Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 7 >> 

1Hirup jalma lir prajurit nu dipaksa perang, lir kuli beurat ku gawe,

2lir budak beulian hayang manggih keur ngiuhan, lir pagawe nunggu-nunggu buruhan.

3Undur bulan cunduk bulan, diri samar menyat deui. Beurang deui peuting deui, bati peurih dina ati.

4Ari geus dug arek hees, waktu teh asa ngarayap, lelembutan sapeupeuting kumalayang, hayang buru-buru isuk.

5Awak digurumut ku bilatung, pinuh ku budug, kulit bareulah pinuh ku nanah.

6Poe-poe kuring nyerelek tanpa harepan, nyerelekna leuwih gancang ti batan lepasna toropong tinun.

7Duh Gusti Allah, umur abdi mung napas sarenghap, geus dikantun ku kabagjaan.

8Ayeuna katingali ku Gusti, nanging moal lami engke mah mun ku Gusti dipilari, abdi teh parantos sirna.

9(7:9-10) Jalmi mah ibarat mega, beuki ipis beuki ipis, les bae ngiles, ana maot moal balik-balik deui, musna tina ingetan sobat-sobat kawawuhan.

10(7:9)

11Ku sabab eta kuring moal rek ngabetem, lantaran pinuh ku kajengkel hate, pinuh ku kapeurih ati, rek nyoara bae.

12Na ku naon ku Gusti dugikeun ka diawas-awaskeun teuing? Mani sapertos ka mahluk sagara nu pikasieuneun bae!

13Ku hayang tiasa reureuh bari ngahenen ngagoler, hayang aya ubar nu bisa ngurangan ieu kanyeri.

14Ari ku Gusti kalah ka diudag-udag ku impian nu garoreng, dibebegigan ku titingalian pikasieuneun.

15Langkung sae cekek bae atuh abdi teh, paehan sakalian, tinimbang hirup dikieu-kieu.

16Abdi pasrah, parantos bosen hirup. Kantunkeun bae, da hirup ge taya hartosna.

17Kangge naon manusa teh sakitu ditalingakeunana, Gusti? Kangge naon satincak-tincakna hantem bae diawaskeun?

18Dilinglingan saban enjing, diuji satiap menit.

19Teu pisan dibere minge, henteu kaur neureuy ciduh-ciduh acan.

20Naha ngaraos rugi Juragan Sipir teh ku dosa abdi? Ku naon abdi dijieun bahan padamelan Gusti? Naha abdi teh kacida ngarepotkeunana ka Gusti?

21Naha leres dosa abdi teh parantos teu pantes kenging hampura? Naha leres kalepatan abdi moal dipaparin ampun? Sakedap deui ge abdi teh bakal ngagoler dina liang kubur, pamohalan ku Gusti kapendak deui."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 7 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel