Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Raja-raja 18 >> 

1Hiskia putra Ahas jadi raja nagara Yuda meneran taun katilu Hosea putra Ela jadi raja nagara Israil,

2dina yuswa dua puluh lima taun. Calikna di Yerusalem, ngarajaanana dua puluh salapan taun. Jenengan ibuna Abia binti Jakaria.

3Lampahna nulad Raja Daud karuhunna, pikamanaheun PANGERAN.

4Anjeunna ngabasmi tempat-tempat ibadah ka brahala, pilar-pilar pamujaan digempur, arca-arca Dewi Asera dicacag; Nehustan, nya eta oorayan tambaga damelan Musa oge dibubukkeun da sok dikarukusan keneh ku urang Israil, diparuja.

5Hiskia ibadahna ngan ka PANGERAN Allah Israil. Kakara harita urang Yuda boga raja anu saperti anjeunna, tur teu kungsi ngalaman boga deui.

6Ka PANGERAN kacida ngestona, tara baha, tuhu kana sagala timbalan PANGERAN anu diandikakeun ka Musa.

7Ku sabab kitu ku PANGERAN henteu kendat disarengan. Sagala damelna lulus tur mulus. Anjeunna teu kersa tunduk ka raja Asur.

8Urang Pelisti dielehkeun, tempat-tempatna ti kampung pangleutikna nepi ka kota nu panggedena, kaasup Gasa jeung sakurilingeunana digempur.

9Dina taun kaopat Hiskia ngarajaan, meneran taun katujuh Hosea ngaheuyeuk Israil, dayeuh Samaria di Israil dikepung ku Salmaneser raja Asur.

10Sanggeus dikepung tilu taun, meneran taun kagenep Hiskia ngaheuyeuk nagara Yuda, dina taun kasalapan Raja Hosea ngaheuyeuk nagara Israil, dayeuh Samaria beunang ku musuh.

11Urang Israil diboyong ka Asur. Ditempatkeunana aya anu di Halah, aya anu di Gosan sisi Walungan Habor, aya anu di wewengkon Madayin.

12Samaria nepi ka beunang teh lantaran urang Israil baha ka PANGERAN Allahna, malungkir tina sarat perjangjian Mantenna ka maranehna, nyalingkir tina hukum-hukum anu ku PANGERAN diturunkeun ka Musa abdi-Na. Maranehna teu daraekeun ngadenge jeung teu daraek narurut.

13Dina taun kaopat belas Raja Hiskia ngaheuyeuk nagara, kota-kota benteng di nagara Yuda ditarajang ku Sanherib raja Asur, jeung dibeunangkeun.

14Hiskia ngintun utusan ka Sanherib di Lakis. Saurna, "Kaula tarima dosa. Mugi Sang Raja ulah kateterasan nempuh. Naon bae sapamundut sumeja disubadanan." Raja Asur ngawalerna teh mundut perak sapuluh rebu kilo jeung emas sarebu kilo.

15Ku Hiskia ditumutkeun, perakna nyandak ti Bait Allah jeung ti kamar rajabrana karaton,

16emasna meunang ngalaanan tina panto-panto Bait Allah jeung tina bangbarung-bangbarung panto beunang anjeunna ngalapis, tuluy dikintunkeun ka Sanherib.

17Tapi raja Asur tuluy nginditkeun balad gede ti Lakis sina nempuh ka Hiskia di Yerusalem, dikapalaan ku tilu gegeden agung. Sanggeus narepi ka Yerusalem, eta balad ngarandeg di sisi jalan lebah pakampungan tukang ngaput, sisi solokan anu ngocorkeun cai ti empang girangeunana.

18Gegedugna ceceluk ka Raja Hiskia. Jol tilu gegeden Hiskia nepungan, nya eta Elyakim bin Hilkia, kapala rumah tangga karaton, Sebna panitera karaton, jeung Yoah bin Asap, bendahara nagara.

19Ngong hiji gegeden Asur ngomong, pokna raja Asur palay uninga Hiskia kagungan andelan naon.

20Carekna deui, "Marukan ari omongan teh bisa ngungkulan kaahlian jeung kakuatan tentara? Saha anu dipiandel, mana wani baha ka raja Asur teh?

21Maraneh ngarep-ngarep pitulung Mesir anu teu beda ti iteuk regang haur, gampang potong, kecos kana leungeun sorangan. Kitu ibaratna ngaharep pitulung Mesir teh."

22Eta gegeden Asur terus keneh ngomongna, "Atawa dumeh ngaharep pitulung PANGERAN, Allah maraneh tea? Kapan tempat-tempat pamujaanana oge geus tumpur ku Hiskia, da cenah urang Yuda jeung urang Yerusalem mah ngan kudu ngabakti make altar hiji bae anu di Yerusalem.

23Kalawan asmana raja kami, kami daek nawaran ka maraneh kuda dua rebu, dapon boga jelemana anu barisa tumpak.

24Ka perwira kami anu panghandapna ge maraneh teh hamo kuat. Make rek ngalawan pedah boga harepan bakal dikirim pasukan kareta jeung pasukan kuda ku Mesir!

25Marukan kami narajang ka nagara maraneh teh teu dibantu ku PANGERAN? Puguh anu nitah narajangna oge PANGERAN!"

26Elyakim, Sebna jeung Yoah ngawalon, "Sasauranana sae ku basa Aram bae da kaula ngartos. Ulah ku basa Ibrani, margi kakupingeun ku itu jalmi-jalmi anu di luhur kuta."

27Ari tembalna, "Dikira raja kami miwarang ngomong teh ngan ka maraneh jeung ka si raja? Kami ngomong teh ngahaja ka itu ongkoh anu rajeg dina luhur kuta, anu bakal ngahakan kokotorna jeung ngarinum cikiihna sorangan, sakumaha kahayang maraneh!"

28Geus kitu eta gegeden teh ngagorowok ku basa Ibrani, pokna, "Darengekeun ku maraneh timbalan raja Asur anu agung!

29Timbalanana, maraneh ulah kagelo ku Hiskia, da eta teh moal bisaeun nyalametkeun.

30Ulah beunang kabobodo magar kudu muntang ka PANGERAN. Ulah boga panyana bakal ditulungan ku PANGERAN. Ulah ngira PANGERAN bakal megatan kami bangsa Asur ngarebut nagara maraneh.

31Geus ulah ngadarenge ka Hiskia. Timbalan raja Asur maraneh mending barijil serah bongkokan. Lamun kitu tanwande pibisaeun keneh ngahakan buah anggur pelak sorangan, buah kondang pelak sorangan, ngarinum tina sumur sorangan,

32nepi ka engke ku raja Asur dipernahkeun di hiji tanah anu sarua alusna jeung anu ieu, sagala aya. Hayang anggur, kebon anggur aya, hayang nyaratu roti, kebon gandum aya, hayang minyak jetun saluluar kebon jetun wungkul, turug-turug loba madu. Lamun harayang hirup kudu narurut, bisi dipaehan! Tong daraek dibobodo ku Hiskia majar bakal dijait ku PANGERAN.

33Cik, dewa bangsa mana anu geus bisaeun ngaluputkeun nagarana ti raja Asur?

34Mana ayeuna dewa-dewa nagri Hamat, nagri Arpad, nagri Separwaim, nagri Hena, nagri Iwa? Ti eta dewa-dewa cik mana anu geus bisaeun ngabelaan Samaria?

35Iraha aya dewa salah sahiji nagara anu bisaeun nyalametkeun nagarana ti raja kami? Na kumaha ari maraneh, make boga pikiran yen PANGERAN tangtu bisaeun nyalametkeun Yerusalem?"

36Jalma-jalma dina luhur kuta mani jempling taya anu kecet-kecet, sabab ku Raja Hiskia geus ditimbalan ulah ngajawab.

37Elyakim, Sebna jeung Yoah nepi ka nyosoeh pakeanana bawaning ku ngenes, tuluy marek deui ka Raja Hiskia, ngunjukkeun ucap-ucapan eta gegeden Asur.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Raja-raja 18 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel