Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Samuel 11 >> 

1Dina musim semi, geus biasa raja-raja sok maraju perang. Dina musim semi taun eta Daud nimbalan ka Yoab jeung para perwirana sina mawa balad merangan urang Amon. Urang Amon kadeseh mundur ka kota Raba, tuluy eta kota ku Yoab ditingker. Daud mah linggih-linggih di karaton Yerusalem.

2Dina hiji poe wanci asar, gugah leleson Daud unggah ka loteng karaton. Sabot angkat-angkatan di loteng bet ningali awewe keur mandi geulis pisan.

3Manahna panasaran hoyong uninga eta awewe teh saha, seug miwarang nyerepkeun. Eta awewe teh Batseba binti Eliam, bojona Uria urang Het.

4Ku Daud dipiwarang disaur. Sanggeus dideuheuskeun ku Daud dicandak ebog. (Harita Batseba teh kakara beresih tas kereseban.) Sanggeus diebogan dipiwarang balik.

5Lila ti lila Batseba ngandeg, tuluy ngirim warta ka Daud.

6Daud ngintun surat ka Yoab, eusina, "Uria urang Het sina ngadeuheus ka kami." Uria dijurungkeun ku Yoab.

7Sanggeus ngadeuheus, Uria ku Daud dipariksa saurna kumaha Yoab jeung balad salamet, jeung kumaha bejana perang teh.

8Geus kitu timbalanana ka Uria, "Jig geura balik, reureuh di imah." Uria amit mundur. Ku Daud disusul ku kikintunan ka imahna.

9Tapi Uria teh henteu terus ka imahna, anggur mondok di lawang gapura karaton ngahiji jeung para pangawal raja.

10Kauninga ku Daud yen Uria henteu balik ka imahna, seug disaur dipariksa, "Ku naon teu terus ka imah, sakitu geus lilana ditinggalkeun perang?"

11Wangsul Uria, "Rayat Israil sareng Yuda keur tarebih di medan perang, sareng Peti Perjangjian aya di ditu. Bapa Yoab panglima abdi kitu deui para perwira, nuju ngemah di nu ngabuliklak. Pisakumahaeun awonna saupami abdi wangsul ka rorompok raos-raos dahar leueut sareng mondokan pun bojo! Demi sagala nu suci, abdi sumpah moal milampah ka kitu!"

12Saur Daud, "Geus, poe ieu teruskeun reureuh di dieu, isukan isuk-isuk ku kami diidinan indit." Jadi poe eta jeung poe isukna Uria di Yerusalem keneh.

13Peutingna ku Daud diondang dahar, disuguh inuman sina mabok. Tapi peuting eta ge henteu balik, mondokna di garduh karaton disasarap ku simbut.

14Isukna Daud ngadamel surat keur ka Yoab, dititipkeunana ka Uria.

15Eusina, "Uria teundeun panghareupna di nu pangragotna, tuluy tinggalkeun mundur sina kasambut."

16Sanggeus Yoab nilik-nilik medan perang, Uria ku anjeunna diteundeun di tempat anu geus kataksir yen lebah dinya musuh pangkuatna.

17Burudul pasukan musuh murudul ti jero kota, narajang ka pasukan Yoab. Para perwira Daud loba anu kasambut. Uria oge kasambut.

18Ti dinya Yoab ngirim laporan perang ka Daud,

19sarta kieu amanatna ka nu diutus, "Engke sanggeus raja nampi laporan kieu,

20bisa jadi nyeuseul, meureun saurna, ‘Naha atuh nyampeuk-nyampeuk teuing ka kota! Na teu kajudi bakal dihujanan jamparing ti luhur kuta?

21Na teu inget kumaha kasambutna Abimelek bin Gidion eukeur di Tebes bareto? Kapan tiwasna teh ditinggang ku batu panggilingan ku hiji awewe, ti luhur kuta. Ku naon nyampeuk-nyampeuk teuing kana kuta?’ Lamun raja mariksa kitu, jawab kieu, ‘Uria oge, perwira Gusti, kasambut’."

22Bral utusan indit. Unjukanana ka Daud sakumaha papatah Yoab.

23Piunjukna, "Musuh langkung kiat, murudul ti lebet kota, narajang ka luar. Saena kaundurkeun deui ka lawang kota.

24Nanging nu di luhur kuta ngahujanan ku jamparing. Perwira-perwira seueur anu kasambut. Uria oge kasambut."

25Saur Daud, "Tegerkeun hate Yoab jeung omongkeun ulah leutik hate, kituh. Jamak dina perang mah, teu bisa ditangtukeun saha nu bakal kasambut. Atur deui balad sing leuwih kuat. Eta kota tarajang deui, sing beunang!"

26Ngarungu salakina kasambut Batseba ngalakonan kala sungkawa.

27Sanggeus tutas kala sungkawana, ku Daud dicandak ka karaton, tuluy dipigarwa. Brol babar, orokna lalaki. Tapi eta kalakuan Daud teh ngajaheutan manah PANGERAN.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Samuel 11 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel