Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Keluaran 21 >> 

1"Bikeun ieu papakon ka urang Israil:

2Lamun maraneh meuli jelema bangsa Ibrani pikeun jadi badega, eta jelema ngabadegana kudu genep taun. Dina taun katujuhna kudu dimerdikakeun, teu kudu mayar naon-naon.

3Lamun keur waktu dibeulina tacan kawin, kaluarna kudu mawa dirina bae. Tapi lamun keur dibeulina geus boga pamajikan, kudu dimerdikakeun jeung pamajikanana.

4Lamun bogana pamajikan teh dikawinkeun ku dununganana, sarta boga anak awewe lalaki, anu dimerdikakeun teh manehna bae, anak pamajikanana mah boga dununganana.

5Tapi lamun eta badega teh nyebutkeun nyaah ka dununganana, pamajikanana jeung ka anak-anakna sarta embungeun dibebaskeun,

6ku dununganana kudu dibawa ka tempat paranti ngabakti, tekenkeun ceulina kana panto atawa kana tihangna tuluy tiir, tanda yen jadi badega dununganana saumur hirup.

7Badega awewe anu dijual ku kolotna ulah dibebaskeun, teu cara badega lalaki.

8Lamun dijualna terus dipibojo ku dununganana, upama dununganana geus teu resepeun, kudu dijual deui ka bapana, teu meunang dijual ka jalma sejen, sabab ari kitu mah neungteuinganan.

9Lamun aya anu meuli badega awewe seug dijodokeun ka anakna, hakna eta badega kudu disaruakeun jeung anakna anu awewe.

10Anu enggeus boga pamajikan, lamun boga pamajikan hiji deui, hak pamajikanana anu kahiji kitu deui sandang panganna, teu meunang kurang, kudu angger saperti samemehna.

11Lamun eta kawajiban teu dicumponan, pamajikanana kudu dibebaskeun, sarta salakina teu meunang nyieun parurugi naon-naon."

12"Anu ngarogahala nepi ka paeh kudu dipaehan.

13Tapi lamun maehanana teh geus tariking cilaka, lain ku karana niat, kudu kabur ka hiji tempat. Pitempateunana ku Kami bakal diayakeun.

14Sabalikna lamun maehanana ku karana amarah atawa neuteuli, sanajan kabur kana altar Kami kudu dipaehan.

15Anu neunggeul ka bapa atawa ka indung kudu dipaehan.

16Anu nyulik, boh keur jualeun boh keur badega sorangan, kudu dipaehan.

17Anu nyumpahan ka bapa atawa ka indung kudu dipaehan.

18(21:18-19) Lamun aya anu gelut, pek anu saurang neunggeul make batu atawa nonjok lawanna, teu nepi ka paeh ngan nepi ka matak ngalonjor di enggon, jeung bisaeun deui leuleumpangan di luar sanajan bari kundang iteuk, anu neunggeulna henteu manjing disiksa, tapi kudu ngurus jeung kudu ngongkosan diubaranana nepi ka cageurna.

19(21:18)

20Lamun aya dunungan neunggeul make panggebug ka badega lalaki atawa ka badega awewe nepi ka paeh di dinya keneh, pasti kudu dibales.

21Lamun badegana tea hirup keneh nepi ka tilu poe, dununganana teu kudu dibales, da eta badega teh duitna.

22Upama aya anu garelut sababaraha urang, heug anu saurang neunggeulna teh kalepasan keuna ka wanita anu eukeur kakandungan nepi ka kakandunganana kaluron, lamun awewena teu nepi ka kumaonam, nu kalepasan neunggeulna kudu didengda, sapamenta salakina kudu ditedunan, sarta mayarna kudu disaksian ku nu wajib.

23Sabalikna lamun awewena nepi ka kumaonam, anu kalepasan neunggeul teh katempuhan: Nyawa bayar nyawa,

24mata bayar mata, huntu bayar huntu, leungeun bayar leungeun, suku bayar suku,

25tutung bayar tutung, bohak bayar bohak, benjut bayar benjut.

26Lamun dunungan neunggeul kana panon badega anu lalaki atawa anu awewe, nepi ka panonna teu bisa dipake, badegana kudu dimerdikakeun, gaganti panonna.

27Atawa upama neunggeulna kana huntu nepi ka punglak, badegana tea kudu dimerdikakeun, gaganti huntuna."

28"Lamun sapi hiji jelema neunggar jelema sejen nepi ka jelemana paeh, sapina kudu dipaehan, benturan ku batu, dagingna teu meunang didahar. Anu bogana kudu dihukum.

29Tapi lamun sapina memang galak sok teuteunggar bae, jeung nu bogana teu beunang diingetan, sapina diantep dikencar nepi ka neunggar jelema datang ka paeh, sapina kudu dipaehan, benturan ku batu, nu bogana ge kudu dipaehan.

30Tapi upama anu bogana dimeunangkeun nebus nyawana sorangan, nya kudu mayar sakumaha gedena oge.

31Upama neunggarna ka budak, lalaki atawa awewe, katangtuan hukumna sarua jeung eta.

32Lamun neunggarna ka badega, lalaki atawa awewe, nu boga eta sapi kudu mayar ka dunungan eta badega tilu puluh uang perak, sapina paehan.

33Upama aya sapi tigebrus kana lombang lantaran tutup lombangna aya anu ngangkat, atawa lantaran aya anu nyieun lombang teu ditutupan,

34anu boga gawena kudu ngagantian ku duit ka nu bogana, sapi paehna meunang dicokot ku manehna.

35Lamun sapi si Anu neunggar sapi batur nepi ka paeh, sapi anu hirup keneh kudu dijual ku duaan, duitna bagi dua, sapi paehna peuncit, dagingna bagi dua.

36Tapi lamun sapi anu maehanana tea memang harak ka nu sejen jeung ku nu bogana diantep bae dikencar, kudu dibikeun ka anu paeh sapina, sapi paehna ajang manehna."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Keluaran 21 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel