Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Timotius 1 >> 

1(1:1-2) Timoteus, anak bapa ku karana anut ka Kristus! Ieu bapa, Paulus, anu jadi rasulna Kristus Yesus, ngemban parentah Allah, nu nyalametkeun urang, jeung ngemban dawuhan Kristus Yesus nu jadi pangharepan urang, nyuratan ka hidep. Mugia hidep meunang sih kurnia rahmat rahayu ti Allah Rama jeung ti Kristus Yesus Gusti urang.

2(1:1)

3Bapa meredih supaya hidep matuh di Epesus, sakumaha ceuk bapa waktu bapa keur ka Makedoni tea. Sabab di ditu aya anu ngajarkeun pangajaran mahiwal, ku hidep kudu dicegah.

4Nasehatan, ulah sina ngagugulung deui dongeng-dongeng jeung cukcrukan asal-usul karuhun, anu ngan matak picekcokeun bae, lain mawa kana percaya ka Allah sarta narima kana pikersaeuna-Na.

5Nasehatna tujukeun pikeun mulihkeun deui sipat kanyaah anu bijil tina ati sanubari, medal tina pikiran nu caang, mencar tina kaiklasan iman.

6Geus aya jelema-jelema anu geus teu baroga deui sipat kitu teh, kalah ka sasar kana paguneman anu ngacapruk.

7Eta teh harayangeun jadi guru agama, tapi kana omonganana sorangan teu ngarti, kana hal anu ku maranehna diajarkeun bangun sakitu yakinna teh maranehna sorangan teu paham.

8Hukum Agama memang hade ari dipake samistina mah.

9Ngan inget, Hukum Agama dijieunna teh lain keur jelema anu balageur, tapi keur tukang rerempak, keur penjahat, keur nu baragajul, keur nu doraka, keur nu teu boga agama, keur nu teu malire kana sual rohani, keur jelema anu maehan bapa atawa indung, sarta keur tukang-tukang maraehan umumna,

10keur nu teu boga ahlak, keur nu cabul patemon, keur culik, keur tukang bohong, keur nu sok mere panyaksi palsu, jeung sajaba ti eta anu ingkar tina pangajaran anu bener,

11anu diajarkeun ku Injil, anu pangwawaranana dipercayakeun ka bapa, nya eta Injil Kasalametan ti Allah anu agung jeung pinuji.

12Bapa muji sukur ka Kristus Yesus Gusti urang, sabab ku berkah Anjeunna bapa kuat ngajalankeun kawajiban. Nganunuhunkeun reh ku Anjeunna dilayakkeun ngawulaan.

13Padahal bareto bapa ka Anjeunna teh ngagogoreng, nganiaya jeung moyok. Sukur, bapa ku Allah dipikawelas, kawantu harita mah bapa tacan percaya jeung tacan nyaho yen peta bapa kitu teh salah.

14Ku Gusti nu sipat welas bapa malah dilimpahan ku sih kurnia, dipaparin hate percaya jeung rasa kanyaah, anu ayeuna mah geus jadi sipat urang ku lantaran anut ka Kristus.

15Kalimah, "Kristus Yesus sumping ka dunya pikeun nyalametkeun jalma dosa" teh memang wajib dipercaya sabab enya. Geuning bapa, sangkilang pangjahatna ge ti sakur anu doraka,

16ku Allah dipikawelas, supaya Kristus Yesus iasa nembongkeun kasabarana-Na anu taya hinggana ka bapa, jalma pangdorakana, pikeun jadi conto ka sakabeh jalma anu bakal palercaya ka Anjeunna pikeun narima hirup langgeng.

17Kamulyaan, kaagungan, kasanggakeun sapapaosna ka Mantenna, Raja abadi, gaib, Allah anu maha esa. Amin.

18Timoteus anaking! Bapa mercayakeun ieu tugas ka hidep teh luyu jeung ucapan piwejang baheula ngeunaan diri hidep. Gunakeun eta ucapan piwejang teh, jieun pakarang paranti bajuang.

19Mantepkeun iman, nyaringkeun pikir. Aya jelema-jelema anu geus henteu malire kana panggeuing budi rasana sorangan, imanna geus runtuh,

20contona bae Himenius jeung Aleksander. Eta dua jelema ku bapa geus dihukum diselehkeun ka Iblis, sina jadi pangajaran supaya eureun ngahinana ka Allah!


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Timotius 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel