Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Keluaran 27 >> 

1"Kudu nyieun hiji altar tina kayu pilang, pasagi, panjangna jeung rubakna masing-masing 2,2 meter, jangkungna 1,3 meter.

2Dina opat juru luhurna kudu make tatandukan dihijikeun kana altarna. Altar katut tatandukanana saluluar kudu dilapis ku tambaga.

3Kudu nyieun dulangna pikeun wadah lebu, sosodokna, bokor-bokor, garpuhna, jeung piring-piringna pikeun wadah ruhak. Kabeh dijieunna kudu ku tambaga.

4Kudu nyieun panggarangan tina tambaga, unggal juruna kudu diceulian keur cecekel tina tambaga.

5Teundeun eta panggarangan handapeun biwir altar, beungeut luhurna kudu nepi ka satengahna tina jangkungna altar.

6Kudu nyieun rancatan altar tina kayu pilang anu dilapis ku tambaga.

7Corokkeun rancatanana kana ceuli altar dua beulahanana lamun eta altar rek dipindahkeun.

8Altarna dijieunna ku papan dikolowongkeun, sakumaha anu ku Kami diterangkeun ka maneh di gunung."

9"Kemah Tepangan Kami teh kudu make palataran anu dikubeng ku reregan tina lenen anu lemes. Panjang reregan palataran sisi kidul kudu 44 meter,

10dipasangna kana dua puluh tihang tambaga anu masing-masing make tatapakan tambaga. Kakait tihangna jeung papalang-papalangna tina perak.

11Latar sisi kaler oge sarua kudu kitu.

12Reregan palataran sisi kulon panjangna 22 meter, tihangna sapuluh, tatapakanana sapuluh.

13Palataran sisi wetan, anu aya lawangna, rubakna 22 meter.

14(27:14-15) Reregan kenca katuhueun lawangna masing-masing 6,6 meter, tihangna tilu-tilu, tatapakanana tilu-tilu.

15(27:14)

16Reregan lawangna panjangna kudu 9 meter tina lenen lemes anu ditinun jeung benang wol warna biru, wungu, jeung beureum, jeung kudu disulam, tihangna opat, tatapakanana opat.

17Tihang-tihang anu ngurilingan palataran kudu disambungkeun ku papalang-papalang tina perak, kakait-kakaitna tina perak, tatapakan-tatapakanana tambaga.

18Ukuran palataran panjangna kudu 44 meter, rubakna 22 meter, luhurna 2,2 meter. Rereganana kudu lenen lemes, tatapakanana tambaga.

19Paparabotan anu dipake di jero Kemah, kitu deui pancuh-pancuh Kemah jeung pancuh-pancuh palataranana kabeh tambaga."

20"Parentahkeun ka urang Israil kudu marere minyak jetun anu pangherangna, pikeun ngaminyakan palita di Kemah, supaya bisa diseungeut unggal peuting.

21Eta palita di Kemah Tepangan Kami anu pernahna di luareun reregan hareupeun Peti Perjangjian, diseungeutna kudu ku Harun saanak-anak. Seungeut eta palita payuneun Kami, kudu hurung terus ti sore nepi ka isuk. Ieu kamistian kudu dijalankeun sapapanjangna ku urang Israil turun-tumurun."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Keluaran 27 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel