Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kisah Para Rasul 5 >> 

1Aya hiji jelema ngaran Ananias jeung bojona ngaran Sapirah, ngajual tanahna saluwuk.

2Tapi beubeunanganana henteu diserenkeun kabeh ka rasul-rasul, ditahan sawareh disalingkuhkeun keur dirina sorangan, sailon jeung bojona.

3Pilahir Petrus ka Ananias, "Ananias, ku naon kawujuk ku Iblis nepi ka wani ngabohong ka Roh Suci? Ku naon duit beubeunangan ngajual tanah teh disalingkuhkeun sawareh?

4Memeh dijual eta rajakaya teh boga maneh, sanggeus dijual, duitna hak maneh keneh. Jadi ku naon nepi ka boga pikiran milampah saperti kitu? Maneh ngabohong teh lain ka manusa, enyana mah ka Allah!"

5Barang ngadenge lahiran kitu, bluk Ananias tibeubeut, paeh pisan. Eta kajadian estu matak gimir sakur nu ngadenge.

6Jol barudak ngora, mayit Ananias diboehan tuluy digotong ka luar dikuburkeun.

7Heuleut tilu jam datang bojona, teu nyahoeun ka nu anyar kajadian.

8Ku Petrus dipariksa, "Duit bebeunangan maneh jeung salaki ngajual tanah teh bener sakieu kabehna?" "Leres, sakitu sadayana," jawabna.

9Pilahir Petrus, "Ku naon maneh jeung salaki nepi ka wani ngadoja ka Roh Allah? Tuh di lawang, anu tas nguburkeun salaki maneh kakara daratang rek ngagotong mayit maneh!"

10Bluk Sapirah tibeubeut harita keneh, terus paeh. Barudak ngora tea arasup, nyampak Sapirah geus jadi mayit, tuluy digarotong ka luar, dikuburkeun gigireun kuburan salakina.

11Ngadarenge aya kajadian kitu, jamaah jeung salian ti eta jadi kacida sarieuneunana.

12Kaajaiban jeung kaahengan anu diayakeun ku rasul-rasul teh loba-loba deui. Kumpulan anu palercaya sering karumpul di Tepas Suleman.

13Jalma-jalma sejen kacida marujina, ngan taya anu wanieun campur.

14Tapi anu palercaya ka Gusti saban poe nambahan bae awewe lalaki.

15Rasul-rasul pada mupusti, nepi ka loba anu marawa anu garering ka sisi jalan, dikedeng-kedengkeun dina bale-bale atawa dina samak, maksudna asal bisa kakalangkangan bae ku Petrus ari anjeunna ngalangkung.

16Loba jelema ti kota-kota sakurilingeun Yerusalem anu daratang marawa anu garering atawa anu kaganggu ku roh jahat, kabeh dicalageurkeun.

17Tungtungna Imam Agung jeung ihwan-ihwanna nya eta jalma-jalma golongan Saduki timbul dengkina, arek ngaganggu.

18Rasul-rasul ditangkep, diasupkeun ka panjara umum.

19Tapi peutingna panto-panto panjara teh dibuka ku malaikat Pangeran, rasul-rasul dituyun ka luar jeung dilahiran kieu,

20"Terus bae ka Bait Allah, embarkeun ka jalma rea pangandika hal hirup anyar."

21Rasul-rasul tumut, subuh-subuh lebet ka Bait Allah tuluy ngawulang. Imam Agung jeung ihwan-ihwanna nyaur para kokolot Yahudi ngayakeun sidang, tuluy nimbalan ngala rasul-rasul ti panjara sangkan dibawa ka hareupeun Mahkamah.

22Tapi barang piwarangan nepi ka panjara, rasul-rasul teh geus teu araya, tuluy diunjukkeun ka Mahkamah,

23"Pangberokan teh kasampak ku abdi-abdi ngonci pageuh keneh, nu jaraga narangtung payuneun panto, nanging barang pantona dibuka di lebet parantos teu aya saha-saha!"

24Imam-imam kapala jeung kapala pangawal Bait Allah kacida karageteunana, teu ngalartieun ku rasul-rasul pang kajadian kitu.

25Tuluy aya anu unjukan, "Jalmi-jalmi anu diberok teh parantos aya di Bait Allah nuju ngawulang!"

26Kapala pangawal indit jeung bawahanana ngala rasul-rasul. Tapi teu wanieun keras-keras sieuneun dibaledogan ku batu ku jalma-jalma.

27Rasul-rasul dideuheuskeun ka Mahkamah. Ku Imam Agung dipariksa.

28Saurna, "Maraneh geus dilarang keras teu meunang ngajar mawa ngaran eta jelema! Tapi kumaha? Angger bae ngaliarkeun pangajaran kitu di sakuliah Yerusalem, rek neumbleuhkeun ka pihak kami perkara paehna eta jelema!"

29Waler Petrus sarencang-rencang, "Sim kuring sadaya ngaraos wajib tunduk ka Allah ti batan ka manusa.

30Allahna karuhun urang parantos ngahirupkeun deui Yesus anu ditelasan ku Juragan-juragan, dipaku dina kayu salib.

31Anjeunna ku Allah parantos dijungjung, dijenengkeun Pamingpin sareng Jurusalamet, baris mingpin urang Israil kana pertobat supados kenging panghampura dosa.

32Eta sagala perkawis teh sim kuring sadaya saksina, sareng Roh Suci anu ku Allah dikurniakeun ka unggal jalmi anu anut ka Yesus."

33Sakumna anggota Mahkamah kacida geregeteunana, meh bae rasul-rasul teh diparaehan.

34Tapi aya hiji urang Parisi guru agama, anu kacida dihormat-hormatna ku sakumna rahayat, jenenganana Gamaliel. Anjeunna ngadeg, mundut ka sidang supaya rasul-rasul dikaluarkeun heula.

35Geus kitu anjeunna nyarios, "Para saderek, urang Israil! Sing sabar mutus perkarana eta jalmi-jalmi teh.

36Tangtos para saderek aremut keneh ka Teodas, anu ngaku-ngaku jadi jelema luar biasa dugi ka gaduh panganut kinten-kinten opat ratus urang, nanging tungtungna dipaehan, para panganutna bubar, gerakanana kubra.

37Saparantos eta, waktos di urang aya cacah jiwa, jol deui Yudas urang Galilea, anu tiasa ngicuk-ngicuk rahayat seueur pisan; nanging eta oge tungtungna dipaehan, para panganutna bubar.

38Nyonto kana eta kajadian, sim kuring seja ngahaturanan nasehat, sawios eta jalmi-jalmi teh ulah dikieu-kieu. Upami paniatan atanapi gerakanana teh timbulna tina cita-cita manusa tangtos gagal.

39Sawangsulna upami leres kalayan kersaning Allah, mustahil tiasa dibasmi, malah ahirna urang sorangan anu ngalawan ka Allah!" Nasehat Gamaliel ku Mahkamah katarima.

40Rasul-rasul disalaur deui, sarta sanggeus dirangket jeung diancam teu meunang nyebut-nyebut deui jenengan Yesus, tuluy dibebaskeun.

41Rasul-rasul kalaluar ti Mahkamah, kalayan senang manah dumeh ngaraos geus dilayakkeun ku Allah kenging panghina ku karana jenengan Yesus.

42Aranjeunna saban-saban poe teu eureun-eureun ngawuruk, boh di Bait Allah boh di imah somah-somah, ngawawarkeun Injil Kasalametan hal Yesus Jurusalamet.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kisah Para Rasul 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel