Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 8 >> 

1(8:1-2) Bildad: "Anggeus meureun ayeuna mah, catur nu sakitu ngagelebugna teh!

2(8:1)

3Allah mah hamo nyimpang tina kaadilan, hamo salah ngalarapkeunana.

4Nu dorakana ka Allah teh moal salah deui, anak, nya tangtu dihukum, satimpal jeung pamolahna.

5Kari anjeun, matak naon lamun tobat, neda ampun ka Allah Nu Maha Kawasa.

6Asal bener Ki Sobat jujur beresih, piraku Allah teu kersa mitulung. Rumah tangga Ki Sobat tangtu dipulihkeun deui, minangka ganjaranana.

7Harta banda nu geus musna kaitung taya hartina, lamun dibanding jeung nu engke, nu baris dipaparinkeun deui ku Allah.

8Coba nyoreang heula ka anu barijaksana baheula, kana benerna pamanggih karuhun urang.

9Hirup urang keur mah pondok, turug-turug urangna ge henteu terang naon-naon, urang teh jeg kalangkang dina beungeut taneuh.

10Tapi tengetkeun ieu piwulang jalma-jalma bijaksana jaman baheula, regepkeun ieu nu rek dikedalkeunana,

11‘Jukut walini piraku jadi, saupama taya cai, da anu kitu mah moal hirup lamun lain di nu ledok.

12Ana cai enggeus garing, eta nu pangheulana perang, ngora-ngora keneh ge geus paeh, henteu kaburu diala.

13Jalma-jalma anu teu baroga Allah ge kitu, cara jukut walini tea, moal teuing kana menyat deui, dumeh mopohokeun ka Allah.

14Hirupna teh, lir nu nyukang dina benang, nete kana ramat lancah.

15Naon kakuatanana ramat, na bisa disarandean? Naon kakuatanana benang, naha beunang dipuntangan?’

16Hirupna jelema jahat, lir areuy salaleger kasorot ku panonpoe, mani nyayang nyaliara sabudeur kebon,

17akarna ngaranggeum batu, pageuh nyangkerem kana batu cadas.

18Tapi lamun geus dicabut, geus hamo kaciri urut-urutna acan.

19Ngan semet kitu kajayaan jelema jahat mah, terus musna, urutna diandih ku nu lian.

20Allah mah hamo nilarkeun jelema anu satuhu, hamo nulung ka jelema anu jahat.

21Ki Sobat ge tangtu ku Mantenna dijungjung deui, bisa seuri deui, bisa surak deui.

22Balikanan anu ngewa ka Ki Sobat, tinangtu nandang wiwirang. Pangancikan jalma jahat mah tinangtu musna."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 8 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel