Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kisah Para Rasul 19 >> 

1Waktu Apolos di Korinta, Paulus mah ngideran pilemburan di wewengkon eta, ti dinya tuluy sumping ka Epesus. Di Epesus mendak sawatara jelema anu geus palercaya ka Yesus.

2Ku anjeunna dipariksa, "Ti saparantos palercaya, kumaha aranjeun parantos narampi Roh Suci?" Jawabna, "Nguping oge nembe yen aya Roh Suci."

3Paulus mariksa deui, "Aranjeun dibaptis ku baptisan naon?" "Sumuhun baptisan Yohanes," jawabna.

4Saur Paulus, "Baptisan Yohanes mah baptisan pertobat. Ari anjeunna nyaurkeun yen urang Israil kedah percaya ka anu bakal sumping pandeurieunana; nya eta ka Yesus."

5Sanggeus meunang katerangan kitu, seug maranehna kabeh dibaptis ku pajenengan Gusti Yesus.

6Sanggeusna ku Paulus ditarumpangan panangan, seug nararima Roh Suci, tuluy mimiti ngaromong ku rupa-rupa basa jeung nyaturkeun pangandika Allah.

7Jumlah maranehna kira-kira dua belas urang.

8Paulus lebet ka imah ibadah, mituturan urang dinya kacida wanina nepi ka tilu bulan, sateka-teka ngayakinkeun ka maranehna hal Karajaan Allah.

9Tapi aya anu baredegong jeung arembungeun percaya, ngagogoreng kana ajaran rancangan Allah enggoning nyalametkeun manusa ku jalan Gusti Yesus ka jalma rea. Anu matak Paulus terus nyingkah ti maranehna, nyandak anu geus palercaya, ngawulangna ngalih ka rohangan perpustakaan Tiranus. Saban poe

10kitu bae nepi ka dua taun, datang ka urang Yahudi jeung bangsa sejen di sawewengkon Asia kabeh ngadarenge perkara pangandika Allah.

11Pangeran nembongkeun mujijat-mujijat luar biasa ku jalan Paulus.

12Nepi ka salempay atawa beulitan urut Paulus lamun dibawa ka nu gering, panyakitna terus undur, roh jahat ge terus nyingkah.

13Aya sawatara dukun urang Yahudi anu sok ngider ka ditu ka dieu, wawanianan nyebut jenengan Gusti Yesus ka anu kasurupan roh jahat, pokna, "Demi jenengan Yesus anu diuarkeun ku Paulus, maneh setan geura nyingkah!"

14Anu karitu teh tujuh jalma padudulur, anakna Skewa, Imam Agung.

15Tapi roh jahatna nembalan kieu, "Aing ka Yesus wawuh, ka Paulus nyaho, ka maraneh mah aing teu nyaho!"

16Seug jelema anu kasurupanana teh nubruk ka maranehna terus ngekeyek, nepi ka maranehna raripuh, lulumpatan bari tararanjang, papakeanana rarangsak, awakna raruksak, raraheut.

17Terus kautarakeun ka urang Yahudi jeung ka bangsa sejen anu araya di Epesus, nepi ka sarieuneun, sarta pajenengan Yesus beuki seungit.

18Loba anu geus palercaya tuluy ngawakcakeun kalakuanana anu enggeus-enggeus ka umum.

19Loba deui anu tadina jaradi tukang sihir ngumpulkeun kitab-kitab paririmbonna, tuluy didaruruk kasaksian ku sarerea. Lamun diitung-itung harga eta kitab-kitab teh kabeh pangaji lima puluh rebu uang perak.

20Pangandika Gusti gancang pisan nerekabna jeung nepi ka nyilepkeun nu sejen-sejen.

21Sabada kajadian eta, Paulus aya manah seja ngalayad ka Makedoni jeung Ahaya, terus rek ka Yerusalem. Jeung saurna, "Sanggeus ti dinya, kaula oge perlu ka Rum."

22Memeh angkat, anjeunna ngutus heula rerencanganana, Timoteus jeung Erastus sina ti heula ka Makedoni, sabab anjeunna mah rek rada lila keneh calikna di Asia.

23Nya dina mangsa eta di Epesus aya huru-hara gede tina sabab pangajaran hal Gusti Yesus.

24Sabab di dinya aya hiji tukang karajinan perak, ngaranna Demetrius, nu sok nyieunan kukuilan Dewi Artemis. Usahana kacida nguntungkeunana ka buruh-buruhna.

25Manehna ngumpulkeun babaturanana papada tukang karajinan perak, tuluy ngomong kieu, "Batur-batur! Ieu usaha urang teh kacida nguntungkeunana.

26Kari-kari, aranjeun oge tangtu moal bireuk deui ka jelema ngaran Paulus, anu nyebutkeun yen piraku aya dewa dijieun ku jelema. Loba pisan anu geus kagendam nepi ka palercaya kana omonganana, lain di Epesus bae, tapi meh di sakuliah Asia.

27Ieu kacida ngabahyakeunana, palangsiang pacarian urang kubra. Malah boa-boa kuil Dewi Agung Artemis oge cambal moal dipupunjung deui, kaagungan dewi pupujan sa-Asia jeung saalam dunya teh palangsiang bakal musna!"

28Ngadarenge kitu teh maranehna kacida arambekeunana, tuluy raong, "Hirup Dewi Artemis, pupujan urang Epesus!"

29Buriak budal nyieun rusuh di sakuliah kota. Malah terus newak Gayus jeung Aristarkus urang Makedoni, rencang nyaba Paulus, disered ka gedong kasenian, jalma-jalma abrul-abrulan.

30Paulus rek muru, tapi dipegatan ku murid-murid.

31Gegeden-gegeden kota oge, anu sawareh mah geus nyobat ka anjeunna, wariat saur supaya anjeunna ulah nemonan ka gedong kasenian.

32Di eta gedong kasenian jalma-jalma teh raribut teu puguh dengekeuneunana, ceuk ieu kieu, ceuk itu kitu, kawantu lolobana mah teu nyarahoeun naon tujuanana nu matak ka darinya.

33Aya deui nu nyarangka, yen ulon-ulon karusuhan teh Aleksander, pedah eta disurung-surungkeun ku urang Yahudi sina ka hareup. Ari Aleksander tuluy pepeta ku leungeunna menta supaya jarempe, karepna rek ngabela diri.

34Tapi barang jalma rea taregeseun yen manehna urang Yahudi, ger bae ngageder, "Agung Artemis, dewi urang Epesus!" Kitu bae terus nepi ka dua jam.

35Ahirna bisa oge direpehkeun ku panitera kota. Pokna, "Dulur-dulur! Urang Epesus geus euweuh nu bireuk deui, kota Epesus teh purah ngariksa kuil Dewi Artemis jeung batu suci anu ragrag ti langit,

36taya nu bisa ngabantah. Ku sabab kitu coba rarepeh, ulah gagabah teu paruguh.

37Ieu dua jelema disered ka dieu, padahal teu ngarampog kuil-kuil, teu ngagogoreng ka dewi urang.

38Upama Demetrius jeung babaturanana rek ngadakwa jelema, atuh kudu ka pangadilan, kantor pangadilan unggal poe oge muka.

39Upama rek menta diurus perkara sejen, dibereskeunana kudu dina musawarah umum anu baku.

40Kajadian poe ieu kacida ngabahyakeunana. Urang bisa dikelakkeun nyieun huru-hara, taya alesan pikeun bisa dibenerkeun!"

41Geus kitu jalma-jalma teh dibubarkeun.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kisah Para Rasul 19 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel