Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Hosea 11 >> 

1PANGERAN ngandika, "Kami nyaah ka Israil ti bubudakna, ku Kami disaur sina kaluar ti Mesir, diaku anak.

2Tapi beuki sering disaur, beuki ngajauhan Kami, umat Kami anggur marere kurban ka Baal, ngarukus ka arca-arca dewa.

3Padahal Kami anu ngajar Israil leumpang. Umat Kami ku Kami dititimang, Kami nu ngarawatanana, tapi ku maranehna teu diaku.

4Maranehna ku Kami sok ditatangkeup, bakat ku deudeuh jeung asih. Ku Kami dijungjung diteueul-teueulkeun kana pipi. Kami dongko ngahuapan maranehna.

5Maranehna teh arembungeun balik ka Kami, ku sabab kitu rek disina baralik deui ka Mesir, jeung sina diparentah ku bangsa Asur.

6Kota-kotana sina kasapu ku perang, gapura-gapura kotana sina rarubuh. Eta perang bakal ngagempur umat Kami lantaran lampah maranehna sakarep-karep.

7Maranehna murugul naringgalkeun Kami. Maranehna bakal careurik lantaran diterapan nandang pasangan, tapi moal aya saurang ge nu bakal ngalaan pasanganana.

8Kumaha rek tega Kami ka maneh, Israil? Kumaha rek tega Kami ninggalkeun ka maneh? Na tega Kami numpes ka maneh cara ka Adma atawa migawe ka maneh cara ka Seboim? Hate Kami moal mikeun! Kaasih Kami ka maneh kacida gedena.

9Sakumaha Kami amarahna ge ka maneh, moal ngahukum. Kami moal deui-deui numpes ka Israil, karana Kami teh Allah, lain manusa. Ieu Kami Anu Maha Suci, seja reureujeungan jeung maraneh. Kami moal nemonan maraneh bari amarah.

10Umat Kami bakal naluturkeun ka Kami, saupama Kami geus ngagaur ka musuh-musuhna saperti singa. Maranehna bakal gagancangan muru Kami ti kulon.

11Ti Mesir maranehna bakal daratang, garancang tinanding manuk. Nu ti Asur garancangna tinanding japati. Kami rek mawa maranehna ka imah-imahna deui. Kami, PANGERAN, geus ngandika."

12PANGERAN ngandika, "Urang Israil geus ngalingkung Kami ku bohong jeung tipu, sarta urang Yuda tetep keneh ngaralawan ka Kami, Allah nu suci tur satia.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Hosea 11 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel