Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Keluaran 2 >> 

1Aya hiji jelema kaom Lewi, nikah ka hiji istri sakaom keneh.

2Seug eta istri ngalahirkeun hiji anak lalaki. Orokna teh teuing ku kasep, tuluy disumputkeun. Sanggeus meunang tilu bulan,

3orok teh geus teu bisa disumput-sumput deui. Tuluy dipangnyieunkeun kandaga tina wawalinian, dibalur ku ter supaya teu asup cai. Sok orok teh diasupkeun kana eta kandaga, tuluy diteundeun di sisi walungan, di antara jujukutan anu jarangkung.

4Ceuceuna ngawaskeun ti kajauhan hayangeun nyaho kumaha orok teh pijadieunana.

5Putri raja sumping arek ngebak di walungan, inang-inangna leuleumpangan turut-turut sisi. Ret putri ningali aya kandaga di bunian ku jujukutan, seug dipiwarang dicandak.

6Kandaga dibuka, eusina orok. Orok teh gogoaran, putri ngahelas pok sasauran, "Tangtu ieu teh orok urang Ibrani."

7Torojol ceuceu eta murangkalih marek ka putri tuluy miunjuk, "Kumaha upama ku abdi dipangmilariankeun awewe urang Ibrani anu nuju nyusuan?"

8"Enya, jig," waler putri. Leos nyi lanjang indit, teu lila geus datang deui jeung ibuna murangkalih tea.

9Saur putri, "Pangnyusuankeun ieu orok, engke ku kami digajih." Murangkalih ku ibuna dibawa mulang, dirorok sakumaha biasa.

10Sanggeus rada ageung disanggakeun ka putri. Ku putri diangken putra. Ceuk putri dina manahna, "Ieu budak ku kami dibedol ti cai. Ngaranna kudu Musa."

11Dina hiji poe sanggeus akil baleg Musa angkat nepangan bangsana, urang Israil. Katingalieun yen bangsana sakitu diteungteuinganana, digawekeun sakitu beuratna. Malah katingalieun aya urang Israil, bangsa anjeunna, anu dipaehan ku urang Mesir.

12Musa luak-lieuk. Sanggeus tetela yen moal aya anu nangenan, habek urang Mesir teh ku anjeunna dipaehan, mayitna diruang dina keusik.

13Poe isukna anjeunna ka dinya deui. Beh ningali dua jelema papada urang Israil keur garelut. Ku anjeunna dipisah, nu salahna dielingan, "Ku naon ka bangsa sorangan mahala?"

14Eta jelema nambalang, "Na maneh teh dunungan kami? Rek jadi hakim? Rek maehan deuih ka kami, cara kamari maehan urang Mesir?" Musa ngagebeg sarta ceuk panggalihna, "Ana kitu perkara aing kamari maehan teh geus kautara!"

15(2:15-16) Eta warta kadangu ku raja, seug raja ihtiar arek nelasan Musa. Tapi Musa ngejat manten ka tanah Midian, sarta rek terus matuh di ditu. Dina hiji poe Musa keur calik deukeut hiji sumur. Torojol aya mojang tujuhan, putra-putra imam di Midian anu jenenganana Yitro. Eta mojang-mojang tuluy narimba ngareusian jolang, rek nginuman domba-domba jeung embe-embe ramana.

16(2:15)

17Torojol deui tarukang ngangon lalaki, mojang-mojang teh disuntrung-suntrungkeun. Ku Musa dibelaan, angonanana sina ngarinum.

18Ti dinya mojang-mojang teh baralik. Ku ramana dipariksa, "Sinarieun bisa tereh baralik?"

19Tembalna, "Dibantuan ku hiji urang Mesir, anu ngabelaan ngalawan tarukang ngangon, mangnimbakeun, sareng manginumankeun ingon-ingon urang."

20Saur ramana, "Di mana ayeuna jelemana? Ku naon ditaringgalkeun? Teang, sina ka dieu urang ajak dahar."

21Musa kersaeun diandeg sarta terus matuh. Saterusna ku Yitro ditikahkeun ka Sipora, putrana,

22seug puputra, lalaki. Saur Musa sajeroning manah, "Aing di dieu teh ngumbara. Jadi ieu budak ngaranna kudu Gersom."

23Geus kitu lawas ti lawas raja Mesir pupus. Tapi urang Israil mah angger bae ripuh, mani tingjarerit menta tulung, sasambat ka Allah.

24Ku Allah kadangu sarta Mantenna emuteun kana perjangjiana-Na ka Ibrahim, Ishak, jeung Yakub.

25Kasangsaraan urang Israil ku Mantenna katingali sarta diperhatoskeun.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Keluaran 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel