Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Daniel 10 >> 

1Dina taun katilu Kores jumeneng raja Persia, Daniel, anu katelah Beltesasar tea, diebrehan deui pangandika. Eta pangandika teh ngeunaan perkara nu pijadieun saenyana, tapi hese pisan dihartikeunana. Kaalamanana ku Daniel dina hiji titingalian.

2Harita teh kaula keur tirakat meunang tilu minggu.

3Teu dahar nu ngeunah-ngeunah, teu dahar daging, teu nginum anggur, teu nyisiran, nepi ka tutup tilu minggu.

4Dina tanggal dua puluh opat bulan kahiji taun eta, kaula keur nangtung di sisi hiji walungan gede, Walungan Tigris.

5Ana tanggah, nenjo aya jelema, panganggona kaen lenen jeung make beubeur emas murni.

6Salirana cahayaan kawas permata. Rarayna gumebyar kawas cahaya kilat, socana ngagebur siga seuneu. Panangan jeung sampeanana gugurilapan kawas tambaga meunang ngagosok, soarana ngaguruh kawas sora rebuan jelema.

7Eta tetenjoan katenjona ngan ku kaula. Jelema-jelema sejen mah anu harita babarengan, teu narenjoeun naon-naon. Tapi maranehna lalumpatan terus nyarumput, bangun kacida sarieuneunana.

8Kari kaula bae sorangan, ngawas-ngawas eta tetenjoan anu ajaib. Tanaga musna, beungeut sepa pias nepi ka moal aya nu wawuheun.

9Komo barang ngadenge gentrana, leng bae katuralengan, terus ngarumpuyuk nyuksruk kana taneuh.

10Tuluy aya leungeun nyekel ka kaula, ngajungjungkeun nepi ka leungeun jeung tuur kaula kaangkat; kaula angger ngadaregdeg.

11Eta malaikat ngalahir, "Daniel, Allah asiheun ka maneh. Hudang, kami rek nyarita, regepkeun sing bener. Kami teh dipiwarang nepungan maneh." Sanggeus anjeunna sasauran kitu, kaula tuluy nangtung bari ngadaregdeg.

12Saurna deui, "Tong sieun, Daniel! Paneda maneh, ti poe mimiti keneh oge, ti barang maneh ngarendahkeun diri lantaran hayang jadi bijaksana, ku Allah enggeus didangu. Kami datang ayeuna, ngajawab paneda maneh.

13Kami dilawan ku malaikat pangawal karajaan Persia, nepi ka dua puluh hiji poe. Tapi datang Mikail, salah sahiji pamingpin malaikat, ngabantuan kami, da tadina kami ngan sorangan di Persia teh.

14Ayeuna kami datang supaya maneh bisa ngarti kana hal anu bakal kasorang ku bangsa maneh ka hareup. Tetenjoan anu ayeuna teh anyar, nembongkeun pikahareupeun."

15Sajeroning anjeunna ngalahir kitu, kaula mah ngeluk bae bari teu kecet-kecet.

16Eta malaikat, anu katembongna siga jelema, ngulurkeun pananganana nyabak biwir kaula. Tuluy kaula unjukan, "Juragan, ku ieu titingalan abdi dugi ka ngadaregdeg laleuleus,

17teu benten ti hiji jalma beulian di payuneun dununganana. Kumaha tiasana nyanggem ka Juragan? Karaosna laleuleus sareng areungap."

18Ceg Anjeunna nyepeng deui, seug karasa awak jadi kuat meueusan.

19Ari saurna, "Allah teh ka maneh asiheun. Teu kudu rentag, teu kudu sieun." Sanggeus anjeunna sasauran kitu, awak karasana beuki tambah kuat. Tuluy unjukan, "Kasauran Juragan matak teger. Mangga bade nyaurkeun naon?"

20(10:20-21) Ari lahiranana, "Nyaho naon cik sababna kami nepungan maneh? Arek nembongkeun ka maneh sakur anu geus ditulis dina Kitab Kayaktian. Ayeuna kami kudu balik deui, rek tarung jeung malaikat pangawal karajaan Persia. Sanggeus kitu baris datang malaikat pangawal nagri Yunani. Moal aya nu bakal nulungan kami, kajaba ti Mikail, malaikat pangawal Israil.

21(10:20)


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Daniel 10 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel