Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Raja-raja 10 >> 

1Ari Raja Ahab teh kagungan tujuh puluh putra lalaki, maratuhna di Samaria. Yehu ngadamel serat, salinan-salinanana dikintunkeun ka para pangereh kota, ka para pamuka masarakat, jeung ka nu ngarasuh putra-putra Ahab. Eusina,

2"Maraneh dikawasakeun ngurus anak incu raja, ngurus kareta-kareta, kuda, pakarang-pakarang, jeung kota-kota benteng. Mana satampana ieu surat,

3maraneh kudu buru-buru ngileng-ngileng anak raja anu pangcakepna, anu payus jadi raja, pek jieun raja jeung belaan ku maraneh."

4Pangereh-pangereh Samaria jadi sarieuneun. Ceuk maranehna, "Mana kuat urang ngalawan Yehu? Raja Yoram jeung Raja Ahasia ge geuning nepi ka tiwas!"

5Ku sabab kitu kapala urusan karaton jeung wali kota, bareng jeung para pamuka masarakat jeung jelema-jelema anu ngarurus anak-anak raja teh ngirim pihatur ka Yehu, unina, "Abdi-abdi sumeja pasrah sadaya-daya, sumeja tumut kana timbalan. Nanging paliyas kedah ngangkat jalma sanes jadi raja mah. Abdi sadaya ngantos timbalan kumaha pisaeeunana."

6Yehu ngintun deui surat, unina, "Lamun enya daek milu ka kami, sadia ngalakonan parentah kami, kami menta hulu anak incu Raja Ahab. Ku kami ditunggu di Yisrel isukan wayah kieu!" Anu ngasuh jeung ngagedekeun putra-putra Ahab anu tujuh puluh teh para gegeden Samaria.

7Satampana surat ti Yehu teu talangke, putra putu Ahab terus diparaehan, sirahna diteukteukan tuluy dikaranjangan, dikirimkeun ka Yehu di Yisrel.

8Yehu diuningaan yen kiriman sirah putra putu Ahab geus datang. Seug anjeunna marentah supaya eta sirah-sirah teh digundukkeun dua tumpuk di lawang nagara, jeung kudu terus diantep heula nepi ka isukna deui.

9Poe isukna ku Yehu ditingalian ka lawang nagara. Saur Yehu ka sakur nu aya, "Anu ngalawan jeung maehan Raja Yoram memang kami. Dina eta perkara maraneh beresih. Tapi ieu kabeh saha anu maehanana?

10Ana kitu tetela sagala pangandika PANGERAN hal anak incu Ahab teh tinekanan. Pangandika PANGERAN ku jalan Nabi Elias geus bukti laksana."

11Sanggeus kitu sakabeh wargi Ahab anu araya di Yisrel, para gegedenna, mitra-mitrana, imam-imamna, ku Yehu dibasmi teu aya anu disesakeun hirup.

12Yehu angkat ti Yisrel ka Samaria. Di satengahing jalan, di hiji tempat anu disebut "Pondok Pangangon"

13amprok jeung saderek-saderek Ahasia raja nagara Yuda almarhum. Yehu mariksa, "Arandika saha?" Jawabna, "Saderek-saderek Ahasia, seja ka Yisrel, seja nembongkeun katineung ka putra putu Isebel jeung wargi-wargi karajaan anu araya keneh."

14Yehu marentah ka baladna, "Cerek kabeh hirup-hirup!" Tuluy dicarerek, seug dipeuncitan deukeut hiji lombang jero di dinya, kabehna opat puluh dua urang, taya anu dihirupan.

15Yehu terus angkatna, di jalan tepung jeung Yonadab bin Rekab. Yehu ngabageakeun sarta saurna, "Urang teh sajalan nya pipikiran. Kersa ngabantu kaula?" "Kantenan," ceuk Yonadab. "Atuh urang sasalaman," saur Yehu. Tuluy sasalaman mani pageuh. Yonadab ku Yehu dituyun kana kareta,

16saurna, "Urang sareng ka ditu. Tingalikeun engke bakti kaula ka PANGERAN," terus bareng ka Samaria.

17Barang sumping, Yehu terus numpes wargi-wargi Ahab, teu disesakeun saurang-urang acan. Tinekanan sakumaha pangandika PANGERAN anu diandikakeun ka Nabi Elias.

18Yehu ngumpulkeun urang Samaria. Sanggeus kabeh kumpul, Yehu sasauran, "Ahab nyembahna ka batara Baal teu sabaraha. Kami mah rek leuwih ti kitu.

19Kumpulkeun nabi-nabi Baal, abdi-abdina, imam-imamna. Ulah aya anu teu datang. Kami rek nyuguhkeun kurban gede ka Baal. Saha-saha nu teu datang moal dihirupan." (Tapi kituna teh akal, nu dipalar ku Yehu sakabeh umat Baal rek digempur.)

20Yehu marentah deui, "Embarkeun kudu saradia pikeun ngahormat ka Baal!" Seug diembarkeun.

21Ti dinya Yehu ngintun timbalan ka sakuliah tanah Israil. Tukang nyarembah ka Baal teh daratang taya anu tinggaleun. Sup kabeh arasup ka gedong Baal mani pajejel ti sisi ditu nepi ka sisi dieu.

22Yehu marentah ka imam purah ngurus jubah-jubah karamat, supaya jubah-jubah teh dikaluarkeun, sina terus diparake ku nu rek ngabarakti.

23Geus kitu Yehu lebet ka eta gedong jeung Yonadab bin Rekab, sasauran ka nu karumpul, "Pariksa heula bisi aya abdi-abdi PANGERAN anu milu asup. Anu meunang milu ngan abdi-abdi Baal wungkul."

24Geus kitu Yehu jeung Yonadab peta-peta rek nyuguhkeun peupeuncitan jeung kurban beuleuman ka Baal. Di luar anjeunna geus metakeun baladna dalapan puluh urang, timbalanana, "Jelema-jelema anu geus araya di jero engke paehan kabeh. Mun nepi ka aya anu leupas najan saurang, nyawa anu ngaleupaskeunana pigantieunana!"

25Anggeus Yehu nyuguhkeun kurban-kurban, nimbalan ka para pengawal jeung para perwira, "Arasup! Paehan kabeh! Poma ulah aya anu leupas!" Terus arasup nyarekel pedang, nyarabetan anu araya di jero, bangke-bangkena digusuran ka luar. Bus deui arasup ka kamar karamat eta gedong,

26pilar brahala di dinya digusur tuluy diduruk.

27Eta pilar brahala geus beak ku seuneu, gedongna diruntuhkeun, tuluy dijieun pacilingan, nepi ka ayeuna.

28Kitu petana Yehu numpes umat Baal di Israil.

29Tapi anjeunna oge nurutan dosa Raja Yarobam, anu mawa bangsa Israil kana dosa, maruja ka babantengan emas anu diadegkeun ku anjeunna di Betel jeung Dan.

30PANGERAN nimbalan ka Yehu, "Maneh geus numpes anak-anak Ahab nurutkeun pangersa Kami. Kami jangji, anak incu maneh opat turunan bakal jaradi raja di Israil."

31Tapi Yehu tumutna kana Hukum PANGERAN Allah Israil teh henteu terus jeung manah, anggur nurutan lampah Yarobam, mawa urang Israil kana dosa.

32Dina jaman eta PANGERAN ngawitan nyecelan wewengkon Israil. Wewengkon Israil beuki kurang, dibeunang-beunangkeun ku Raja Hasael ti Siria,

33ti semet wetaneun Walungan Yordan terus ka kidul nepi ka Arur anu di sisi Walungan Arnon, ngurung wewengkon-wewengkon Gilad jeung Basan pamatuhan kaom Gad, kaom Rubin, jeung kaom Menase wetan.

34Carita Yehu salian ti eta, lampah kagagahanana, kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Israil.

35Yehu geus pupus, dimakamkeun di Samaria, diganti ku Yoahas putrana, jadi raja.

36Jadina raja Israil dua puluh dalapan taun, calikna di Samaria.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Raja-raja 10 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel