Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Tawarikh 5 >> 

1Sanggeus sagala rupa pagawean pikeun Bait Allah tea rengse, sagala barang-barang perak, emas, jeung salianna anu ku Daud Ramana geus dibaktikeun ka PANGERAN, ku Raja Suleman disimpen di Bait Allah, di kamar panyimpenan.

2Geus kitu, Raja Suleman nimbalan ka sakabeh pamingpin kaom jeung kapala-kapala golongan Israil, supaya karumpul di Yerusalem, rek mindahkeun Peti Perjangjian PANGERAN ti Sion, Kota Daud ka Bait Allah.

3Sarerea geus karumpul dina mangsa Pesta Saung Daun.

4Sanggeus para kapala kabeh kumpul, Peti Perjangjian teh diangkat ku urang Lewi,

5terus digotong ka Bait Allah. Kemah Tepangan PANGERAN oge katut unak-anikna ku para imam jeung urang Lewi dipindahkeun ka Bait Allah.

6Ti dinya Raja Suleman katut sakumna bangsa Israil kumpul di hareupeun Peti Perjangjian, ngurbankeun domba jeung sapi pirang-pirang, loba teuing mun diitung.

7Sanggeus kitu Peti Perjangjian PANGERAN teh ku para imam diasupkeun ka jero Bait Allah, dipernahkeun di Kamar Pangsucina, handapeun jangjang mumukarabinan,

8sarta eta Peti katut rancatanana kaauban ku jangjangna anu maleber.

9Congo-congo rancatanana bisa katenjo ku saha bae anu nangtungna lempeng hareupeun Kamar Pangsucina, ari ti beulah sejen mah henteu katembong. (Eta rancatan-rancatan ayana di dinya tetep nepi ka kiwari.)

10Eusi Peti Perjangjian taya naon-naonna deui salian ti dua gebleg papan batu sisimpenan Musa keur di Gunung Sinai, basa PANGERAN ngadamel jangji ka urang Israil dina perjalanan maranehna waktu budal ti Mesir tea.

11(5:11-14) Para imam ti sagala golongan geus araya, kabeh geus beberesih. Para pamaen musik urang Lewi oge jaronghok: Asap, Heman, Yedutun, jeung para anggota golonganana, marake pakean tina lawon lenen, narangtung deukeut altar pongpok wetan narabeuh kecrek jeung kacapi, dibarengan ku saratus dua puluh imam nariup tarompet. Breng nyaranyi ditarimbang ku sora tarompet, kecrek jeung tatabeuhan sejen, layeut awor kacida rasmina, maruji sukur ka PANGERAN, pokna, "Sagala puji ka PANGERAN, mulya manah-Na, mikaasih salalanggengna." Sabot para imam kalaluar ti jero Bait Allah, eta gedong ujug-ujug pinuh ku mega anu ngempray, dibarengan ku gebrayna cahaya kamulyaan PANGERAN anu matak serab, nepi ka para imam teu karuateun lila-lila ngabaraktina.

12(5:11)

13(5:11)

14(5:11)


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Tawarikh 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel