Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Keluaran 31 >> 

1PANGERAN nimbalan ka Musa,

2"Kami geus milih hiji jelema ti kaom Yuda, ngaranna Besalel bin Uri, incu Hur,

3dieusian pangawasa Kami, dibere pangarti, kaahlian, jeung pangabisa kana juan-jieun rupa-rupa barang seni,

4mahir ngareka-reka jeung migawe barang-barang karajinan tina emas, perak, jeung tambaga;

5mahir meulah inten, ngukir kayu, kitu deui sarupaning barang-barang seni.

6Pikeun batur digawena ku Kami geus dipangmilihkeun Oholiab bin Ahisamak ti kaom Dan. Malah jalma-jalma ahli karajinan anu sejen oge ku Kami geus dibere pangabisa anu punjul, sina nyarieun naon bae sakur anu ku Kami diparentahkeun kudu dijieun, nya eta:

7Kemah Tepangan Kami, Peti Perjangjian katut tutup pangrapihna, barang-barang perhiasan Kemah,

8meja sapuratina, suku palita sapuratina tina emas murni, altar pangukusan,

9altar kurban beuleuman sapuratina, jolang katut dadamparna,

10pakean agung imam pikeun Harun jeung anak-anakna parantina ngimaman,

11minyak pangistrenan, jeung seuseungitan anu arum pikeun di Kamar Suci. Dijieunna ku maranehna teh kabeh kudu cocog sakumaha anu ku Kami geus diandikakeun ka maneh tea."

12PANGERAN nimbalan ka Musa

13supaya misaur ka urang Israil, "Maraneh kudu ngagumatikeun poe Sabat, poe reureuh Kami, karana eta poe teh jadi tanda di antara Kami jeung maraneh turun-tumurun, anu nandakeun yen maraneh geus dipilih dijieun umat Kami.

14Ieu poe reureuh teh suci, ku maraneh kudu disucikeun. Saha-saha anu henteu ngestokeun, saha-saha anu barang gawe dina poe eta, kudu dipaehan.

15Pikeun maraneh barang gawe teh genep poe. Poe nu katujuh poe reureuh anu hidmat anu kudu dibaktikeun ka Kami. Saha bae, anu barang gawe dina poe eta kudu dipaehan.

16Poe Sabat ku urang Israil kudu digumatikeun, karana eta teh tanda tina perjangjian tea,

17tanda anu tetep antara urang Israil jeung Kami. Karana Kami, PANGERAN ngajadikeun langit jeung bumi di jero genep poe, ari dina poe nu katujuh Kami reureuh, liren tina sagala damel."

18Sanggeus ngadawuh ka Musa di Gunung Sinai, Allah ka Musa maparinkeun dua papan batu tea, anu dieusi ku papakon-papakon kenging nyeratkeun Allah ku manten.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Keluaran 31 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel