Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Tawarikh 13 >> 

1Abia mimiti jadi raja nagara Yuda dina taun kadalapan welas Raja Yarobam ngarajaan Israil.

2Ngarajaanana tilu taun, calikna di Yerusalem. Jenengan ibuna Mikaya binti Uriel asal ti kota Gibea. Antara Abia jeung Yarobam pecah perang.

3Balad Abia 400.000 prajurit ku Yarobam diayonan ku 800.000 prajurit.

4Eta dua pasukan balad amprok di pagunungan Epraim. Raja Abia unggah ka Gunung Semaraim, cumeluk ka Yarobam jeung ka urang Israil. Cumelukna, "Dengekeun ieu kami!

5Na teu nyaraho PANGERAN Allah Israil ngadamel perjangjian ka Daud, anu ungelna karajaan Israil salawasna bakal dirajaan ku anjeunna turun-tumurun?

6Yarobam bin Nebat barontak ka Suleman, rajana,

7heug ngumpulkeun jalma-jalma bangkawarah, ngadedetkeun pakarepanana ka Rehabam putra Suleman. Harita Rehabam teu bisa naon-naon, kawantu ngora keneh pisan jeung can aya pangalaman.

8Ayeuna maraneh aya karep ngalawan kawibawaan karajaan anu ku PANGERAN geus dipaparinkeun ka Daud turun-tumurun. Balad maraneh kacida lobana, baroga sasapian emas, allah maraneh beunang nyieun Yarobam.

9Imam-imam PANGERAN turunan Harun ku maraneh diusir kabeh, kitu deui urang Lewi, diganti ku imam-imam anu samodel jeung imam-imam bangsa sejen. Sambarang jalma, asal mawa sapi hiji atawa domba tujuh siki bisa diangkat jadi imam, anu dikawulakeun ka anu ku maraneh disebut jeung diaku allah.

10Mungguh kami mah sarerea tetep sumeja kumawula ka PANGERAN, Allah kami, moal nepi ka ninggalkeun. Para imam turunan Harun tetep-tetep nedunan papancen, dibantu ku urang Lewi.

11Unggal-unggal poe, isuk-isuk jeung pasosore teu kendat ka Mantenna ngahaturanan seuseungitan jeung sato peuncitan anu dibeuleum weuteuh. Maranehna tetep ngambengkeun roti dina meja suci, unggal magrib nyeungeutan lampu dina ajug emas. Naon bae timbalan PANGERAN ku kami dilampahkeun, sabalikna maraneh mah nyingkir ti Mantenna.

12Pamingpin kami Allah ku manten, sarta imam-imam Mantenna araya di dieu, kari nariup tarompet ngahucuhkeun kami maju jurit ngagempur maraneh. Eh urang Israil, pacuan ngalawan ka PANGERAN Allah karuhun maraneh! Pamohalan bisa meunang!"

13Sabot kitu Yarobam nginditkeun sawatara pasukan sina ngabongohan balad Yuda ti tukang, pasukan-pasukan sejenna sina ngambreg ti hareup.

14Barang balad Yuda ngimpleng ka sakuriling, geuning geus katingker. Seug sasambat neda tulung ka PANGERAN. Para imam nariup tarompet.

15Ger balad Yuda ngagero tuluy narajang musuh dijejeran ku Abia. Yarobam jeung sabalad Israil dielehkeun ku Allah.

16Balad Israil kabur ti balad Yuda, ku Allah diserenkeun ka balad Yuda.

17Balad Israil lebur diamuk ku Abia sabaladna. Aya 500.000 urang serdadu Israil anu panggagahna beak kasambut.

18Urang Yuda bisa ngelehkeun urang Israil, eta lantaran maranehna ngandel ka PANGERAN, Allah karuhunna.

19Balad Yarobam ku Abia hantem diberik. Kota-kotana aya anu bisa diandih ku Abia, nya eta Betel, Yesana jeung Epron, katut desa-desa anu dareukeutna.

20Sapanjang Abia jadi raja, Yarobam teu bisa mulihkeun deui kakawasaanana, sarta ahirna anjeunna tiwas digebug ku PANGERAN.

21Sabalikna Abia kakawasaanana beuki mekar. Garwa Abia opat welas, putrana dua puluh dua pameget, genep welas istri.

22Carita Abia salian ti eta, kasauranana jeung lampahna kaungel dina Kitab Carita Nabi Ido.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Tawarikh 13 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel