Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ibrani 9 >> 

1Perjangjian anu kahiji ngabogaan aturan-aturan ibadah, jadi kudu aya tempat ibadah anu dijieun ku manusa.

2Seug nyieun kemah, anu bagian hareupna disebut Tempat Suci. Di dinya aya suku lampu jeung meja anu diteundeunan roti haturkeuneun ka Allah.

3Tukangeun reregan anu kadua aya rohangan anu disebut Kamar Pangsucina.

4Di eta rohangan aya altar emas paranti ngukus seuseungitan, aya Peti Perjangjian anu dilapis ku emas tempat nyimpen: buli-buli emas anu dieusi manna, teteken Harun anu geus sirungan, jeung dua papan batu anu ditulisan sapuluh parentah Allah.

5Di luhur eta peti aya tiruan dua mukarabin, nya eta mahluk jangjangan, pikeun ngalambangkeun kahadiran Allah, jangjangna sina meber mayungan tempat paranti ngahampura dosa. Sakitu bae kateranganana, moal diwincik terus.

6Kitu diaturna eta tempat teh. Saban poe imam-imam arasup ka eta kemah, tapi ngan nepi ka bagian hareupna, netepan kawajibanana.

7Anu meunang asup ka bagian pangjerona ngan Imam Agung, eta ge ngan sataun sakali. Asupna mawa getih sanggakeuneun ka Allah, pikeun nebus dosana heula terus nebus dosa jalma rea anu dilampahkeun teu karasa.

8Maksud Roh Suci ngatur kitu teh ngajar, supaya jalma-jalma tarerang yen salila kemah bagian luar aya keneh, Kamar Pangsucina moal waka dibuka.

9Ieu ngagambarkeun kaayaan jaman ayeuna. Tegesna, sagala pangbakti jeung kurban-kurban sato teh henteu bisa dipake nyampurnakeun hate jelema anu ngabaktina,

10sabab anu dibaktikeunana ngan rupaning kadaharan, inuman jeung rupa-rupa upacara nyucikeun. Eta kabeh ngan aturan-aturan lahir, lakuna ngan nepi ka datangna waktu Allah ngayakeun parobahan anyar.

11Tapi Kristus geus sumping, jadi Imam Agung tina hal-hal anu hade, tur eta anu harade teh geus aya. Kemah tempat Anjeunna netepan kawajiban leuwih agung, leuwih sampurna, lain beunang nyieun manusa, lain ti ieu dunya nu beunang nyipta.

12Kristus lebetna ka Kamar Pangsucina ngan sakali tapi pikeun salilana. Waktu lebet henteu nyandak getih embe jalu atawa getih anak sapi haturkeuneun ka Allah. Anu dicandak-Na getih salira-Na ku anjeun, anu ngalantarankeun urang bisa disalametkeun keur salalanggengna.

13Getih embe, getih sapi jalu jeung lebu anak sapi anu dijieun kurban beuleuman, dikepret-kepretkeun ka jelema anu ceuk aturan agama jelema kotor, supaya kokotor dirina leungit beresih.

14Lamun getih jeung lebu sato tea bisa ngaberesihkeun kokotor diri manusa, geus komo deui getih Kristus! Ku jalan Roh anu langgeng Kristus ngurbankeun salira-Na ku anjeun ka Allah, jadi kurban anu sampurna. Getih Anjeunna ngaberesihkeun batin urang tina hal-hal anu taya mangpa’atna, nepi ka urang bisa ngabakti ka Allah anu jumeneng.

15Ku hal eta, Allah ku jalan Kristus ngadamel perjangjian anu anyar, supaya sakur anu geus disaur ku Mantenna bisa nampa berkah-berkah langgeng beunang nyayagikeun Mantenna. Pang bisa kitu lantaran aya nu geus ngurbankeun nyawa nya eta Kristus, nu matak manusa bisa leupas tina kasalahan-kasalahanana anu dipigawe dina jaman perjangjian nu kahiji.

16Dina hal surat warisan kudu sidik heula yen anu nyieunna geus maot.

17Sabab sapanjang nu nyieunna hirup keneh mah surat warisanana tacan laku, lakuna lamun nu nyieunna geus maot.

18Eta sababna perjangjian Allah nu kahiji oge kudu disahkeun ku getih.

19Prakna kieu: Mimitina Musa nerangkeun heula sakabeh parentah Allah nu aya dina Kitab Hukum Agama. Geus kitu nyandak getih anak sapi jeung getih embe jalu dicampur cai, dikepret-kepretkeun kana Kitab Hukum jeung ka sakabeh urang Israil. Ngepretkeunana make jukut hisop jeung bulu domba beunang ngabeureuman,

20bari saurna, "Ieu getih dipake ngukuhkeun perjangjian Allah anu kudu ditarurut ku maraneh."

21Eta getih dikepretkeun oge kana Kemah Tepangan jeung kana sakabeh parabot ngabakti, prakna kitu keneh.

22Memang, nurutkeun Hukum Agama Yahudi, meh sagala rupa disucikeun ku getih, dosa oge bisa dihampura lamun geus aya getih anu ngocor kaluar.

23Kitu petana nyucikeun barang-barang anu ngalambangkeun hal-hal anu di sawarga. Ngan ari hal-hal anu di sawarga mah perlu ku kurban anu leuwih utama.

24Kristus henteu lebet ka Kamar Pangsucina anu dijieun ku jelema, anu ngan jadi lambang ti anu sajatina. Kristus mah lebet ka sawarga pisan, ngadeuheus ka Allah jadi wawakil urang.

25Imam Agung urang Yahudi saban taun kudu asup ka Kamar Pangsucina di Bait Allah mawa getih sato. Ari Kristus mah henteu kitu, jeung henteu nepi ka sababaraha kali ngurbankeun deui salira-Na,

26sabab lamun kitu, atuh ti sajleg aya dunya teh tangtu geus kacida seringna nandang kasangsaraan. Kapan geus bukti ayeuna, dina jaman ieu anu tereh beak, Anjeunna sumpingna teh ngan sakali jeung keur salalanggengna, nyingkirkeun dosa ku jalan ngurbankeun salira-Na ku anjeun.

27Saban jelema kudu maot ngan sakali, tuluy dibawa ka pangadilan Allah.

28Kristus oge kitu, ngan sakali pupus, ngurbankeun salira-Na pikeun nebus dosa-dosa manusa. Anjeunna bakal sumping deui kadua kalina, lain rek nanggung deui dosa, tapi rek nyalametkeun jelema-jelema anu keur ngadarago sumping-Na.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ibrani 9 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel