Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kejadian 6 >> 

1Manusa geus mencar ka mana-mana, sarta barudak awewe geus lalahir.

2Aya sawatara urang putra-putra surgawi anu barogoheun ka eta barudak awewe, kawantu gareulis. Tuluy bae nyarokot hiji sewang, sakabogohna-sakabogohna.

3Ngandika PANGERAN, "Jelema-jelema teh ku Kami moal sina hirup sapapanjangna. Kabehanana sipat pipaeheun. Ti semet ayeuna umurna moal sina leuwih ti 120 taun."

4Di jaman eta, malah sanggeus jaman eta oge, di ieu bumi teh loba jelema raksasa, turunan manusa awewe jeung putra-putra surgawi tea. Eta raksasa-raksasa teh baheula jaradi jelema anu kacida garagahna tur kamashur.

5Ana PANGERAN uninga yen tiap manusa di dunya geus sakitu jarahatna, sarta pipikiranana salawasna pohara kalotorna,

6Mantenna ngaraos hanjakal geus ngadamel sarta merenahkeun maranehna di bumi. Ku hanjakal-hanjakalna,

7Mantenna ngalahir kieu, "Eta umat ciptaan Kami teh mending dibasmi ku Kami, kitu deui sasatoan jeung manuk. Kami hanjakal geus nyieun maranehanana."

8Tapi ari ka Enoh mah PANGERAN misuka.

9(6:9-10) Ieu carita Enoh. Anjeunna kagungan tilu putra, Sem, Ham jeung Yapet. Di jaman anjeunna harita, ngan anjeunna jelema nu hade teh. Hirupna rumaket ka Allah.

10(6:9)

11Salian ti anjeunna mah kabeh oge goreng katingalina ku Allah, katelengesanana geus sumebar ka mana-mana.

12Dunya teh ku Allah diteuteup, tetela geus ruksak, kawantu kalakuan jelema-jelemana geus raruksak kabeh.

13Ngandika Allah ka Enoh, "Kami geus nyieun putusan, jelema teh kabeh rek dianggeuskeun umurna. Rek ditumpes sama sakali, sabab dunya teh geus dedet ku kalakuan maranehanana anu telenges.

14Maneh kudu nyieun kapal tina kai kibeusi, kamar-kamarkeun, lampudan luar jerona ku ter.

15Ukuran panjangna eta kapal 133 meter, rubakna 22 meter, luhurna 13 meter.

16Kudu make hateup, jeung sisi-sisina bere antara 44 sentimeter. Jieun tilu umpakan, sisina pantoan.

17Ieu bumi ku Kami arek dibasmi ku caah. Sakur mahluk anu kumelip arek ditumpes.

18Tapi ka maneh mah Kami seja mere jangji. Maneh saanak pamajikan jeung minantu-minantu, kudu asup ka eta kapal.

19(6:19-20) Bawa deuih saban rupa golongan sasatoan, masing-masing hiji jaluna, hiji bikangna; kitu keneh manuk, supaya karaksa.

20(6:19)

21Bebekelan ulah kari, keur maneh jeung sasatoan."

22Eta timbalan Allah ku Enoh dijalankeun.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kejadian 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel