Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Filipi 1 >> 

1Dumateng dulur-dulur sakumna umat Allah dina kasatunggalan jeung Yesus Kristus, para pamingpin jeung pangbantu jamaah di Pilipi. Sim kuring Paulus jeung Timoteus abdina Kristus Yesus, mangnedakeun aranjeun:

2Mugia aranjeun ginanjar rahmat rahayu ti Allah Rama jeung ti Gusti Yesus Kristus.

3Unggal inget ka aranjeun sim kuring sok muji sukur ka Allah.

4Kitu deui saban mangnedakeun aranjeun hate sok bungah,

5lantaran aranjeun geus mantuan sim kuring ngamajukeun Injil Kasalametan ti Allah, ti barang mimiti nepi ka ayeuna.

6Ku hal eta sim kuring yakin ieu pagawean anu diawitan ku Allah teh bakal tumuluy jeung bisa anggeus dina poean Gusti sumping.

7Munasabah perasaan sim kuring ka aranjeun kitu, sabab hate kacida cumantelna. Tur aranjeun geus mareunang kahormatan ti Allah saperti anu katarima ku sim kuring ayeuna di jero panjara jeung keur waktu bebas keneh, nya eta ngabela jeung nguatkeun eta Injil Kasalametan.

8Kacida tibelatna sim kuring ka aranjeun teh, lir tibelatna Kristus Yesus ku anjeun. Saestuna, Allah saksina!

9Didoakeun, aranjeun sing beuki gede kanyaah, sing tambah kaweruh anu sayakti, sing beuki bijaksana timbangan,

10supaya terang ka anu panghadena. Lamun kitu, engke dina poean Gusti sumping teh aranjeun mulus beresih taya cawadeunana,

11hirup pinuh ku sipat-sipat anu mulus, anu jadina ngan ku karana berkahna Yesus Kristus bae. Geus tangtu matak jadi puji jeung hormat ka Allah.

12Perlu aranjeun terang, sakur anu karandapan ku sim kuring teh malah ngalantarankeun eta wawaran hal Injil Kasalametan leuwih maju.

13Para pangawal karaton jeung urang ditu salian ti eta jadi nyarahoeun, yen nu matak sim kuring dipanjara teh dumeh jadi abdina Kristus.

14Jeung ku hal sim kuring dipanjara teh karereaanana dulur-dulur jadi leuwih yakin percayana ka Gusti, jeung jadi leuwih warani nguarkeun eta amanat Allah, teu risi-risi.

15Memang aya anu ngawawarkeunana hal Kristus teh kajurung ku hate sirik jeung hayang cekcok. Tapi karereaanana mah kajurung ku kaihlasan

16jeung ku kanyaahna, dumeh tarerangeun yen sim kuring keur ngalakonan papancen ti Allah ngabela eta wawaran.

17Ari nu ngawawarkeun lain kajurung ku maksud murni mah demi kapentingan pribadina, jeung ngarah sim kuring anu keur dipanjara tambah susah hate.

18Keun bae! Malah matak bungah, da boh ku nu kajurung ku kaiklasan boh ku nu boga maksud sejen, Kristus mah tetep dimashurkeun. Tur kabungah sim kuring moal semet kitu bae,

19sabab yakin ku pangdoa aranjeun jeung ku pitulungna Roh Yesus Kristus sim kuring bakal bisa bebas.

20Nu dicileuk jeung diharep teh hayang ulah gagal ngalakonan kawajiban. Unggal waktu, komo ayeuna, hayang wani ngamulyakeun Kristus sakuat jiwa raga, paeh paeh hirup hirup.

21Sabab naon saenyana ari hirup? Keur sim kuring mah hirup teh nya eta Kristus. Jadi lamun maot teh sim kuring mah ngarasa untung.

22Tapi upama hirup sim kuring di dunya bisa migawe hal-hal anu leuwih penting, sim kuring teu bisa milih.

23Dina hal ieu sim kuring asa dipagorenyangkeun ku dua kahayang. Aya hayang geura maot tuluy ngahiji jeung Gusti nu bakal leuwih nyenangkeun,

24aya hayang keneh hirup lantaran ras ka aranjeun.

25Tapi ceuk rarasaan mah yakin bakal hirup keneh jeung aranjeun, bisa keneh ngabantu ngamajukeun kapercayaan aranjeun sangkan aranjeun tambah ngarasa bagja.

26Jadi lamun engke urang babarengan deui, kaagul aranjeun ku sim kuring anu ngalantarankeun aranjeun bisa hirup ngahiji jeung Kristus Yesus teh beuki pantes karasana.

27Ayeuna mah sing cocog bae hirup aranjeun jeung pangajak wawaran hal Kristus tea. Rek bisa rek moal engke sim kuring nepungan, babakuna hayang ngadenge aranjeun pengkuh ngahiji jeung sauyunan ngadegkeun kapercayaan nurutkeun piwuruk eta wawaran.

28Ulah rempan ku lawan, teuneung terus, malar bukti maranehna nu bakal eleh, aranjeun nu bakal meunang ku pitulung Allah.

29Aranjeun dipaparin kahormatan ngawula ka Kristus teh lain semet kudu percaya, tapi oge kudu ngalakonan sangsara ku karana Anjeunna.

30Hayu ayeuna mah urang sabilulungan jeung sim kuring, perang ngabela hal anu diperjuangkeun ku sim kuring ti bareto nepi ka ayeuna, sakumaha anu kadarenge ku aranjeun.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Filipi 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel