Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Korintus 1 >> 

1Serat kahatur dumateng jamaah Allah di Korinta jeung umat Allah di sakuliah Ahaya. Sim kuring Paulus, anu ku pangersa Allah dijadikeun rasulna Kristus Yesus, babarengan jeung dulur urang, Timoteus, mangnedakeun aranjeun ka Allah,

2mugia aranjeun dipaparin rahmat salamet ti Allah Rama urang jeung ti Gusti Yesus Kristus.

3Puji kasanggakeun ka Allah, Ramana Gusti urang Yesus Kristus, Rama anu maha welas, sarta anu maparin kategeran hate ka manusa.

4Dina kasusahan anu kumaha bae oge batin sim kuring ku Allah disina teger, sarta ku sabab ditegerkeun ku Mantenna, sim kuring oge bisa negerkeun ka batur anu eukeur nandang kasusah.

5Ku lantaran sim kuring sering nandang kasangsaraan anu karandapan ku Kristus, nya ku karana Kristus oge batin sim kuring kacida ditegerkeunana ku Allah.

6Upama sim kuring nyandang sangsara, eta teh pikeun aranjeun, pikeun pijamugaeun aranjeun; saupama sim kuring meunang pitulung, aranjeun oge jadi katulungan, bisa sabar jeung kuat nandangan sangsara saperti anu kasorang ku sim kuring.

7Kapercayaan sim kuring ka aranjeun dina ieu hal henteu galideur, yen aranjeun oge mun pareng nyandang kasangsaraan saperti anu keuna ka sim kuring bisa teger cara sim kuring.

8Dulur-dulur! Sim kuring miharep aranjeun terang kumaha sangsarana sim kuring di wilayah Asia, cocoba anu kaalaman teh kacida gedena jeung beuratna, nepi ka geus teu ngarepkeun bisa keneh hirup,

9asa geus prak diragragan hukum pati. Tapi kajadian kitu teh saenyana mah jadi pangeling-eling supaya sim kuring ulah dir, nya kudu ngandel ka Allah bae anu iasa ngahirupkeun deui anu geus maot.

10Nya Mantenna anu ngaleupaskeun sim kuring tina bahya pati anu sakitu gedena teh. Ka hareupna oge tangtu Mantenna bakal mitulung deui, nya Mantenna anu ku sim kuring seja dipuntangan.

11Sim kuring yakin yen ku paneda aranjeun keur sim kuring teh, Allah baris nyalametkeun deui sim kuring tina bahya. Ari loba anu mangnedakeun mah tangtu baris dikabulkeun, sarta Allah bakal maparinkeun kurnia-Na, nepi ka loba anu bakal muji sukur ka Mantenna, nganuhunkeun kana hal sim kuring.

12Sim kuring agul sajeroning hate, lantaran yakin yen lampah sim kuring di ieu dunya, pangpangna dina hal duduluran jeung aranjeun, dilakonanana reujeung hate anu iklas, berkah pitulung kamurahan sarta kakawasaan Allah, lain ku karana kabijaksanaan insani.

13(1:13-14) Ieu anu ditulis ku sim kuring ngan hal-hal anu baris bisa kabaca jeung kaharti ku aranjeun. Ayeuna-ayeuna mah peta sim kuring teh ku aranjeun moal pati kaharti. Tapi muga-muga engke mah kaharti enya-enya, sangkan engke ari Yesus Gusti urang sumping, aranjeun bisa agul ku sim kuring cara sim kuring mikaagul aranjeun.

14(1:13)

15Nya ku lantaran yakin kana hal eta nu matak bareto sim kuring gilig rek manggihan aranjeun teh, malar aranjeun ngarasa tambah-tambah bagja.

16Maksud sim kuring harita nya eta ka Makedoni teh seja nyimpang heula ka aranjeun. Nya kitu deui balikna ti ditu oge bakal nyimpang deui, bari sakalian arek menta tulung ka aranjeun pikeun neruskeun lampah ka Yudea.

17Naha sugan basa keur ngararancang maksud kitu teh sim kuringna mandeg mayong? Naha sugan harita teh sim kuring boga maksud sejen anu sipatna mentingkeun diri sorangan, nepi ka eta maksud anu geus dienyakeun teh harita keneh dihenteukeun?

18Demi Allah anu sabda-Na saestu, jangji sim kuring harita ka aranjeun teh henteu diganggayong ku "Enya" jeung "Henteu".

19Sabab Yesus Kristus Putra Allah anu diwawarkeun ka aranjeun ku Silas, ku Timoteus, jeung ku sim kuring teh lain jelema anu sok "Enya" sok "Henteu". Sabalikna Anjeunna teh jirimna waleran Allah anu unina: "Enya",

20sabab nya ku jalan Anjeunna Allah geus ngadawuh "Enya" tina sagala jangji-Na. Eta sababna ari urang ngagungkeun ka Allah, ana ngucapkeun "Amin" teh bari nyebut jenengan Yesus Kristus.

21Nya Allah anu ngersakeun sim kuring bisa jadi sahiji jeung aranjeun dina katunggalan jeung Kristus. Nya Mantenna anu milih urang oge,

22anu geus nerapkeun cap-Na ka urang, tanda yen urang jadi kagungana-Na, Anu geus ngeusian hate urang ku Roh Suci, geusan jadi tanda yen urang teh pasti baris dipaparin sagala rupa anu ku Allah geus disayagikeun.

23Sim kuring menta disaksian ku Allah, sabab Mantenna uningaeun kana eusi hate sim kuring, yen nu matak sim kuring teu tulus ka Korinta teh maksudna pikeun ngajaga perasaan aranjeun.

24Sim kuring moal maksa ka aranjeun tina hal naon anu ku aranjeun kudu dipercaya, lantaran aranjeun oge geus kacida percayana ka Kristus. Sabalikna sim kuring seja sabilulungan jeung aranjeun pikeun kabagjaan aranjeun.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Korintus 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel