Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 35 >> 

1(35:1-2) Ngarasa bener di payuneun Allah teh lepat kabina-bina.

2(35:1)

3Ari Bapa dugi ka nyebatkeun, naon gunana kudu suci, naon untungna mun henteu migawe dosa.

4Kasauran Bapa, kitu deui kasauran sobat-sobat Bapa, ku sim kuring rek dijawab kieu:

5Tingali ka awang-awang, sakumaha luhurna mega?

6Upama Bapa-bapa midamel dosa, naon ngarugikeunana ka Allah? Upama Bapa-bapa seueur kaluluputan, naon matakna ka Mantenna?

7Sawangsulna upama Bapa-bapa midamel bener, na eta teh tiasa keur ngabantu ka Gusti Allah? Allah teh moal butuheun ku urang.

8Lampah urang boh hade boh goreng, untung rugina keuna ka papada manusa keneh.

9Jalma upama digencet sok lumengis ka batur hayang ditulung.

10Ari ka Allah anu ngajadikeunana teu inget-inget, tur Mantenna nu nguatkeun ana maranehna nandang sangsara.

11Teu inget-inget yen Allah geus maparin akal budi ka maranehna, sangkan punjul leuwih ti sato atawa manuk.

12Atuh najan gegerungan butuh ku pitulung oge, pamohalan ku Allah ditulung, lantaran nya angkuh nya jahat,

13sasambatna taya pedahna, pamohalan ku Anu Maha Kawasa ditolih.

14Bapa nyaurkeun majar teu ningali Allah. Antos sing sabar, perkara Bapa teh geus aya di Mantenna.

15Bapa ngira Allah moal ngahukum. Bapa ngira Allah kurang open kana dosa.

16Taya pedahna Bapa ngocoblak deui ge, da ucap-ucapan Bapa nyirikeun kurang wiwaha."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 35 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel