Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 31 >> 

1Kuring geus sumpah, jangji moal pelang-pelong ka mojang bari dilamun.

2Naon nu baris dipidamel ku Allah Nu Maha Kawasa? Baris kumaha ngabalesna kana kalakuan manusa?

3Sial jeung cilaka pasti ku Mantenna didatangkeun ka anu migawe dosa.

4Allah pasti uningaeun sagala kalakuan kuring, pasti ningalieun salengkah-lengkah kuring.

5Sumpah, kuring can kungsi boga lampah goreng, tara pangangguran tupa-tipu.

6Upama seug ku Allah ditimbang sing bener, moal teu kauninga yen kuring putih beresih.

7Lamun mengpar ti jalan nu bener, atawa ulad-elod kana kagorengan, lamun ieu leungeun lamokot ku masiat,

8daek tumpur pibuateun, atawa kop bahan pangan kuring beakkeun ku deungeun-deungeun.

9Lamun kuring mikabogoh pamajikan batur, jejengkean taang-toong di tukangeun pantona,

10pamajikan kuring mangka mangejokeun lalaki sejen, mangka hees jeung lalaki sejen.

11Lamun enya kuring boga kalakuan nista sarupa kitu dihukum pati ge kajeun.

12Kalakuan kitu sasat seuneu ngagegedur, seuneu naraka, nu baris malindes ngabasmi naon bae nu aya di kuring.

13Mun badega gegelendeng ka kuring, teu burung didenge, ditimbang kumaha layakna.

14Sabab lamun henteu kitu, na werat kuring ngadeuheus ka Allah? Kumaha nya pijawabeun lamun ku Mantenna dipariksa?

15Lantaran boh kuring boh badega, tunggal dadamelan Allah.

16Lebah kuring, ka nu miskin tara teu nolih, ka randa-randa anu sangsara tara teu mirosea,

17tara ngantep pahatu anu teu nyatu, paliyas makmak-mekmek sosoranganan.

18Saumur-umur, tuman nulungan nu kararitu.

19Lamun nenjo nu walurat henteu boga baju-baju acan,

20sok bae ku kuring mah dibere kaen wol, beunang nyieun tina bulu domba nu sorangan. Atuh mani bebeakan muji-mujina ka kuring.

21Lamun kuring kungsi nipu ka nu pahatu, pedah ujub dibawa ka pangadilan ge moal teu meunang,

22masing pingges ieu leungeun duanana, sing nepi ka sarengkleh ngaraplek.

23Paliyas boga kalakuan kitu, sieun disiksa ku Allah.

24Kabeungharan teu dijieun pananggeuhan,

25kamuktian teu dipake kaagulan.

26Tara muja ka cahya surya, tara munjung ka bulan purnama.

27Tara pirajeunan muja ka anu karitu ku cara nyium leungeun sorangan ciri yen muja ka nu karitu.

28Dosa nu sarupa kitu, manjing kana hukum pati, sabab mungkir ti Nu Maha Kawasa.

29Mun musuh nandang pakewuh, atawa kagirijig ku balai, haram lamun kuring bungah, paliyas kuring mupuas.

30Komo nepi ka ngamuga-muga sing paeh mah, paralun, dosa, kikituan teh, dosa!

31Ka jalma anyar pinanggih tara asa-asa ngaku, gandek-gandek kabeh oge nyarahoeun, tabeat kuring teh kitu.

32Nu keur nyaba kaburitan lebah imah kuring, geuwat disambat, disimpangkeun, da teu tega ngantep nepi ka hees di emper batur.

33Batur mah ari boga dosa teh disidem, kuring mah anggur balaka,

34rek pada ngomongkeun kitu ngomongkeun kieu, mangga teh teuing da rumasa, tinimbang bungkem atawa ngaringkeb maneh, dumeh sieun diera-era.

35Naha moal aya nu percaya ka ieu omongan kuring? Wani sumpah, kabeh ge eta teh enya, Allah Nu Maha Kawasa saksina. Lamun eta panuding-panuding lawan ka kuring ditulis, nepi ka katenjo ku panon kuring,

36rek disampaykeun dina taktak reujeung agul, malah rek diterapkeun dina sirah lir makuta.

37Eta sagala kalakuan kuring teh arek diunjukkeun ka Allah, tur ngunjukkeunana ge tangtu tatag sarta ludeung.

38Lamun aya lahan kuring nu beunang ngagasab, beunang papaksa ti nu bogana anu sah,

39atawa ngala ngadahar beunang batur melak, ari nu melakna kalaparan,

40sing tibalik, mun jagong sing jadi jarong, mun pare sing jadi eurih." Sakitu pokpokan Ayub.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 31 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel