Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kisah Para Rasul 23 >> 

1Paulus neuteup Mahkamah, pok sasauran, "Saderek-saderek Israil! Kaula lumampah di payuneun Allah teh terus jeung ati sanubari anu mulus, nepi ka wanci ieu."

2Kakara sakitu nyariosna, Imam Agung Ananias geus nimbalan ka anu narangtung deukeut Paulus supaya nyabok Paulus.

3Tapi saur Paulus, "Eh, tembok nu dikapur! Anjeun engke dicabok ku Allah! Anjeun diuk di dinya teh ongkoh rek mariksa perkara kaula nurutkeun Hukum Musa, tapi anggur ngarempak eta Hukum, nitah nyabok ka kaula!"

4Nu dareukeut ka Paulus ngaromong ka anjeunna, "Maneh nyarekan Imam Agung, imam Allah!"

5Waler Paulus, "Saderek-saderek Israil! Kaula teu terang yen anjeunna Imam Agung. Leres ceuk Kitab Suci oge, ‘Maneh ulah nyapa ka pamingpin bangsa.’"

6Katingali ku Paulus yen Mahkamah teh saparo urang Saduki, saparo urang Parisi. Tuluy anjeunna sasauran bedas ka Mahkamah, "Saderek-saderek Israil! Kaula teh urang Parisi, turunan Parisi. Kaula dijonghokkeun di dieu teh pedah percaya sareng ngarep-ngarep kana pihudangeunana anu maraot!"

7Barang anjeunna nyaurkeun kitu, urang Parisi jadi cekcok jeung urang Saduki, Mahkamah jadi midua.

8(Sababna, urang Saduki teu percayaeun yen aya kiamat, malaikat, jeung sukma, urang Parisi mah percaya yen eta nu tilu perkara teh aya.)

9Mahkamah patorong-torongna beuki tarik. Urang Parisi nu jaradi guru agama narangtung, tuluy ngabantah kieu, "Ceuk kaula, ieu jelema taya kasalahanana! Kawasna enya aya roh atawa malaikat anu sasauran ka manehna!"

10Ku lantaran Mahkamah jadi hog-hag, panglima inggiseun bisi Paulus dipagorenyangkeun. Gancang marentah serdadu-serdaduna tarurun ngabedol Paulus ti tengah Mahkamah, kudu diasupkeun deui ka jero benteng.

11Peutingna Gusti ngadeg nembongan ka Paulus, terus ngalahir, "Ulah sieun! Maneh geus mertelakeun hal Kami di dieu, di Yerusalem. Engke di Rum oge kudu kitu."

12Poe isukna aya urang Yahudi karumpul nyieun sakongkol, nyarumpahan maneh moal dahar moal nginum memeh bisa maehan Paulus.

13Jelemana aya opat puluh urang leuwih.

14Ngadareuheus ka imam-imam kapala jeung ka para kokolot, kieu ngaromongna, "Kuring sadaya parantos ikrar moal dahar moal nginum memeh bisa maehan Paulus.

15Bapa-bapa sareng rengrengan Mahkamah kedah nyuhunkeun Paulus ka panglima, pura-pura bade dipariksa deui anu langkung taliti. Memeh dongkap ka dieu bade diusahakeun dipaehan di tengah jalan."

16Tapi eta maksud jahat teh kadengeeun ku hiji budak lalaki putra saderek Paulus istri, anu terus ka benteng bebeja ka Paulus.

17Paulus nyaur hiji perwira sina mangunjukkeun eta budak ka panglima. Saurna, "Pangdeuheuskeun ieu budak ka panglima, bade aya anu diunjukkeun."

18Ku eta perwira dideuheuskeun ka panglima, diunjukkeun kieu, "Sakitan Paulus nyalukan ka abdi, miwarang ngadeuheuskeun ieu budak, bade aya piunjukna ka Bapa."

19Eta budak ku panglima ditungtun, dicandak paduduaan tuluy dipariksa, "Aya naon?"

20Tembalna, "Nun, gegeden Yahudi parantos mupakat enjing bade nyuhunkeun supados Paulus dicandak ka Mahkamah, bade pura-pura dipariksa deui anu langkung taliti.

21Mugi ulah dipercanten! Margi sayaktosna Paulus bade dipaehan di tengah jalan ku jalmi-jalmi opat puluh urang langkung. Eta jalmi-jalmi parantos sarumpah moal dahar moal nginum memeh tiasa maehan anjeunna. Maranehna ayeuna parantos taki-taki, kantun ngantos dirujukan ku Juragan."

22"Ulah bebeja ka saha-saha yen maneh geus unjukan ka kami," saur komandan bari miwarang eta budak sina balik.

23Panglima nyaur dua perwira, lahiranana, "Sadiakeun serdadu dua ratus, pasukan kuda tujuh puluh, pasukan tumbak dua ratus. Engke peuting pukul salapan inditkeun ka Kesarea.

24Sadiakeun kuda keur Paulus tuluy anteurkeun ka Gupernur Peliks."

25Geus kitu eta komandan pasukan ngadamel surat, unina:

26"Konjuk Anu Mulya Gupernur Peliks. Sinarengan serat ieu, Klaudius Lisias ngahaturkeun salam kawilujengan.

27Unjuk uninga, ieu jalmi ditangkep ku urang Yahudi sareng bade dipaehan. Kabujeng direbut ku sim kuring sareng pasukan, reh kenging wartos eta jalmi teh warga karajaan Rum.

28Ku margi hayang terang sabab-musababna pang dikitukeun ku urang Yahudi, nu mawi teras ku sim kuring dibantun ka Mahkamah Agama Yahudi.

29Anu kapendak ku sim kuring, asalna teh tina papaduan perkawis hukum maranehna. Teu aya dosana anu manjing hukum pati atanapi manjing hukum panjara.

30Sarehing mendak wartos yen bade dipaehan ku jalmi-jalmi anu parantos sakongkol, enggal bae dikintunkeun ka dieu. Dupi anu bade merkarakeunana ku sim kuring dipiwarang ka darieu ngunjukkeun pakelakanana ka payuneun Gupernur."

31Saluyu jeung parentahna, peutingna Paulus ku pasukan serdadu dianteurkeun nepi ka Antipatris.

32Bray isuk, pasukan leumpang baralik deui ka benteng, anu terus ngawal Paulus pasukan kuda.

33Nepi ka Kesarea surat disanggakeun ka gupernur, Paulus diserenkeun.

34Gupernur ngaos surat, ti dinya mariksa ka Paulus asal ti kagupernuran mana. Sanggeus kauninga yen ti Kilikia,

35gupernur ngalahir, "Maneh engke ku kami dipariksa sanggeus anu rek ngadarakwa ka maneh daratang." Geus kitu anjeunna marentah supaya Paulus ditahan jeung dijaga di kantor gupernuran.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kisah Para Rasul 23 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel