Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Tawarikh 28 >> 

1Ahas mimiti jumeneng raja dina yuswa dua puluh taun, ngarajaanana genep welas taun, calikna di Yerusalem. Lampahna teu cara lampah Raja Daud karuhunna, henteu sapagodos jeung manah PANGERAN,

2nulad lampah raja-raja Israil. Ngadamelan arca-arca Baal tina logam,

3ngukus di Lebak Hinom, malah nepi ka meuncit putrana ku anjeun, diduruk dikurbankeun ka arca-arca sesembahanana, kadorakaan anu biasana dilampahkeun ku bangsa anu ku PANGERAN geus disingkahkeun ti dinya, waktu urang Israil mimiti daratang ka eta tanah.

4Di tempat-tempat ngabakti ka brahala, di pasir-pasir jeung di handapeun tangkal anu ngararoyom Ahas nyembahkeun kurban-kurban jeung kukus.

5(28:5-6) Ku sabab Raja Ahas midamel dosa, ku PANGERAN disina eleh ku raja nagara Siria. Rahayat Yuda loba pisan anu diboyong ka Damsik. Jeung ku PANGERAN disina eleh ku Pekah bin Remalya raja Israil. Saratus dua puluh rebu prajurit Yuda anu garagah beak kasambut dina sapoe. PANGERAN, Allah karuhunna anu ngersakeun kitu, sabab urang Yuda geus mungkir ti Mantenna.

6(28:5)

7Aya hiji prajurit Israil ngaran Sikri, maehan Maaseya putra Ahas, maehan Asrikam kapala urusan karaton, jeung maehan Elkana kapercayaan Raja Ahas.

8Balad Israil geus teu ngingetkeun deui yen urang Yuda teh dulurna, ngaboyong 200.000 urang awewe jeung barudak urang Yuda, dikerid ka Samaria dijieun boyongan, jaba barang-barang jarahan kacida lobana.

9Di Samaria aya hiji nabi PANGERAN jenenganana Oded, megat balad Israil anu mawa boyongan urang Yuda, waktu eta balad geus meh asup ka kota. Pok misaur kieu, "Najan enya urang Yuda keur dibenduan ku GUSTI Allah karuhun aranjeun nepi ka disina eleh ku aranjeun, tapi Mantenna ge waspaoseun yen aranjeun telenges, numpes ka maranehna.

10Urang Yuda jeung urang Yerusalem, awewe, lalaki, ayeuna ku aranjeun rek dijieun badega-badega. Na teu rumasa aranjeun oge nyieun dosa ka PANGERAN, Allah aranjeun?

11Reungeukeun kaula! Ieu boyongan teh, nu lalaki, nu awewe, dulur-dulur aranjeun. Pulangkeun! Lamun henteu, PANGERAN tangtu bendu, nyiksa ka aranjeun."

12Aya deui anu henteu satuju kana kalakuan eta balad, opat kekentong Karajaan Kaler, nya eta Asarya bin Yohanan, Berekya bin Mesilemot, Yiskia bin Salum jeung Amasa bin Hadlai.

13Salaurna, "Ulah mawa boyongan ka dieu! Urang teh geus nyieun dosa ka PANGERAN, geus kacida matak benduna ka Mantenna nepi ka urang disiksa. Kari-kari eta kadorakaan teh ku aranjeun ditambahan ku ieu!"

14Seug boyongan jeung barang-barang jarahan teh ku eta balad dipasrahkeun ka nu di darinya jeung ka para pamingpinna.

15Ku anu opatan tea boyongan teh dirawatan, dipakeanan ku papakean tina barang jarahan, dibere tarumpah, dibere dahar jeung nginum, raheut-raheutna diulasan ku minyak jetun, tuluy dialanteurkeun deui nepi ka Yeriho, kota tangkal-tangkal korma di wewengkon Yuda. Anu geus kacida lalungseeunana nepi ka teu karuateun leumpang, ditarumpakkeun kana kalde. Ti dinya urang Israil anu ngalanteurkeunana baralik deui ka Samaria.

16(28:16-17) Urang Edom mimiti ngabereg deui ka nagara Yuda, baralikna ngagiring boyongan loba pisan. Seug Raja Ahas mundut bala bantuan ka Tiglat Pileser raja Asur.

17(28:16)

18Sabot kitu, kota-kota Yuda anu di suku-suku gunung beulah kulon jeung di wewengkon pakidulanana ditarajang ku urang Pelisti. Kota-kotana loba anu karebut terus diandih, nya eta Bet Semes, Ayalon, Gederot, Soko, Timna jeung Gimso katut desa-desana.

19Yuda ku PANGERAN disusuker, lantaran Raja Ahas ngidek-ngidek hak rahayatna jeung nganistakeun ka Mantenna.

20Ari raja Asur ti batan nulung ka Ahas anggur merangan, kacida ngarudetkeunana ka anjeunna.

21Ku sabab kitu Ahas nepi ka nyita emas ti Bait Allah, ti karaton, jeung ti para pamingpin rahayat, dianggo ngarurubaan ka raja Asur, parandene kitu eta ge teu jadi pitulung.

22Waktu kasusahanana meujeuhna muncak, eta anu jenengan Ahas teh dorakana ka PANGERAN beuki kacida,

23ngurban ka arca-arca aallahan urang Siria, bangsa anu geus ngelehkeunana. Da saurna, "Raja-raja Siria ditulungan ku dewa-dewa bangsana. Aing oge lamun ngurban ka eta dewa-dewa tangtu ditulungan." Puguh dosana anu eta anu ngalantarankeun anjeunna jeung bangsana cilaka oge.

24Malah anjeunna nyandakan paparabotan Bait Allah, diancur-ancurkeun, sarta Bait Allah terus ditutup, tuluy di sakuliah Yerusalem anjeunna ngadegkeun altar-altar.

25Di unggal kota jeung desa di Yuda, anjeunna ngadeg-ngadegkeun tempat ibadah ka brahala paranti ngukus ka aallahan-aallahan bangsa batur. Lampahna ngagebruskeun salira ku anjeun kana bebendu PANGERAN, Allah karuhunna.

26Kajadian-kajadian salian ti eta waktu anjeunna jumeneng, ti awal nepi ka ahir, kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Yuda jeung Israil.

27Sanggeus pupus anjeunna dikurebkeun di Yerusalem, tapi lain di makam paranti raja-raja. Hiskia, putrana, jadi raja gegentosna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Tawarikh 28 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel