Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Korintus 6 >> 

1Sim kuring anu ku Allah dikersakeun ngabantu padamelana-Na kacida ngaharepna, muga eta sih kurnia Allah teh ulah dilalaworakeun.

2Timbalan Allah kieu: "Sanggeus nitih kana wancina Kami kudu ngurniaan ka maneh, Kami terus ngamakbul panyambat maneh. Sanggeus datang poena Kami kudu nyalametkeun ka maneh, Kami terus nulungan ka maneh." Dulur-dulur! Nya ayeuna wancina pikeun narima eta sih kurnia Allah teh. Nya ayeuna poena pikeun disalametkeun teh!

3Sim kuring teu ngarepkeun aya jalma anu nyalahkeun kana pagawean sim kuring. Jadi sim kuring geus ihtiar sangkan ulah matak ngahalang-halang ka batur.

4Sabalikna, dina sagala hal sim kuring sabatur-batur nembongkeun yen jadi abdi-abdi Allah, ku jalan sabar tawekal dina kasusah, dina karerepet, dina kasukeran.

5Sim kuring jeung batur-batur disiksa, dipanjara, jeung dikoroyok; digarawe popohoan, remen teu sare-sare acan, malah sering teu manggih dahar.

6Ku kaiklasan, ku kabijaksanaan, ku kasabaran, jeung ku kasomeahan, sim kuring sababaturan nembongkeun yen jadi abdi-abdi Allah; oge ku pitulungna Roh Suci, jeung ku kanyaah anu wening,

7ku nguarkeun warta ti Allah, jeung ku kawasa Allah. Ari pakarang pikeun ngayonan lawan atawa ngabela diri nya eta kalempengan hate.

8Sok dihargaan, sok dihahangu, sok dipoyok, sok dipuji; ngomong perkara anu sayakti, malah dianggap tukang ngabohong;

9dianggap taya nu wawuh, tapi kabeh ge wawuheun; dianggap jelema geus paeh, padahal ku aranjeun ge kanyahoan hirup keneh; dikaniaya tapi teu dipaehan,

10dinalangsakeun, tapi asa bungah bae; malarat dina sareatna, tapi bisa ngabeungharkeun ka batur; nyatana taya kaboga, tapi sagala rupa ge boga.

11Dulur-dulur di Korinta! Tah sim kuring teh geus nyarita sabalakana ka aranjeun, ngabolekerkeun eusi hate.

12Jadi lain sim kuring anu henteu terus terang, tapi aranjeun anu henteu bruk-brak ka sim kuring.

13Ieu sim kuring ngomong ka aranjeun teh asa ngomongan anak. Muga perasaan aranjeun ka sim kuring oge sing kawas perasaan sim kuring ka aranjeun, jeung sing daraek bruk-brak!

14Kade ulah bareng baranggawe jeung anu henteu palercaya ka Allah, da moal aya beubeunanganana. Mana bisa nu bener ngahiji jeung nu teu bener. Mana bisa caang ngahiji jeung poek.

15Mana bisa Kristus samupakat jeung Iblis. Rek meunang kaboga naon anu palercaya ka Allah cacampuran jeung anu henteu palercaya?

16Mana bisa Bait Allah ngahiji jeung imah brahala? Urang teh Bait Allah anu jumeneng! Sabab timbalan Allah ku manten ge kieu: "Kami rek cicing di umat Kami, sarta hirup jeung maranehna; Kami baris jadi Allah maranehna, maranehna baris jadi umat Kami."

17Ku sabab kitu Allah ngandika, "Tinggalkeun jalma anu daroraka, pisahkeun diri ti maranehna. Ulah ngayakeun naon-naon jeung sakur nu najis, tangtu maraneh ditarima ku Kami.

18Kami baris jadi Rama maraneh, maraneh baris diaku anak ku Kami, anak lalaki, anak awewe, kitu timbalan Pangeran Nu Maha Kawasa."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Korintus 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel