Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Samuel 14 >> 

1Ku Yoab katilik yen raja geus sonoeun ka Absalom.

2Yoab miwarang ngala hiji awewe binangkit ti Tekoa, tuluy dipapatahan kieu, "Maneh kudu pura-pura anu keur prihatin, make papakean paranti kapapatenan, buuk tong disisiran. Kudu siga anu geus lila nandangan prihatin.

3Deuheusan raja, sarta ieu papatah kami unjukkeun." Ku Yoab tuluy dipapatahkeun.

4Ti dinya awewe teh marek ka raja, brek deku tuluy sujud, pok unjukan, "Gusti, abdi nyuhunkeun pitulung!"

5"Aya naon?" raja mariksa. Wangsulna, "Gusti, abdi teh randa miskin, salaki parantos maot.

6Gaduh anak lalaki dua. Dina hiji dinten garelut di tegal teu aya nu misah, dugi tiwas saurang.

7Gusti, ayeuna abdi dipaksa ku baraya-baraya kedah nyerenkeun anak anu maehan dulurna, bade dipaehan deuih ku maranehna. Upami dugi ka kitu tangtos pun anak leungit duanana, mangkaning teu gaduh deui anak. Mung kantun eta harepan abdi anu bakal neraskeun ngaran bapana. Nanging eta harepan anu mung sakitu-kituna teh ku maranehna bade dileungitkeun."

8Dawuhan raja, "Geus geura balik. Engke kami marentahkeun supaya perkara maneh diuruskeun."

9Piunjukna eta awewe, "Gusti Anu Mulya, sanaos naon anu bade dipidamel ku Gusti, balukarna mah abdi sakulawarga anu baris nampi. Gusti sareng kulawargi mah henteu lepat."

10Saur raja, "Upama maneh diancam, sina datang jelemana ka kami, sina ulah nyusahkeun deui ka maneh."

11"Nyuhunkeun dipangnedakeun ka PANGERAN Allah Gamparan, ulah dugi ka baraya-baraya abdi midamel kalakuan anu langkung jahat deui, maehan pun anak anu maehan dulurna." Waler Daud, "Kami jangji, demi jumenenging PANGERAN anak maneh moal bocel-bocel acan."

12Ceuk eta awewe, "Gusti, aya keneh pisanggemeun saeutik deui. Nyuhunkeun diwidian." "Pek," walerna.

13Eta awewe unjukan deui, "Ku pilahir anu tadi, Gusti oge parantos ngangken ku anjeun yen lepat henteu ngawidian tuang putra mulih ti pangasinganana teh. Ku naon Gusti dugi ka midamel kalepatan kitu ka umat Allah?

14Urang sadaya hiji mangsa kedah dongkap kana ajal, lir cai anu bahe kana taneuh moal tiasa kaala deui. Nanging sanaos leres Allah moal ngahirupkeun deui anu parantos maot, dupi hal tuang putra mah ku Gusti iasa ditarekahan, sakirang-kirangna supados putra iasa mulih deui ti panyingkiran.

15Gusti Sang Raja! Nu mawi abdi dumeuheus sareng unjukan kieu ka Gusti teh ku margi aya anu ngancam. Sanggem emutan, ah bade diunjukkeun ka raja, malak mandar sang raja kersaeun ngabulkeun.

16Abdi percanten Gusti kersa ngadangu ieu piunjuk, ngaluputkeun abdi sarawuh pun anak ti nu bade maehan, anu bade nyingkirkeun ti ieu tanah paparin Allah ka umat-Na.

17Abdi percanten jangji Gusti bakal iasa ngarahayukeun, margi Sang Raja lir ibarat malaikat Allah, iasa nangtayungan anu sae ti nu awon. Mugi Sang Raja disarengan ku PANGERAN, Allah panutan Gusti."

18Waler raja, "Kami arek nanya, jawab sabalakana!" "Sumangga dawuhkeun," tembalna.

19Saur raja, "Ieu tangtu tarekah Yoab, lain?" Jawabna, "Mugi Gusti wilujeng! Abdi teu tiasa mungkir. Leres sakumaha pariksa Gusti, abdi teh dipapatahan ku Yoab, panglima Gusti.

20Nanging maksad anjeunna teu aya sanes mung supados ieu perkawis tiasa dilempengkeun. Gusti teh estu bijaksana sapertos malaikat Allah bae, waspaos kana sagala rupi kajadian."

21Sanggeusna ti dinya, raja nimbalan ka Yoab, "Kahayang maneh ku kami rek dicumponan. Jig teang eta budak, Absalom sina balik!"

22Bruk Yoab sujud kana taneuh ka payuneun Daud, pok miunjuk, "Mugi Sang Raja ginanjar berkah Allah. Ayeuna jisim abdi terang yen Gusti mikasuka ka jisim abdi, reh panuhun abdi ku Gusti dikabul."

23Bral Yoab angkat ka Gesur, Absalom dicandak mulih ka Yerusalem.

24Tapi dawuhan raja, Absalom ulah dicandak ka karaton. Timbalanana, "Kami teu hayang nenjo manehna." Absalom mulih ka bumina ku anjeun sarta henteu nembongan ka raja.

25Absalom teh di sakuliah Israil pangkasepna, taya nu nendeng, pamujian sarerea. Ti embun-embunan nepi ka dampal sampean estu mulus taya kuciwana.

26Jeung rambutna gomplok pisan; ari diparasna sataun sakali, nya eta ari geus panjang teuing jeung lamun karaosna geus beurat. Ari beurat rambutna meh dua kilo mun ditimbang ku timbangan nurutkeun taraju karaton.

27Absalom kagungan putra, tilu pameget jeung hiji putra istri anu geulisna kawanti-wanti, jenenganana Tamar.

28Geus dua taun Absalom aya deui di Yerusalem, tara tepang-tepang jeung raja.

29Geus kitu anjeunna mundut disumpingan ku Yoab, hoyong dipangunjukkeun halna ka raja. Tapi Yoab henteu sumping. Sakali deui Absalom mundut, tapi tetep Yoab teu kersaeun sumping.

30Ti dinya Absalom ngalahir ka gandek-gandek, saurna, "Maraneh nyaho huma Yoab anu dipelakan hanjeli, gigireun huma kami? Duruk ka ditu eta huma teh." Gur eta huma teh dihuru.

31Yoab sumping ka Absalom sarta saurna, "Ku naon gandek-gandek hidep ngahuru lahan Bapa?"

32Waler Absalom, "Ku naon Bapa ge diangkir teu kersa sumping? Pangunjukkeun pihatur ka raja, kieu, ‘Jang naon abdi kapungkur dipiwarang wangsul? Terang-terang bade kieu mah langkung sae tetep bae di Gesur.’ Pangihtiarkeun, kaula hayang papanggih jeung raja. Lamun salah atuh paehan kituh, kaula pasrah."

33Ti dinya Yoab ngadeuheus ka Raja Daud ngunjukkeun pihatur Absalom. Absalom ku raja disaur. Sanggeus Absalom datang tuluy sujud ka payuneun raja. Ku raja ditampi, dicium.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Samuel 14 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel