Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kejadian 39 >> 

1Geus dicaritakeun yen Yusup ku kaom Ismail dibawa ka Mesir, terus digaleuh ku Potipar, kapala kawal karaton.

2Tapi Yusup disarengan ku PANGERAN, sagala lampahna mulus. Ari cicingna di gedong juraganana, urang Mesir tea.

3Juraganana geus waspada yen Yusup ditangtayungan ku PANGERAN, da sagala cabakna ngan kabiruyungan bae.

4Ngagandekna ku Potipar kaanggo pisan, nepi ka diangkat jadi purah ngurus gedong katut eusina sapuratina.

5Ti semet diurus ku anjeunna rajakaya jeung harta banda eta urang Mesir teh aya berkah ti PANGERAN, boh nu aya di gedong boh nu aya di kebon.

6Saniskara urusan ku Potipar diselehkeun ka Yusup, anjeunna mah geus tara pipilueun, iwal ti urusan tuangeun keur salirana. Ari Yusup nya kasep nya tegep dedeganana.

7Lila-lila geureuha juraganana kapincut, ka Yusup rajeun melong, tungtungna waleh, saurna, "Urang ngedeng jeung kami."

8Ku Yusup ditolak, saurna, "Abdi ku juragan pameget parantos dipercanten ngurus gedong saeusina, anjeunna mah tara milu-milu uninga. Sagala kagunganana sina diurus ku abdi.

9Sagala rupi di ieu gedong dikawasakeun ka abdi, teu aya anu diulahkeun, lintang ti ka juragan istri, geureuhana. Paliyas abdi ngabales ku lampah anu sakitu kotorna tur matak dosa ka Allah."

10Unggal-unggal poe eta istri teh ngagoda bae, tapi Yusup tagen teu kasasarkeun, pangajak juragan istri teu didangu.

11Ari dina hiji poe, waktu Yusup rek nedunan papancen, di gedong teh sepi teu aya sasaha.

12Gep juragan istri ngajewang ka Yusup kana anggoanana, sarta saurna, "Sok, urang ngedeng jeung kami." Yusup nerejel terus lumpat kaluar, kari raksukanana bae dicecepeng ku juragan istri.

13Barang eling yen keur nyenyepeng eta raksukan sarta Yusupna lumpat,

14juragan istri ngagorowok ka pagawe-pagawe gedong. Ti dinya saurna, "Deuleu ieu! Juragan pameget ngasupkeun eta urang Ibrani ka gedong, kari-kari eta jelema teh jadi kurang ajar. Bieu asup ka kamar kami, ngajak serong. Kami jejeritan.

15Ku sabab kami jejeritan, manehna ngagurinjal terus kabur kaluar. Ieu bajuna, katinggaleun di gigireun kami."

16Eta raksukan ku anjeunna disimpen nepi ka juragan pameget sumping.

17Nyariosna ka carogena oge kawas tadi bae, saurna, "Eta badega Akang, urang Ibrani tea anu ku Akang dicandak ka gedong, tadi asup ka kamar abdi bari teu uni, niatna ngaheureuyan ka abdi.

18Ku margi abdi jejeritan, manehna kabur kaluar, papakeanana tinggaleun di kamar."

19Dunungan Yusup pohara benduna.

20Yusup ku anjeunna ditangkep terus diselehkeun ka panjara, paranti ngabui sakitan-sakitan anu dihukum ku raja.

21Tapi Yusup ditangtayungan ku PANGERAN nepi ka jadi kanyaah sipir, meunang kurnia,

22dipercaya ngurus sakitan-sakitan sejenna. Yusup enya-enya pisan ngajalankeun papancenna.

23Sipirna mah geus tara nyaho-nyaho, kabeh kumaha Yusup bae, tina katembong mulus sagala lampahna, lantaran ditangtayungan ku PANGERAN.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kejadian 39 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel