

7Gerson putrana dua: Ladan jeung Simei.

8Ladan putrana tilu: Yehiel, Setam jeung Yoél,

9tiluanana jaradi kapala golongan turunan Ladan. (Simei putrana tilu: Selomot, Hasiel jeung Haran.)

10(23:10-11) Simei putrana opat: Yahat cikalna, nu kadua Sina, nu katilu Yehus, nu kaopat Beria. Turunan Yehus jeung Beria dijadikeun hiji golongan lantaran teu sakumaha lobana.

11(23:10)

12Kahat putrana opat: Amram, Yishar, Hebron jeung Usiel.

13Putra cikalna, nya eta Amram, eta teh ramana Harun jeung Musa. (Harun jeung saturunanana kalungguhanana dibedakeun, dibakukeun salawasna purah ngurus parabot-parabot suci, purah ngukus ngabakti ka PANGERAN, purah ngawulaan Mantenna jeung purah ngaberkahan jalma rea nyebut pajenengan PANGERAN.

14Tapi putra-putra Musa piwarangan Allah, eta mah digolongkeun ka urang Lewi.)

15Musa putrana dua: Gersom jeung Elieser.

16Putra-putra Gersom kapalana Sebuel.

17Ari Elieser putrana ngan hiji nya eta Rehabya. Turunan Rehabya loba.

18Putra Kahat nu kadua, Yishar, putrana hiji nya eta Selomit, jadi kapala warga.

19Putra Kahat nu katilu, Hebron, putrana opat: Yeria, Amarya, Yehasiel jeung Yekamam.

20Putra Kahat nu kaopat, Usiel, putrana dua nya eta Mika jeung Yisia.

21Merari putrana dua: Mahli jeung Musi. Mahli putrana dua: Elasar jeung Kis.

22Elasar nepi ka tilar dunya teu kagungan putra lalaki, putrana awewe kabeh anu narikahna ka dulur misanna, putra-putra Kis.

23Musi putra Merari anu kadua putrana tilu: Mahli, Eder jeung Yeremot.

24Sakitu turunan Lewi, anu ngaran-ngaranna didaptarkeun nurutkeun warga jeung kulawargana masing-masing. Tiap jelema turunan maranehna ti semet umur dua puluh taun ka luhur mareunang gawe di Bait PANGERAN.

25Saur Daud, "GUSTI Allah Israil geus maparin reureuh ka umat-Na, tur Mantenna bakal aya sapapanjangna di Yerusalem.

26Jadi ayeuna mah urang Lewi geus teu kudu ngagogotong deui Kemah Tepangan jeung paparabotan paranti ngabakti."

27Ku tarekahna Daud anu panganggeusan, urang Lewi anu umurna ti semet dua puluh taun kabeh didaptar pikeun nyarekel gawe.

28Ari papancenna nya eta: ngabantu para imam turunan Harun ngajalankeun kawajiban babakti di Bait Allah, ngurus palataran-palataran jeung rohangan-rohangan Bait Allah, bari ngajaga supaya barang-barang suci tetep suci kaayaanana;

29nyadiakeun roti haturkeuneun ka Allah, ngurus tipung sasajen, kueh-kueh anu teu make ragi, gorengan-gorengan, ngurus tipung anu diadonan ku minyak jetun; nimbang jeung naker anu baris dibaktikeun di Bait Allah;

30nyanggakeun lagu-lagu pupujian jeung ngamulyakeun ka PANGERAN saban isuk saban sore,

31saban nyanggakeun kurban anu dibeuleum ka PANGERAN unggal-unggal poe Sabat, unggal pananggalan jeung unggal aya pesta lian ti eta. Eta pagawean-pagawean dijalankeunana ku urang Lewi unggal-unggal waktu sarta kabeh aya aturanana. Urang Lewi dibakukeun purah ngabakti ka PANGERAN salalawasna.

32Maranehna dibarere kawajiban ngurus jeung ngarawatan Kemah Tepangan PANGERAN jeung Bait Allah, jeung ngabantu baraya-barayana nya eta imam-imam turunan Harun ngajalankeun kawajiban ibadah di Bait Allah.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Tawarikh 23 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel