Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amos 7 >> 

1Kaula meunang titingalan ti PANGERAN Nu Maha Agung. Dina eta titingalan, kaula ningal Mantenna nyiptakeun pirang-pirang simeut, waktu jarami pikeun raja geus dibabad, sarta jukut mimiti jaradi dina urutna.

2Eta simeut-simeut ngahakanan nepi ka beak sawarnaning tutuwuhan naon bae nu aya di jero nagri. Pok kaula unjukan, "Nun PANGERAN Nu Maha Agung, mugi umat Gusti dihapunten. Bade tiasaeun tahan kumaha, margi maranehna sakitu alitna sareng hengker."

3PANGERAN leler manah-Na tuluy ngawaler, "Eta nu katenjo ku maneh moal kajadian."

4Kaula meunang deui titingalan ti PANGERAN Nu Maha Agung. Kaula ningal Mantenna keur sasayagian rek ngahukum umat-Na ku seuneu. Eta seuneu geus ngaduruk beak sagara gede handapeun bumi, tur geus mimiti ngaduruk daratan.

5Pok kaula unjukan, "Parantos, nun Gusti PANGERAN! Bade tahan kumaha umat Gusti, margi maranehna sakitu alitna sareng hengker."

6PANGERAN leler deui manah-Na, seug ngawaler, "Nu ieu ge moal kajadian."

7Kaula meunang deui titingalan ti PANGERAN. Kaula ningal Mantenna keur ngadeg di sisi hiji kuta nu geus diukur ku tali gantung, panangana-Na nyepeng eta tali gantung.

8Mantenna mariksa, "Nenjo naon, Amos?" Piunjuk kaula, "Ningal tali gantung." Dawuhana-Na deui, "Kami make ieu tali gantung pikeun nuduhkeun yen umat Kami lir kuta nu nangtungna teu lempeng. Anu matak Kami moal robah deui niat, maranehna kudu dihukum.

9Tempat-tempat anu dipake tempat ibadah ku anak incu Ishak ku Kami rek diancurkeun. Tempat-tempat suci di Israil rek diruntuh-runtuhkeun. Turunan Raja Yarobam arek ditumpes."

10Amasia, imam di Betel ngirim laporan ka Yarobam, raja Israil, laporanana: "Amos nuju sakait sareng rahayat bade ngalawan ka Kangjeng Raja. Omonganana matak ngaruntagkeun nagara.

11Kieu sanggemna: ‘Yarobam bakal perlaya, tiwas kasambut perang. Urang Israil bakal diboyong ti nagrina.’"

12Ti dinya Amasia ngomong kieu ka Amos, "Geus, geura eureun, nabi! Ka ditu geura balik ka nagri Yuda. Kotbah maneh ucapkeun di ditu bae, sangkan dibayar ku urang ditu.

13Maneh teu meunang wewejang deui di dieu, di Betel. Di dieu mah tempat paragi raja ngajalankeun ibadah, tempat ibadah nasional!"

14Waler Amos, "Kaula lain nabi anu malar bayaran. Kaula saenyana tukang ngangon jeung tukang ngurus pelak kondang.

15Tapi ku PANGERAN dicandak tina pagawean ngangon, diparentah kudu ngemban pangandika-Na ka urang Israil.

16Ayeuna, reungeukeun ieu pangandika PANGERAN. Anjeun ngalarang kaula ngawejang, ngalarang kaula ngomongan urang Israil.

17Ku sabab kitu, Amasia, kieu pangandika PANGERAN perkara anjeun, ‘Pamajikan maneh bakal ngalacurkeun diri di jero kota. Anak-anak maneh awewe lalaki bakal tumpes ku perang. Lahan maneh bakal dibagi-bagikeun ka batur. Diri maneh bakal paeh di nagri nu nyarembah ka brahala. Urang Israil bakal diboyong ti nagrina.’"


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amos 7 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel