Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ester 6 >> 

1Dina peutingna raja teu iasa kulem. Seug miwarang dipangaoskeun kitab babad karajaan.

2Pareng mendak laporan hal Mordekai ngalaporkeun anu rek nelasan raja, anu diniatan ku Bigtan jeung Teres, dua mantri purah jaga lawang kamar raja tea.

3Raja mariksa, "Naon ganjaran ka Mordekai kana jasana?" Wangsul abdi-abdi, "Sumuhun, teu diganjar naon-naon."

4Raja mariksa, "Saha pagawe kami anu ayeuna aya di karaton?" Kabeneran harita Haman sumping rek unjukan perkara rek ngagantung Mordekai tea, tur panggantunganana geus sadia.

5Atuh wangsul abdi-abdi teh, "Sumuhun Juragan Haman, nuju ngantos timbalan." Timbalan raja, "Sina asup."

6Haman lebet, raja mariksa, "Aya jelema anu ku kami wajib dibere nugraha, rek dijungjung sina dihormat-hormat luar biasa. Cik, kudu kumaha alusna?" Haman ngagerentes manahna, "Naha saha deui anu pantes dibere nugraha sakitu agungna? Tangtu aing."

7(6:7-8) Anu matak ngawalerna teh, "Kedah dianteuran anggoan karajaan anu sok dianggo ku Raja, sareng kuda kagungan Raja anu dipapaesan ku lambang-lambang karajaan.

8(6:7)

9Sina dangdos ku anggoan karajaan, didangdosanana ku hiji menak nu pangagungna, tumpakkeun kana kuda lajeng arak ngurilingan alun-alun nagara. Ti heulaeunana kedah aya menak anu ceceluk, ‘Kieu diagung-agungna, jalma anu ku raja dipaparin nugraha!’"

10Timbalan raja ka Haman, "Geuwat atuh eta anggoan kitu deui kudana cokot, anteurkeun ku maneh. Ieu nugraha bikeun ka Mordekai, urang Yahudi tea. Sakur anu bieu ku maneh ditataan, lampahkeun kabeh ku maneh, ulah aya nu kaliwat. Tepungan jelemana di gapura karaton."

11Tuluy Haman nyandak anggoan karajaan jeung kuda. Mordekai ku anjeunna didangdosan anggoan karajaan, terus tumpak kuda, diarak ngurilingan alun-alun nagara. Haman ceceluk heulaeun arak-arakan, "Kieu diagung-agungna, jalma anu ku raja dipaparin nugraha!"

12Sabadana, Mordekai mah balik deui ka gapura karaton, ari Haman gura-giru mulih ka bumi, bari meungpeunan pameunteu awahing ku ngaraos wirang.

13Pok wawartos ka garwa jeung rerencanganana. Ari ceuk garwa jeung rerencanganana anu palinter tea, "Atuh anjeun ngawitan eleh ku Mordekai. Urang Yahudi manehna teh, sarta anjeun moal bisa ngelehkeun. Pasti manehna malah anu ngelehkeun anjeun."

14Sabot keur salasauran kitu, daratang gandek-gandek karaton bangun gura-giru, mapag Haman kana pangangkir Ester.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ester 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel