Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Yohanes 4 >> 

1Dulur-dulur! Ulah percaya ka sambarang jelema anu majarkeun meunang Roh ti Allah. Coba heula enya lainna roh dina dirina teh Roh ti Allah, sabab ayeuna loba nabi palsu, riab ka mana-mana.

2Nganyahokeunana kieu: Lamun ngaenyakeun yen Yesus Kristus sumping-Na ngajirim manusa, enya meunang Roh ti Allah.

3Lamun ngalainkeun, roh dina dirina teh lain Roh ti Allah, tapi roh ti musuh Kristus anu memang bakal datang sakumaha anu geus kadarenge bareto ku aranjeun. Ayeuna eta musuh teh geus aya di ieu dunya.

4Tapi anaking, maraneh mah cangkingan Allah. Maraneh geus bisa ngelehkeun nabi-nabi palsu, sabab Roh anu aya di aranjeun leuwih punjul ti batan roh anu asal ti dunya.

5Ku sabab eta nabi-nabi palsu teh asal ti dunya, anu diomongkeunana oge urusan kadunyaan, tangtu bae ku urang dunya ditarurut.

6Ari urang mah ti Allah. Sing saha anu terang ka Allah, tangtu daekeun sakayakinan jeung urang. Anu arembungeun mah lain cangkingan Allah. Kitu ngabedakeunana antara Roh kayaktian jeung roh anu nyasabkeun.

7Hayu dulur-dulur urang silih pikaasih, sabab sipat asih teh asal ti Allah. Anu boga sipat asih, eta putra Allah, terang ka Allah.

8Anu henteu boga sipat asih teu terang ka Allah, sabab Allah teh sipat asih.

9Allah geus ngabuktikeun sipat asih-Na, ku ngutus Putra tunggal-Na ka ieu dunya, supaya ku jalan Putra-Na urang meunangkeun hirup.

10Sipat asih-Na teh buktina lain urang anu nyaah ka Mantenna, tapi Mantenna anu asih ka urang, nepi ka ngutus Putra-Na, sabab ngan ku jalan kitu Mantenna iasa ngahapunten dosa urang.

11Ku sabab Allah sakitu mikaasihna ka urang, atuh urang oge kudu silih pikaasih.

12Sanajan can aya jelema anu geus nenjo Allah, tapi lamun urang silih pikanyaah, Allah teh aya di urang, satunggal jeung urang sarta mikaasih-Na teh datang ka tutugna.

13Ku sabab urang geus diterapan Roh-Na, yakin yen hirup urang aya dina kasatunggalan jeung Mantenna, kitu keneh Mantenna satunggal jeung urang.

14Bapa sabatur-batur papada rasul, anu geus nenjo sorangan anu jumeneng Putra teh diutus ku Rama-Na pikeun jadi Jurusalamet saalam dunya, ngawartakeun hal eta ka nu sejen.

15Jelema anu ngaku yen Yesus teh Putra Allah, hirupna satunggal jeung Allah, nya kitu keneh Allah manunggal dina hirupna.

16Bapa mah nya nyaho nya percaya Allah mikaasih ka urang teh. Allah teh sipat asih. Jadi sing saha anu nyaahan, hirupna ngahiji jeung Allah, Allah oge ngahiji dina hirupna.

17Sipat asih anu aya di diri urang bakal jadi sampurna, nepi ka urang engke teger ngadeuheus dina Poe Hukuman. Jeung tangtu urang mah teger, lantaran hirup urang di ieu dunya geus nulad ka Kristus.

18Moal aya kasieun ari kaancikan ku asih mah. Sabab asih anu sampurna teh ngusir sagala rasa kasieun. Anu boga keneh rasa kasieun tandaning sipat asihna tacan sampurna, jadi masih bakal keuna ku hukuman.

19Urang bisa nyaahan teh lantaran Allah miheulaan asih ka urang.

20Lamun aya anu majar nyaah ka Allah tapi ngewa ka dulurna, eta teh bohong. Sabab lamun ka dulur anu katenjo bungkeuleukan geus teu nyaah, komo ka Allah, anu henteu tembong.

21Sing saha anu nyaah ka Allah, kudu nyaah ka dulur. Kitu amanat ti Kristus.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Yohanes 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel