1Raja Ahasweros, ngeunakeun kerja paksa ka rahayat anu di daerah-daerah basisir karajaanana, kitu deui ka nu di daerah-daerah padusunan.
2Sagala padamelanana nu harebat sarta gagah, kitu deui salengkepna riwayat dijungjungna Mordekai kana pangkat anu agung, diserat dina kitab babad raja-raja Persia jeung Media.
3Mordekai, urang Yahudi tea, jadi jalma agung nu kadua ti Raja Ahasweros ku anjeun. Dipupunjung diagung-agung, dipikaresep ku sasama bangsa. Anjeunna geus barang damel pikeun kamaslahatan bangsana, kitu deui keur pirahayueun sakabeh turunanana.