Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Hosea 9 >> 

1Eh urang Israil, geura eureunan pesta-pesta cara adat bangsa sejen teh! Maraneh geus naringgalkeun Allah, teu satia ka Mantenna. Di sakuliah nagri maraneh ngajarual diri ka Dewa Baal, cara awewe palacuran, jeung sarenang hate nampa gandum anu majar buruhan ti eta dewa.

2Tapi sakeudeung deui maraneh bakal kakurangan gandum jeung minyak jetun, sumawonna anggur mah moal aya.

3Urang Israil moal tumuluy ngarancikna di tanah nu ti PANGERAN, bakal baralik deui ka Mesir. Ari nu di Asur bakal kapaksa ngadahar anu diharamkeun.

4Di nagri-nagri asing maranehna moal bisa ngabaktikeun anggur ka PANGERAN, pamohalan bisa ngabaktikeun kurban ka Mantenna. Anu didalaharna matak najis ka sing saha nu ngadaharna, cara kadaharan anu didahar dina upacara nguburkeun. Dahareunana ngan cukup keur nyocokan lapar maranehna sorangan, saeutik ge moal bisa dibawa pikeun dibaktikeun di Bait Allah.

5Jadi lamun geus waktuna ngayakeun pesta-pesta agama pikeun ngamulyakeun Allah, rek kumaha pipetaeun maranehna?

6Lamun eta bahla geus datang, jalma-jalma bakal paburisat, tapi ku urang Mesir bakal disaksrak jeung dikumpulkeun — dikumpulkeun, baris tuluy dikalubur di Mempis! Pependeman perakna, kitu deui urut paimahan maranehna bakal kalindih ku jujukutan jeung rungkun-rungkun cucuk.

7Waktu pikeun ngahukum geus datang, geus waktuna eta jalma-jalma teh narima anu satimpal jeung kalakuanana. Lamun eta geus kajadian, kakara ku Israil bakal karasa! Ceuk maraneh, "Ieu jelema anu kasurupan teh teu eling, nabi gelo." Maraneh sakitu ijidna ka kami, lantaran dosa maraneh kacida gedena.

8Kami teh diutus ku Allah, jadi nabi, pikeun ngelingan Israil, umat-Na. Tapi ka mana ge kami leumpang ku maraneh ditaheunan kawas manuk. Sakieu di tanah kagungan Allah, nabi-nabi dianggap musuh.

9Kajahatan maranehna geus pohara, sarua jeung kalakuanana waktu maratuh di Gibea. Dosana bakal diemutkeun pisan ku Allah sarta tangtu bakal dihukum.

10PANGERAN ngandika, "Basa Kami mimiti manggihkeun Israil, Kami mani asa nimu buah anggur di gurun keusik. Barang mimiti papanggih jeung karuhun maneh, mani asa nenjo buah kondang anu asak pangheulana. Tapi sanggeus maranehna narepi ka Gunung Peor, maranehna mimiti ngabarakti ka Dewa Baal, jadi pikaijideun cara dewa-dewa pujaanana.

11Kamulyaan Israil bakal kabur saperti manuk leupas; awewe-awewena moal aya anu reuneuh, moal aya barudak lahir.

12Di ayana ge budak anu dijurukeun, ku Kami tangtu dirampas, moal aya anu dihirupan. Cilaka ieu umat lamun ku Kami geus ditinggalkeun."

13Nun PANGERAN, kacipta ku abdi anak-anak maranehna diboro sapertos sato, teras diparaehan.

14Naon anu kedah disuhunkeun ku abdi ka Gusti kangge ieu jalmi-jalmi? Langkung sae para wanitana sina garabug, sina ulah barisaeun nyusuan orokna!

15PANGERAN ngandika, "Sagala kajahatanana dimimitianana teh di Gilgal. Nya di dinya Kami mimiti ijid ka maranehna. Ku sabab kacida jarahatna, ku Kami rek diusir ti tanah Kami. Kami moal mikarunya deui. Para pamingpinna kabeh geus ngaralawan ka Kami.

16Urang Israil ibarat tangkal anu akarna geus garing, hamo baruahan. Hamo maranehna baroga anak. Sanajan upama boga, kajeun sakumaha dipikanyaahna, ku Kami tangtu dipaehan."

17Allah anu ku kaula dikawulaan rek miceun umat-Na, lantaran teu narurut ka Mantenna. Maranehna bakal ngumbara di bangsa-bangsa sejen.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Hosea 9 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel