Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 33 >> 

1Salajengna dangukeun ieu pihatur,

2sim kuring sumeja ngedalkeun eusi pikiran,

3anu medal tina ati sanubari, sanes bohong akon-akon.

4Roh Allah geus nyiptakeun kuring sarta maparin hirup ka kuring.

5Bisi bade ngawaler, ari iasa mah mangga, geura sayagi panakisna.

6Diri sim kuring sareng salira Pa Ayub, estu sami menggah di payuneun Allah, sami-sami sipat taneuh sareng lebu.

7Jadi Pa Ayub teu kedah risi-risi, da sim kuring mah teu gaduh niat ngelehkeun.

8Saur Pa Ayub tadi anu kakuping ku abdi:

9‘Kuring teu boga salah. Teu boga kaluluputan, taya dosa naon-naon.

10Tapi Allah teu kurang-kurang alesan keur nyilakakeun kuring, kuring teh dianggap musuh,

11suku diterapan rante, saincak saparipolah mani haben diawaskeun.’

12Ceuk sim kuring mah, Pa Ayub, eta teh lepat! Allah mah agungna ngungkulan umat manusa.

13Naha Pa Ayub nuding ka Allah, magar tara malire kana udah-aduhna manusa?

14Allah teh ngandikana ku rupi-rupi jalan, ngan urangna tara daek nolih kana sagala dawuhana-Na.

15Ari ngandika-Na, sakapeung dina impian atawa tetenjoan, sajeroning urang mondok.

16Pangersa-Na sangkan dawuhana-Na teh digugu, sangkan urang sieun kana panggeuing Mantenna,

17sangkan eureun tina migawe dosa, jeung sangkan ulah ieu aing.

18Allah mah tara kagungan niat nyilakakeun jalma, malah jalma teh diaping tina ancaman malakalmaot.

19Osok soteh meperih, maparin pepeling, jalma dipaparin gering, dipaparin kanyeri nu teu puguh rasakeuneunana.

20Keur gering mah tara hayang dahar-dahar acan, kajeun kana pangabeuki weleh henteu hayang bae.

21Awak jadi ngajangjawing, tinggal tulang tingtorelak,

22bari nunggu-nunggu dawuh geusan iang ka alam kubur.

23Tapi boa teuing aya malaikat Allah ti anu mangrebu-rebu, anu ngelingan ka eta nu gering sangkan inget kana kawajibanana,

24seug misaur bari pinuh ku kawelas, ‘Mugi eta jalmi dicageurkeun deui, ulah waka sina asup kana jero kubur, tah ieu kangge panebusna.’

25Seug nu gering teh neutneutan menyat, tanagana pulih deui, bedas deui cara keur ngora.

26Panedana ku Allah didangu, hatena bungah bisa deui muji ka Allah sagala lampahna ku Allah diloyogkeun ka nu bener.

27Seug balaka ka balarea, ‘Kuring teh jalma doraka, sagala kalakuan taya nu bener, tapi ku Allah teu weleh ditulung, dicageurkeun.

28Ku sih piwelas-Na kuring teu tulus asup ka kubur, bisa keneh gumelar di alam dunya.’

29Kitu mungguing Allah mah, nulung deui, nulung deui.

30Jalma teh ku Mantenna diraksa hirupna, sina bagja sina jamuga.

31Ayeuna, mugi Pa Ayub kersa ngabandungan deui pihatur sim kuring salajengna.

32Nanging bilih aya saurkeuneun mah saurkeun bae, atuh ari Pa Ayub nu leres, memang kitu utamina.

33Sawangsulna upami henteu, mangga bandungan, sim kuring sumeja mere pepeling, tina hal kabijaksanaan.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 33 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel