Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Korintus 13 >> 

1Geus rek tilu kali jeung ieu sim kuring ka dieu teh. Ceuk Kitab Suci, "Sahna hiji pangdakwa teh lamun ditunjang ku saksi duaan atawa leuwih."

2Basa sim kuring nganjang kadua kalina, jelema-jelema anu bareto baroga dosa teh kitu deui nu sejen-sejenna geus diwawadian. Ayeuna ge sabot keur pajauh kieu sim kuring rek ngawawadian deui. Sabab engke mah ari sim kuring ka dieu deui, anu saralah teh hiji ge moal aya anu luput tina hukuman.

3Engke tetela ka aranjeun yen ucap-ucapan sim kuring teh saenya-enyana dawuhan Kristus. Dina mayunan aranjeun, Kristus moal lembek, sabalikna tangtu nganggo kakawasaana-Na.

4Waktu keur disalib nepi ka pupus, Anjeunna lembek, tapi ayeuna mah Anjeunna jumeneng ku kawasaning Allah. Sim kuring oge lembek lantaran ngahiji ka Anjeunna, tapi dina nyanghareupan aranjeun, ku karana hirup reujeung Anjeunna, sim kuring rek make kakawasaan ti Allah.

5Pek mariksa maneh, nguji maneh, percaya keneh ka Kristus? Lamun masih, tangtu karasa di jero hate aranjeun aya Kristus Yesus, kajaba lamun ku aranjeun geus ditinggalkeun.

6Sing percaya, sim kuring mah henteu ninggalkeun ka Anjeunna.

7Paneda sim kuring ka Allah, mugia aranjeun ulah nyarieun kasalahan. Lain dumeh sim kuring tahan uji, ngan hayang supaya aranjeun harade kalakuan, sanajan upamana sim kuring kawas teu tahan uji.

8Teu bisa sim kuring mah milampah anu lalawanan jeung perkara bener, salian ti hayang nurut.

9Mun aranjeun kuat, najan sim kuring mah lembek, hate bungah. Jeung mangnedakeun teh deui mugia lampah hade aranjeun sing nepi ka sampurna.

10Eta sababna samemeh urang pajonghok sim kuring nyuratan heula, supaya engke mun sim kuring datang, ulah nepi ka kudu keras ngagunakeun kakawasaan anu ti Gusti, da eta kakawasaan teh dipasihkeunana ka sim kuring pikeun ngadegkeun aranjeun, lain pikeun ngarubuhkeun.

11Sakieu bae dulur-dulur! Sing saralamet. Sampurnakeun iman, lampahkeun pepeling-pepeling ti sim kuring, sing alakur pada batur, sing runtut. Mugia Allah anu sipat asih jeung nu nyepeng karuntutan nyarengan ka aranjeun.

12Geura silih pidulur, silih rangkul.

13(13-12) Aya salam ti sakabeh umat Allah keur aranjeun.

14(13-13) Mugi-mugi aranjeun ginanjar sih kurnia Gusti Yesus Kristus, ginanjar asihing Allah, diaping ku Roh Suci. Wassalam, Paulus


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Korintus 13 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel