Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kisah Para Rasul 11 >> 

1Beja yen aya anu lain bangsa Yahudi narampa pangandika Allah geus nepi ka rasul-rasul, jeung geus nyebar ka anu geus palercaya di sakuliah Yudea.

2Waktu Petrus sumping ka Yerusalem, anjeunna dipaduan ku jelema-jelema anu disunat, pokna,

3"Ku naon anjeun dugi ka natamu ka bangsa anu henteu disunat, malah tuang sasarengan jeung maranehna?"

4Ku Petrus dicarioskeun hal ihwalna, ditetek ti barang mimiti, saurna,

5"Kaula meunang tetenjoan di Yopa sabot keur sembahyang. Aya anu diturunkeun ti langit siga lawon rubak ditalian opat juruna, diulur nepi ka deukeut kaula.

6Ku kaula ditempo, eusina rupa-rupa sato ingu jeung sato leuweung, sato-sato nu ngarayap, jeung manuk-manuk haram.

7Tuluy kaula ngadenge aya soara ngalahir ka kaula, ‘Geura cengkat, Petrus, eta peuncit, tuluy dahar!’

8Walon kaula, ‘Paliyas, Gusti! Abdi tara neda barang haram atanapi anu najis!’

9Tapi eta soara teh ngalahir deui ti langit, ‘Anu geus dihalalkeun ku Allah ku maneh ulah diharamkeun!’

10Kitu jeung kitu bae nepi ka tilu kali, tungtungna eta barang teh kabeh ditarik deui ka langit.

11Sawaktu pisan jeung eta aya tilu jelema daratang ka imah anu dianjrekan ku kaula, utusan ti Kesarea seja ka kaula.

12Kaula didawuhan ku Roh Suci yen kudu milu jeung maranehna, ulah asa-asa. Kaula milu indit, dibaturan ku urang Yopa genepan anu geus palercaya. Datang ka Kesarea tuluy sarerea asup ka imah Kornelius.

13Kornelius nyarita yen meunang tetenjoan, aya malaikat ngadeg di imahna, ngalahir kieu, ‘Maneh geura ngajurungan jelema ka Yopa, angkir jelema anu ngaran lengkepna Simon Petrus,

14anu bakal nepikeun pangandika pisalameteun maneh sakulawarga.’

15Sanggeus kaula medar perkara eta, Roh Suci lungsur ka maranehna, cara ka urang basa mimiti narima tea.

16Ras kaula inget ka anu dilahirkeun ku Gusti, nya eta, ‘Yohanes ngabaptisna ku cai, ari maraneh mah bakal ngabaptis ku Roh Suci.’

17Tetela Allah ku manten anu maparinkeun eta kurnia ka maranehna teh, cara ka urang bareto basa urang mimiti percaya ka Gusti Yesus Kristus. Ku sabab kitu pimanaeun kaula bisa nyegah pangersa Allah!"

18Sanggeus meunang katerangan kitu, anu nyaralahkeun ka anjeunna teh tungtungna mah maruji ka Allah, pokna, "Leres upami kitu mah, sanes bangsa Yahudi ge ku Allah dipaparin kasempetan tobat sareng hirup anu sajati."

19Para panganut Yesus anu diudag-udag basa Stepanus dipaehan tea, papencarna aya anu nepi ka Penesia, Siprus, jeung Antioki. Di ditu tetep nguarkeun pangandika Allah ka urang Yahudi deui.

20Tapi aya anu asalna ti Siprus jeung Kirena daratang ka Antioki nguarkeun Injil Kasalametan hal Gusti Yesus ka nu lain urang Yahudi,

21tur disarengan ku kakawasaan Gusti, nepi ka loba pisan anu tuluy palercaya, aranut ka Anjeunna.

22Tuluy eta hal kabejakeun ka jamaah di Yerusalem, anu terus ngutus Barnabas ka Antioki.

23Barnabas kacida bingaheunana ningali maranehanana sakitu diberkahanana ku Gusti. Maranehna ku anjeunna dipeupeujeuhan supaya enya-enya satia satuhu ka Gusti.

24Barnabas jalma berbudi, manahna pinuh ku Roh Suci, kacida percayana ka Gusti, nepi ka loba anu katarik aranut ka Gusti.

25Ti dinya Barnabas ngalayad Saulus ka Tarsus.

26Saulus dicandak ka Antioki, kumpul jeung jamaah di dinya sataun campleng lilana bari ngawulang ka jalma rea. Jalma-jalma panganut Yesus mimitina disarebut "Urang Kristen" teh nya didinya, di Antioki.

27Sawaktu keneh jeung eta aya sawatara nabi ti Yerusalem sarumping ka Antioki.

28Nabi anu jenenganana Agabus ngaramal ku pangdorong Roh Allah, saurna bakal aya bahla kalaparan di sakuliah dunya. (Ramalanana teh enya ngabukti, kajadian dina jaman pamarentahan Prabu Klaudius.)

29Ku sabab kitu para panganut Yesus di Antioki rempug rek arudunan sakamampuhna masing-masing, sumbangkeuneun ka dulur-dulur sakapercayaan di Yudea.

30Sanggeus duitna kumpul, tuluy ngutus Barnabas jeung Saulus pikeun nyerenkeun eta duit sumbangan ka pangurus jamaah di Yudea.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kisah Para Rasul 11 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel